Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 6

Urang Diajar Naon tina Kisah Banjir Gedé?

Urang Diajar Naon tina Kisah Banjir Gedé?

Gusti ngabasmi nu jarahat, tapi nyalametkeun Nuh jeung kulawargana. Kajadian 7:11, 12, 23

Hujan ngagebrét salila 40 poé 40 peuting, sakuliah bumi pinuh ku cai. Kabéh jalma nu jahat maraot.

Para malaikat nu tadina barobah jadi manusa, balik deui ngajadi mahluk roh. Maranéhna disebut roh-roh jahat.

Jalma-jalma nu aya di jero kapal mah salamet. Sanajan ayeuna Nuh jeung kulawargana geus maot, Gusti bakal ngahirupkeun deui maranéhna supaya bisa hirup langgeng.

Sakali deui, Gusti bakal ngabasmi nu jarahat jeung nyalametkeun nu balener. Mateus 24:37-39

Sétan jeung roh-roh jahat teterusan nyasabkeun jalma-jalma.

Saperti dina jaman Nuh, ayeuna loba jalma embung dibingbing ku Yéhuwa. Moal lila deui, Yéhuwa bakal ngabasmi kabéh nu jahat.​—2 Petrus 2:5, 6.

Saksi-Saksi Yéhuwa hayang nyonto Nuh. Maranéhna ngadangukeun Gusti sarta ngalakukeun kahoyong-Na.