Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 3

Carana Supaya Teu Gampang Nyerah

Carana Supaya Teu Gampang Nyerah

NAON HARTINA TEU GAMPANG NYERAH TÉH?

Jalma nu teu gampang nyerah biasana bakal tetep maju sanajan nyanghareupan tangtangan atawa dikuciwakeun. Budak bisa boga sipat ieu lamun dilatih ku pangalaman. Budak nu keur diajar leumpang pasti pernah labuh, kitu ogé jalma nu suksés pasti pernah gagal.

KU NAON PENTING?

Lamun teu gampang nyerah, budak bakal percaya diri jeung sanggup nyanghareupan masalah hirup. Aya budak nu sedih waktu manéhna gagal, boga masalah, atawa aya nu nyalahkeun manéhna. Malah aya nu langsung nyerah. Tapi, manéhna kudu diajar sababaraha hal penting:

  • Kabéh jalma pasti pernah gagal.​—Yakobus 3:2.

  • Unggal jalma pasti pernah boga masalah.​—Pandita 9:11.

  • Urang ngan bisa maju lamun aya nu méré nyaho naon kasalahan urang.​—Siloka 9:9.

KUMAHA CARA NGAJARKEUNANA?

Waktu budak gagal.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Jalma jujur mah sakumaha seringna tibeubeut oge moal weleh menyat deui.”​—Siloka 24:16.

Bantu budak boga pandangan nu bener kana hiji masalah. Misalna, budak bakal kumaha waktu peunteunna goréng di sakola? Meureun manéhna nyerah, terus ngomong, ”Abdi mémang teu bisa!”

Ngarah budak teu gampang nyerah, bantu manéhna mikirkeun carana sangkan leuwih alus kahareupna. Ku kituna, budak bisa nyanghareupan masalah lainna sedih katutuluyan.

Tapi, tong Sadérék nu ngaréngsékeun masalah budak. Bantu manéhna mikirkeun jalan kaluarna. Sadérék bisa nanya ka manéhna, ”Manéh kudu kumaha ngarah leuwih ngarti palajaran éta?”

Waktu aya masalah.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Na anjeun uninga hirup anjeun isukan bakal kumaha?”​—Yakobus 4:14.

Hirup téh teu pasti. Jalma nu beunghar bisa ujug-ujug miskin; jalma nu jagjag bisa ujug-ujug gering. Alkitab nyebutkeun, ”Di dunya mah nu tarik lumpatna ge tara salawasna meunang balap. Nu gede wawanen tara salawasna unggul tarung . . . kawantu aya apesna masing-masing.”​—Pandita 9:11.

Salaku kolot, Sadérék tangtu satékah polah ngalindungan budak tina bahaya. Tapi kanyataanana, Sadérék moal bisa ngalindungan budak tina sagala masalah dina kahirupan.

Waktu budak keur sedih lantaran dimusuhan ku babaturanana atawa aya anggota kulawarga nu maot, bantu manéhna nyanghareupan kaayaan éta. Ku kituna waktu geus déwasa, manéhna bakal nyaho carana ngaréngsékeun masalah, saperti masalah ékonomi atawa di-PHK. *

Waktu budak dipapatahan.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Denge nu mere nasehat, . . . tangtu baris boga pangabisa.”​—Siloka 19:20.

Waktu budak aya nu mapatahan, éta lain maksudna manéhna keur dinyenyeri, tapi keur dibéré nyaho naon nu kudu dirobah dina diri manéhna.

Lamun budak diajar narima papatah, Sadérék jeung budak bakal ngarasakeun mangpaatna. Ceuk saurang bapa nu ngaranna John, ”Lamun terus-terusan dibéla waktu nyieun kasalahan, budak moal diajar. Manéhna gé bakal terus nyieun kasalahan, jeung kolotna bakal saumur-umur mantuan budak ngaréngsékeun masalahna. Kolot jeung budakna bakal sangsara.”

Kumaha Sadérék bisa ngajar budak supaya ngarti mangpaatna papatah? Waktu budak dipapatahan, boh di sakola boh di mana waé, ulah ngomong yén papatahna téh teu bener. Tapi, Sadérék bisa nanya:

  • ”Ceuk manéh, ku naon manéh nepi ka dipapatahan?”

  • ”Kumaha supaya engké ulah kitu deui?”

  • ”Manéh bakal kumaha lamun aya nu siga kieu deui?”

Inget, papatah téh gedé mangpaatna keur budak, boh ayeuna boh engké.

^ par. 20 Tingali artikel ”Bantu Anak Anda Mengatasi Dukacita” dina Menara Pengawal 1 Juli 2008.