Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naon Pangaruh Téknologi ka Sosobatan Anjeun?

Naon Pangaruh Téknologi ka Sosobatan Anjeun?

Ku ayana SMS, e-mail, video call, jeung média sosial, jalma-jalma jadi leuwih gampang keur komunikasi sanajan béda benua. Keur maranéhna, cara komunikasi saperti kieu téh nguntungkeun pisan.

Tapi, jalma-jalma nu leuwih sering make cara-cara siga kieu keur komunikasi bakal . . .

  • hésé paham parasaan babaturanana.

  • ngarasa teu boga babaturan.

  • égois.

NA ANJEUN APAL?

SIKEP SAPARASAAN

Supaya bisa nunjukkeun sikep saparasaan, Anjeun perlu nyadiakeun waktu jeung sabar ka batur. Éta téh hésé lamun Anjeun sok sibuk teuing maca, ngirim chat, sarta ningalian média sosial.

Lamun chat nu asup loba teuing, Anjeun bisa kawalahan ngabalesna. Chat ti babaturan nu keur butuh bantuan jadi teu kaperhartikeun, lantaran Anjeun hayang buru-buru ngabales kabéh chat.

PÉK PIKIRKEUN: Waktu keur chattingan jeung babaturan, kumaha Anjeun bisa nunjukkeun ”sikep saparasaan” ka manéhna? —1 PÉTRUS 3:8.

NGARASA SORANGAN

Ceuk para panaliti, loba jalma justru teu ngarasa bungah sanggeus ningalian média sosial. Para panaliti gé nyimpulkeun, sanggeus ningalian poto atawa vidéo batur, loba jalma kalah ka ngarasa ”geus miceunan waktuna”.

Malahan, lamun sok ningalian poto-poto alus nu batur, Anjeun bisa ngabanding-bandingkeun diri. Anjeun bisa ngarasa mun kahirupan batur téh ngeunah pisan, ari kahirupan urang mah kieu-kieu waé.

PÉK PIKIRKEUN: Waktu keur ningalian média sosial, kumaha carana supaya urang teu ngabanding-bandingkeun diri jeung batur?​—GALATIA 6:4.

ÉGOIS

Saurang guru nyebutkeun yén kalolobaan muridna téh mentingkeun dirina sorangan. Maranéhna ngan daék babaturan jeung jalma-jalma nu bisa nguntungkeun. Jalma siga kitu nganggap babaturanana siga aplikasi nu bisa dibuka jeung ditutup iraha waé.

PÉK PIKIRKEUN: Na urang nyieun postingan téh keur pasaing-saing jeung batur atawa keur mamérkeun diri sorangan? —GALATIA 5:26.

NAON NU BISA DILAKUKEUN?

PARIKSA KUMAHA ANJEUN NGAGUNAKEUN TÉKNOLOGI

Mun Anjeun bijaksana ngagunakeun téknologi, éta bisa ngajaga komunikasi Anjeun jeung babaturan, malah Anjeun bisa beuki akrab jeung manéhna.

PRINSIP KITAB SUCI: ”Jalma nu boga kanyaah téh . . . teu mentingkeun diri.”​—1 KORINTA 13:4, 5.

Pilih saran nu rék Anjeun lakukeun, atawa tuliskeun naon nu rék Anjeun lakukeun.

  • Leuwih sering ngobrol langsung jeung batur tibatan chattingan

  • Waktu keur ngobrol, HP-na disimpen atawa di-silent

  • Ngurangan waktu ningalian média sosial

  • Jadi jalma nu resep ngadéngékeun babaturan

  • Ngobrol jeung babaturan nu keur boga masalah