Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naon nu Dipikahoyong ku Allah?

Naon nu Dipikahoyong ku Allah?

Allah hoyong urang hirup tengtrem jeung bagja di bumi pirdaus salilana!

Bisa waé kapikir ku Sadérék, ’Mémangna bisa kitu?’ Alkitab nyebutkeun yén éta bisa ngawujud ku Karajaan Allah. Allah hoyong kabéh jalma diajar ngeunaan Karajaan ieu jeung rencana Mantenna pikeun urang.—Jabur 37:11, 29; Yesaya 9:7.

Allah hoyong urang meunangkeun hal-hal nu alus.

Sakumaha bapa nu bageur hayang méré nu panghadéna ka budakna, kitu ogé Bapa urang nu di sawarga hoyong urang bagja salalanggengna. (Yesaya 48:17, 18) Mantenna jangji yén jalma ”anu ngalampahkeun pangersa Allah mah bakal hirup salalanggengna”.—1 Yohanes 2:17.

Allah hoyong urang nuturkeun pituduh-Na.

Alkitab nyebutkeun yén Nu Nyipta hoyong ’ngawulang pilampaheun’ sangkan urang ”napak kana jalan pituduh-Na”. (Yesaya 2: 2, 3) Mantenna ngaorganisasi hiji umat nu ”ngemban pajenengana-Na” pikeun nguarkeun kahoyong Mantenna ka sakuliah dunya.—Rasul 15:14, Sunda Formal.

Allah hoyong urang ngahiji jeung nyembah ka Mantenna.

Ibadah nu murni ngahijikeun jalma-jalma ku kanyaah nu sajati lainna mecah belah maranéhna. (Yohanes 13:35) Kiwari, saha nu ngajar jalma-jalma di sakuliah dunya carana bisa ngahiji dina nyembah ka Allah? Mangga tingali jawabanana dina brosur ieu.