Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 8

Tina Maotna Nabi Isa, Sadérék Bakal Meunang Mangpaat Naon?

Tina Maotna Nabi Isa, Sadérék Bakal Meunang Mangpaat Naon?

Nabi Isa maot supaya urang bisa hirup langgeng. Yohanes 3:16

Tilu poé sanggeus Nabi Isa maot, sababaraha awéwé datang ka makamna, ari pék téh éta makam kosong. Yéhuwa geus ngahirupkeun deui anjeunna.

Terus, Nabi Isa némbongkeun diri ka babaturanana, nyaéta para rasul.

Yéhuwa geus ngahirupkeun deui Nabi Isa jadi mahluk roh perkasa nu moal bisa maot. Murid-muridna ningali basa Nabi Isa diangkat ka sawarga.

Gusti ngahirupkeun deui Nabi Isa sarta ngajadikeun anjeunna Raja pikeun Karajaan Allah. Daniel 7:13, 14

Nabi Isa masrahkeun nyawana supaya manusa bébas tina dosa jeung maot. (Mateus 20:28) Ku cara kitu, Gusti bisa masihan kahirupan langgeng ka jalma-jalma nu taat.

Yéhuwa ngalantik Nabi Isa jadi Raja pikeun maréntah bumi. Aya 144.000 jalma satia nu dihirupkeun deui ka sawarga. Babarengan jeung Nabi Isa, maranéhna bakal jadi raja dina Karajaan Allah di sawarga.​—Wahyu 14:1-3.

Karajaan Allah bakal mulihkeun bumi jadi pirdaus. Perang, kajahatan, kamiskinan, jeung kalaparan moal aya deui. Jalma-jalma bakal saruka bungah.​—Jabur 145:16.