Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 1

Jalma-Jalma nu Saperti Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

Jalma-Jalma nu Saperti Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

Denmark

Taiwan

Venezuela

India

Naha aya Saksi Yéhuwa nu dikenal ku Sadérék? Meureun aya tatangga, batur gawé, atawa batur sakola Sadérék nu Saksi Yéhuwa. Atawa bisa jadi Sadérék keur diajar Alkitab jeung maranéhna. Saha Saksi-Saksi Yéhuwa téh, jeung ku naon urang osok nyaritakeun kapercayaan urang?

Urang téh jalma biasa. Kabudayaan, pendidikan, jeung kaayaan sosialna gé béda-béda. Aya nu baheulana nganut agama séjén, aya ogé nu baheulana mah teu percaya ka Allah. Saacan jadi Saksi, urang geus ngulik pangajaran Alkitab. (Rasul 17:11) Urang satuju kana pangajaranana tuluy mutuskeun sorangan pikeun ibadah ka Allah Yéhuwa.

Urang geus ngarasakeun mangpaatna diajar Alkitab. Siga nu séjén, urang gé boga masalah jeung kakurangan. Tapi, urang sabisa-bisa ngalarapkeun prinsip Alkitab unggal poé. Ku kituna, hirup urang jadi leuwih hadé. (Jabur 128:1, 2) Éta salah sahiji alesanana urang nyaritakeun hal-hal hadé tina Alkitab ka batur.

Urang nuturkeun prinsip-prinsip Allah dina kahirupan. Alkitab ngajarkeun prinsip-prinsip nu ngabantu urang jadi bagja, ngahargaan batur, sarta boga sipat-sipat hadé saperti jujur jeung bageur. Urang gé dibantu jadi warga nagara nu hadé sarta boga kulawarga nu harmonis jeung ahlakna alus. Urang yakin Allah teu ngabéda-bédakeun jalma. Jadi, urang boga duduluran di sakuliah dunya nu teu ngabédakeun warna kulit jeung nagara. Sacara pribadi urang mémang jalma biasa tapi sabagé umat, urang béda ti nu séjén.—Rasul 4:13; 10:34, 35.

  • Naon saruana Saksi-Saksi Yéhuwa jeung jalma séjén?

  • Lantaran ngulik Alkitab, para Saksi diajar prinsip-prinsip naon?