Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

5 Na Kasangsaraan téh Bakal Leungit?

5 Na Kasangsaraan téh Bakal Leungit?

Urang Kudu Nyaho Jawabanna

Sabab mun aya bukti kasangsaraan bakal leungit, pan urang jadi boga harepan. Cara pandang urang ngeunaan kahirupan jadi leuwih positif. Urang gé bisa akrab jeung Gusti.

Pikeun Dipikirkeun

Loba jalma hayang nyingkirkeun kasangsaraan, tapi kadang teu sanggupeun. Misalna:

Élmu kadokteran geus maju, tapi . . .

  • Angger wé panyakit jantung téh nu panglobana nyababkeun jalma maot.

  • Panyakit kangker maéhan jutaan jalma unggal taunna.

  • Dina buku Frontiers in Immunology, Dr. David Bloom nyebutkeun, sanajan geus loba obat-obatan nu anyar, angger wé loba panyakit teu bisa dicageurkeun ku para dokter. Panyakit-panyakit nu tadina geus teu aya gé, ayeuna aya deui. Malah, muncul ogé loba panyakit anyar.

Sababaraha nagri téh beunghar, tapi . . .

  • Jutaan budak leutik maot unggal taun, lolobana cicing di tempat nu miskin.

  • Miliaran jalma hirup di lingkungan nu teu bersih.

  • Ratusan juta jalma teu bisa meunangkeun cai bersih.

Beuki loba nu ngarti kana hak asasi manusa, tapi . . .

  • Di loba nagri masih loba perdagangan manusa. Sanajan kitu, jalma-jalma nu ngalakukeun kajahatan éta teu dihukum lantaran ”pamaréntah teu apaleun atawa teu bisa ngahukum maranéhna”, ceuk laporan ti Perserikatan Bangsa-Bangsa.

    TÉANGAN LEUWIH LOBA

    Tongton vidéo Naon Pamaréntahan Gusti téh? dina jw.org/su.

Ceuk Kitab Suci

Gusti nyaah ka urang.

Gusti perhatian ka nu sangsara jeung sedih.

”[Gusti] henteu nyapirakeun anu miskin, henteu nyapirakeun kasangsaraanana, henteu ngalieus ti maranehna, kersaeun ngadangu panyambatna.”​JABUR 22:25.

”Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.”​1 PETRUS 5:7.

Urang moal salilana sangsara.

Kitab Suci jangji yén kahayang Gusti keur manusa pasti laksana.

”Allah . . . bakal nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui.”​WAHYU 21:3, 4.

Gusti bakal nyingkirkeun sagala hal nu nyababkeun manusa sangsara.

Éta bakal diwujudkeun ku Karajaan-Na. Ceuk Kitab Suci, Karajaan ieu téh pamaréntahan nu nyaanan.

”Allah anu jumeneng di sawarga ngadegkeun hiji karajaan anu moal aya tungtungna, moal aya nu tiasa ngelehkeun, . . . lajeng ngadeg salalanggengna.”​DANIEL 2:44.