Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 2

Ku Naon Urang Disebut Saksi-Saksi Yéhuwa?

Ku Naon Urang Disebut Saksi-Saksi Yéhuwa?

Nuh

Ibrahim jeung Sarah

Musa

Yésus Kristus

Loba jalma nganggap Saksi-Saksi Yéhuwa téh agama nu anyar. Tapi, leuwih ti 2.700 taun katukang, hamba-hamba Allah nu sajati disebut ’saksi-saksi’ Mantenna. (Yesaya 43:10-12) Nepi ka taun 1931, urang disebut Siswa-Siswa Alkitab. Jadi, ku naon urang maké ngaran Saksi-Saksi Yéhuwa?

Éta nunjukkeun saha Allah urang. Dina loba tarjamahan, nami Allah diganti ku gelar saperti Pangéran, Gusti, atawa Allah. Tapi numutkeun naskah kuno, nami Allah téh Yéhuwa. Éta disebutkeun rébuan kali dina Alkitab. Misalna, Allah nu sajati masihan terang nami-Na ka Musa, nyaéta Yéhuwa. Mantenna nyarios, ”Kitu salalanggengna jenengan Kami teh.” (Budalan 3:15) Ku cara kitu, Mantenna ngabédakeun dirina ti sakabéh allah palsu. Nyandang nami Allah nu suci téh kahormatan keur urang.

Éta ngagambarkeun naon tugas urang. Ti jaman baheula, aya ”sakitu lobana” saksi nu méré kasaksian yén maranéhna boga iman ka Yéhuwa. (Ibrani 11:4–12:1) Nu mimiti disebutkeun téh Habil. Tuluy ka dieunakeun, aya Nuh, Ibrahim, Sarah, Musa, Daud, jeung nu séjénna. Saperti saksi di pangadilan nu ngabéla jalma nu teu salah, urang ogé hayang méré nyaho bebeneran ngeunaan Allah ka batur.

Urang nyonto Yésus. Dina Alkitab, anjeunna disebut ”Saksi anu satia jeung satuhu”. (Wahyu 3:14) Yésus sorangan ngadoa sangkan ”jenengan [Allah] nu suci dimulyakeun”. Anjeunna ogé ”ngawurukkeun hal kaestuan” ngeunaan Allah. (Mateus 6:9; Yohanes 18:37) Jadi, murid-murid Kristus nu sajati kudu nyandang nami Yéhuwa jeung nguarkeunana. Ieu nu diupayakeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa.

  • Ku naon Siswa-Siswa Alkitab ganti ngaran jadi Saksi-Saksi Yéhuwa?

  • Ti iraha Yéhuwa boga saksi-saksi di bumi?

  • Saha Saksi Yéhuwa nu pangagungna?