Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 6

Pentingna Boga Prinsip Hirup

Pentingna Boga Prinsip Hirup

NAON PRINSIP HIRUP TÉH?

Jalma nu boga prinsip hirup nu hadé bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah. Tindakanana teu dumasar kana parasaan manéhna harita, tapi dibingbing ku prinsip nu geus diajarkeun ka manéhna. Manéhna tetep nyepeng prinsip éta sanajan teu katempo ku batur.

KU NAON PENTING?

Ayeuna, budak dijejelan ku pandangan nu salah ngeunaan moral, misalna ti babaturan sakola, musik, film, jeung acara TV. Éta bisa nyababkeun budak cangcaya kana pangajaran ngeunaan nu bener jeung nu salah.

Nu paling gampang kapangaruhan téh rumaja. Buku Beyond the Big Talk nyebutkeun rumaja téh ”kudu sadar yén maranéhna bakal didesek  pikeun nuturkeun média jeung babaturanana supaya dipikaresep ku batur, sarta maranéhna kudu diajar pikeun ngalampahkeun nu bener luyu jeung nu geus diajarkeun ka maranéhna, sanajan jadi béda jeung babaturanana”. Jelas, budak kudu dilatih ti saméméh maranéhna rumaja.

KUMAHA CARA NGAJARKEUNANA?

Jelaskeun mana nu bener jeung nu salah.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Anu geus boga pangalaman bisa ngabedakeun mana nu hade mana nu jahat.”​—Ibrani 5:14.

  • Béré nyaho sing jéntré. Unggal poé dina sagala kaayaan, jelaskeun bédana: ”Nu kieu jujur, nu kitu teu jujur.” ”Nu ieu satia, nu itu teu satia.” ”Nu siga kieu bageur, nu siga kitu bangor.” Ahirna, budak bisa nyaho sorangan mana nu alus nu kudu dilampahkeun jeung mana nu goréng nu kudu dijauhan.

  • Jelaskeun alesanana. Misalna, Sadérék bisa nanyakeun: Ku naon jujur téh alus? Ku naon bohong téh bisa ngaruksak sosobatan? Ku naon maok téh salah? Bantu budak mikir supaya manéhna paham mana nu bener jeung nu salah.

  • Tandeskeun mangpaatna ngalampahkeun nu hadé. Sadérék bisa ngomong, ”Lamun manéh jujur, manéh bakal dipercaya” atawa ”Lamun manéh bageur, manéh bakal dipikaresep.”

Prinsip hirup nu alus kudu jadi ciri kulawarga Sadérék.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Terus buktikeun maranéh téh jalma kawas kumaha.”​—2 Korinta 13:5, Terjemahan Dunia Baru.

  • Prinsip hirup Sadérék kudu jadi ciri kulawarga, ku kituna Sadérék bisa yakin ngomong:

    • ”Kulawarga urang mah tara ngabohong.”

    • ”Urang mah tara neunggeul atawa sesentak.”

    • ”Urang moal ngomong kasar jeung ngahina batur.”

Budak Sadérék bakal ningali yén prinsip hirup téh lain saukur aturan nu kudu dituturkeun, tapi jadi ciri kulawarga.

  • Sing sering ngabahas prinsip hirup kulawarga jeung budak Sadérék. Gunakeun kajadian sapopoé pikeun ngajar budak. Sadérék bisa ngabandingkeun prinsip hirup Sadérék jeung naon nu ditémbongkeun dina média atawa di sakola. Tanya budak Sadérék, ”Dina kaayaan kitu, manéh bakal kumaha?” ”Lamun kulawarga urang bakal kumaha?”

Kuatkeun tékad barudak pikeun ngalakukeun nu bener.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Dibarung ku hate anu beresih.”​—1 Petrus 3:16, Sunda Formal.

  • Puji hal-hal nu alus. Lamun budak Sadérék ngalampahkeun nu bener, puji manéhna jeung jelaskeun alesanana. Misalna, Sadérék bisa ngomong, ”Duh mani jujur. Tah ieu budak Bapa téh.” Lamun budak ngaku geus nyieun salah, puji heula manéhna lantaran geus jujur saacan mapatahan manéhna.

  • Papatahan lamun aya nu salah. Bantu budak pikeun tanggung jawab kana kasalahanana. Budak kudu nyaho naon kasalahanana jeung naon sababna hal éta teu sajalan jeung prinsip kulawarga. Sababaraha kolot asa-asa méré nyaho kasalahan budak lantaran sieun budakna jadi leutik haté, tapi ku cara ngabahas hal éta, haté sanubari budak bisa kalatih pikeun ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah.