BAGIAN 11
Naha Doa Urang Didangukeun ku Yéhuwa?
Gusti ngadangukeun doa urang. 1 Petrus 3:12
Yéhuwa ngadangukeun doa jalma-jalma. (1 Yohanes 5:14) Mantenna hoyong urang ngungkabkeun eusi haté dina doa.
Pék ngadoa ka Yéhuwa, ulah ka nu séjén.
1 Yohanes 5:14
Urang bisa ngadoakeun sagala hal.Pék ngadoa supaya kahoyong Gusti laksana di bumi, saperti di sawarga.
Pék ngadoa ku jalan Nabi Isa.—Yohanes 15:16.
Ménta Yéhuwa ngabantu Sadérék pikeun ngalakukeun kahadéan. Sadérék ogé bisa ngadoakeun kadaharan, pagawéan, imah, papakéan, jeung kaséhatan.