Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

CARANA BÉBAS TINA STRÉS

Naha Sadérék Keur Strés?

Naha Sadérék Keur Strés?

”Unggal jalma saeutikna mah pernah strés, tapi abdi mah strés téh mani kabina-bina. Éta lain lantaran ku hiji masalah gedé wungkul tapi lantaran ku loba kaayaan jeung loba masalah. Abdi geus mangtaun-taun ngarawat salaki nu gering fisik jeung méntal, teuing iraha bérésna.”​—Yuli. a

”Pamajikan ninggalkeun, jadi abdi kudu ngagedékeun dua budak ku sorangan. Ngagedékeun budak ku sorangan téh teu gampang. Geus kitu abdi di-PHK, jaba mobil kudu dioméan deuih bari jeung teu boga duit. Teuing kudu kumaha. Geus teu tahan deui. Abdi nyaho bunuh diri téh teu meunang, jadi abdi mundut ka Allah sangkan nyabut nyawa abdi.”​—Budi.

Siga Yuli jeung Budi, naha sakapeung Sadérék ngarasa strés pisan? Mun kitu, mugia artikel-artikel dina majalah ieu bisa ngalilipur jeung ngabantu Sadérék. Majalah ieu bakal ngabahas naon waé nu biasana nyababkeun urang strés, naon balukar tina strés, jeung urang kudu kumaha pikeun ngurangan strés.

a Ngaran-ngaran geus diganti.