Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naon Pangaruh Téknologi ka Kabiasaan Diajar Anjeun?

Naon Pangaruh Téknologi ka Kabiasaan Diajar Anjeun?

Di sakola, tempat gawé, atawa tempat séjénna, jalma-jalma terus diajar. Ku ayana téknologi, diajar téh jadi leuwih gampang. Ayeuna mah rék néangan informasi téh teu kudu ka mana-mana. Bari diuk di imah gé, urang geus bisa meunang informasi.

Tapi, loba jalma nu teterusan maké téknologi bisa ngarasa . . .

  • hésé konséntrasi waktu keur maca.

  • gampang kasimpangkeun.

  • gancang bosen waktu keur sorangan.

NA ANJEUN APAL?

WAKTU KEUR MACA

Jalma nu sering ngagunakeun gadget biasana sok teu sabar waktu maca hiji artikel atawa buku. Jadi, manéhna maca ngan saliwat sabab hayang buru-buru meunang intina.

Maca saliwat téh cocog lamun tujuan urang ngan keur néang jawaban hungkul. Tapi, cara ieu teu bisa dipaké lamun tujuan urang téh hayang bener-bener paham kana naon nu dibaca.

PÉK PIKIRKEUN: Sakumaha lila Anjeun bisa tahan maca hiji buku atawa artikel? Ku naon Anjeun bisa diajar leuwih loba lamun macana lalaunan?​—SILOKA 18:15.

KONSÉNTRASI

Loba nu nganggap, ku ayana téknologi maranéhna jadi bisa ngalakukeun loba hal sakaligus. Misalna, diajar bari chattingan jeung batur. Tapi lamun konsentrasi urang kabagi, hasilna moal alus. Komo deui lamun nu keur digawékeun téh butuh konséntrasi. Mémang diajar konséntrasi téh butuh upaya, tapi éta bisa méré mangpaat keur Anjeun.

Ceuk saurang budak ngora nu ngaranna Grace, ”Mun urang konséntrasi, urang moal loba teuing nyieun salah jeung moal pati stréss. Abdi diajar, hasilna bakal leuwih alus lamun konséntrasi ngalakukeun tugas hiji-hiji, tibatan sababaraha hal sakaligus.”

PÉK PIKIRKEUN: Na téknologi nyieun Anjeun leuwih hésé konséntrasi jeung gancang poho sanggeus maca?​—SILOKA 17:24.

WAKTU KEUR SORANGAN

Sababaraha jalma gancang bosen mun keur sorangan, jadi maranéhna sok maén gadget supaya teu bosen. Ceuk saurang awéwé nu ngaranna Olivia, ”Mun 15 menit teu ningali HP, tablet, atawa ngahurungkeun TV, abdi sok jadi bosen.”

Supaya bisa diajar, urang perlu nyadiakeun waktu keur sorangan pikeun mikirkeun hal-hal nu geus dibaca ku urang.

PÉK PIKIRKEUN: Waktu keur sorangan, na Anjeun bisa ngamangpaatkeun waktu éta keur mikir?​—1 TIMOTIUS 4:15.

NAON NU BISA DILAKUKEUN?

PARIKSA CARA ANJEUN NGAGUNAKEUN TÉKNOLOGI

Kumaha Anjeun bisa ngamangpaatkeun téknologi pikeun ngalatih kamampuh mikir Anjeun? Kumaha téknologi bisa ngaganggu konséntrasi jeung kamampuh diajar Anjeun?

PRINSIP KITAB SUCI: ”Cekel sing pageuh hikmah, jeung akal budi, ulah dilesotkeun.”​—SILOKA 3:21.