Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Didikan bisa ngabingbing budak ibarat kamudi nu ngajaga parahu tetep aya dina jalurna

KEUR INDUNG BAPA

6: Didikan

6: Didikan

NAON HARTINA?

Ngadidik téh hartina ngabingbing atawa ngajar, kaasup mapatahan budak. Tapi, seringna mah éta téh ngamaksudkeun ngalatih budak sangkan miboga prinsip nu hadé. Jadi ti mimiti, manéhna bisa nyieun putusan nu bener.

KU NAON PENTING?

Ka dieunakeun, sababaraha kolot tara mapatahan budakna lantaran sieun budakna jadi minder. Tapi sabenerna, bijaksana lamun kolot nyieun aturan nu asup akal jeung ngalatih budakna pikeun nurut kana aturan éta.

”Budak butuh watesan supaya engkéna jadi jalma déwasa nu boga sipat alus. Mun teu dididik, budak bakal siga parahu nu euweuh kamudina. Éta parahu bisa nyimpang, malahan mah tibalik.”​—Pamela.

NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?

Omongan Sadérék kudu bisa dicekel. Lamun budak teu nurut kana aturan, hukuman kudu tetep dijalankeun. Tapi lamun budak nurut, Sadérék ogé kudu muji manéhna.

”Mun budak nurut, abdi sok muji manéhna, sualna ayeuna mah jarang jalma-jalma nu daék nurut téh. Lantaran dipuji, budak jadi leuwih daék ngadéngékeun waktu dipapatahan.”​—Christine.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Naon anu ku urang dipelakan, eta nu kaala hasilna.”​—Galata 6:7.

Kudu asup akal. Pikirkeun umur, kamampuh, jeung gedéna kasalahan budak. Mun budak nyieun salah, alusna mah hukumanana téh nu aya patalina jeung kasalahan. Misalna, lamun budak ngalanggar aturan kolot ngeunaan handphone, hukumanana téh teu meunang ngagunakeun handphone pikeun sababaraha waktu. Tapi, kolot gé ulah ngagedé-gedékeun masalah nu leutik.

”Abdi biasana ningali heula, naha manéhna téh ngahaja nyieun salah atawa mémang can ngarti. Aya bédana antara sipat goréng nu kudu dipiceun jeung kasalahan nu cukup ku dipapatahan wungkul.”​—Wendell.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Kolot-kolot ulah nganyenyeri hate anak, bisi anak reuntas hatena.”​—Kolosa 3:21.

Kudu nyaahan. Budak leuwih gampang narima jeung ngalarapkeun didikan kolotna lamun nyaho yén kolotna ngalakukeun éta lantaran nyaah ka manéhna.

”Waktu budak nyieun kasalahan, abdi ngomong yén salila ieu abdi bungah lantaran manéhna geus jadi budak bageur. Tuluy abdi ngajelaskeun yén nyieun kasalahan téh lain hartina manéhna jadi budak bangor, asal manéhna daék dipapatahan. Kolot gé pasti mantuan.”​—Daniel.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Kanyaah teh sabar jeung alus budi.”​—1 Korinta 13:4.