Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 2

Saha Gusti téh?

Saha Gusti téh?

Gusti Allah nu sajati téh ngan hiji, nami-Na Yéhuwa. (Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru, NW”) Mantenna téh Roh nu aya di sawarga, jadi urang teu bisa ningali Mantenna. Gusti nyaah ka urang. Gusti hoyong urang ogé nyaah ka Mantenna jeung ka batur. (Mateus 22:35-40) Gusti téh Nu Maha Kawasa, Nu Nyiptakeun sagalana.

Ciptaan Gusti nu mimiti téh nyaéta saurang malaikat nu perkasa. Waktu diutus ka bumi, malaikat ieu dikenal sabagé Nabi Isa. Yéhuwa ogé nyiptakeun malaikat-malaikat séjénna.

Yéhuwa nyiptakeun sagala nu aya di sawarga . . .jeung di bumi. Wahyu 4:11

Yéhuwa nyiptakeun panonpoé, bulan, béntang, sarta bumi jeung eusina.​—Kajadian 1:1.

Mantenna nyiptakeun manusa nu mimiti, nyaéta Adam, tina taneuh.​—Kajadian 2:7.