Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 7

Saha Isa Almasih téh?

Saha Isa Almasih téh?

Yéhuwa ngutus Nabi Isa ka bumi. 1 Yohanes 4:9

Lila saacan nyiptakeun Adam, Yéhuwa nyiptakeun saurang malaikat nu perkasa di sawarga. Lamun hayang nyenangkeun Yéhuwa, urang kudu ngadangukeun éta malaikat.

Hiji waktu, éta malaikat diutus pikeun lahir ti parawan nu ngaranna Mariam. Éta budak lahir di Bétléhém jeung dingaranan Isa.​—Yohanes 6:38.

Waktu jadi manusa, Nabi Isa sacara sampurna nunjukkeun sipat-sipat Gusti. Anjeunna téh bageur, soméah, jeung nyaahan. Anjeunna gé teu sieun ngajarkeun bebeneran ngeunaan Yéhuwa ka jalma-jalma.

Nabi Isa ngalakukeun kahadéan, tapi malah dipikangéwa. 1 Petrus 2:21-23

Para pamingpin agama ngéwaeun sabab Nabi Isa ngabolékérkeun pangajaran palsu jeung kalakuan jahat maranéhna.

Nabi Isa nyageurkeun nu garering jeung ngahirupkeun deui nu maraot.

Para pamingpin agama ngahasud pangawasa-pangawasa Rum pikeun nyiksa jeung maéhan Nabi Isa.