Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Cita-cita téh ibarat gambar rancangan. Ku upaya, hidep bisa ngawujudkeunana

KEUR BUDAK NGORA

12: Cita-Cita

12: Cita-Cita

NAON HARTINA?

Cita-cita téh lain saukur impian atawa kahayang. Dina ngahontal cita-cita, urang kudu boga rencana, upaya, jeung kudu bisa nyaluyukeun diri lamun aya parobahan.

Cita-cita téh aya nu jangka pondok (bisa kahontal dina sababaraha poé atawa minggu), jangka pertengahan (sababaraha bulan), jeung jangka panjang (sataun atawa leuwih). Cita-cita jangka panjang bisa kahontal ku cara ngahontal sababaraha cita-cita jangka pondok atawa jangka pertengahan.

KU NAON PENTING?

Lamun hidep bisa ngahontal cita-cita, hidep bisa leuwih percaya diri, boga loba sobat, jeung ngarasa leuwih bagja.

Leuwih percaya diri: Lamun hidep bisa ngahontal sababaraha cita-cita nu saderhana, hidep bakal leuwih percaya diri pikeun ngupayakeun cita-cita nu leuwih luhur. Hidep gé bisa leuwih percaya diri pikeun nyanghareupan masalah sapopoé, saperti pangaruh ti babaturan.

Boga loba sobat: Jalma-jalma resep boga babaturan nu boga tujuan hirup jeung ngupayakeunana. Salian ti éta, lamun hidep digawé bareng jeung jalma nu cita-citana sarua, hidep bisa nyobat jeung manéhna.

Leuwih bagja: Lamun hidep boga cita-cita tuluy éta kahontal, hidep bakal ngarasa puas jeung bagja.

”Boga cita-cita téh alus. Abdi jadi boga tujuan jeung sibuk ngahontal éta cita-cita. Sanggeusna, abdi bungah waktu inget deui perjuangan abdi, ’Ahirna cita-cita abdi kahontal!’”—Christopher.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Lamun arek pepelakan ngadadago heula angin jeung musim bae mah atuh rek iraha bisa cebna, panen-panen pimanaeun.”​—Pandita 11:4.

NAON NU BISA DILAMPAHKEUN?

Pikeun netepkeun jeung ngahontal cita-cita, tuturkeun saran-saran ieu.

Tangtukeun. Jieun daptar cita-cita nu paling bisa kahontal, tuluy susun mana nu kahiji, kadua, katilu, jeung saterusna.

Rencanakeun. Pikeun unggal cita-cita, tuturkeun ieu:

  • Tetepkeun wates waktu nu asup akal.

  • Rencanakeun naon waé nu rék dilakukeun.

  • Pikirkeun masalah naon nu bisa muncul jeung kumaha cara ngaréngsékeunana.

Lampahkeun. Ulah ngadagoan nepi ka sagalana siap heula kakara ngamimitian. Pék pikirkeun, ’Naon nu pangheulana rék dilampahkeun pikeun ngahontal cita-cita abdi?’ Prung gawékeun. Tuluy, pariksa deui kamajuan naon waé nu geus kahontal.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil.”​—Siloka 21:5.