Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 3

Kumaha Bebeneran Alkitab Kaungkab Deui?

Kumaha Bebeneran Alkitab Kaungkab Deui?

Siswa-Siswa Alkitab, 1870-an

Édisi Warta Hadé nu mimiti, 1879

Warta Hadé kiwari

Alkitab nganubuatkeun yén sanggeus maotna Kristus, guru-guru palsu bakal muncul di antara urang Kristen jeung ngaruksak bebeneran Alkitab. (Rasul 20:29, 30) Éta bener-bener kajadian. Ku maranéhna, pangajaran Yésus dicampur jeung pangajaran kapir. Éta ngalantarankeun mekarna agama Kristen nu palsu. (2 Timoteus 4:3, 4) Kumaha urang bisa yakin yén ayeuna urang boga pamahaman nu bener ngeunaan naon nu sabenerna diajarkeun Alkitab?

Geus waktuna pikeun Yéhuwa nyingkabkeun bebeneran. Mantenna nganubuatkeun yén dina ahir jaman, ’anu barijaksana baris ngaharti’ kana bebeneran. (Daniel 12:9, 10) Dina taun 1870, aya sababaraha jalma nu sadar yén loba pangajaran garéja béda jeung pangajaran Alkitab. Lantaran hayang paham pangajaran nu sabenerna, maranéhna nalungtik Alkitab. Upaya ieu diberkahan ku Yéhuwa.

Jalma-jalma nu ngulik Alkitab. Siswa-Siswa Alkitab ieu (ayeuna disebut Saksi-Saksi Yéhuwa) bener-bener hayang nyaho bebeneran Alkitab. Maranéhna ngabahas Alkitab satopik-satopik. Lamun aya ayat nu hésé kaharti, maranéhna néangan ayat-ayat séjén pikeun ngajelaskeun ayat éta. Lamun hiji pamahaman geus luyu jeung kabéh eusi Alkitab, éta dicatet ku maranéhna. Jadi, Alkitab sorangan nu ngajelaskeun eusina. Ku cara kitu, maranéhna meunangkeun bebeneran ngeunaan nami Allah jeung Karajaan-Na, kahoyong-Na pikeun bumi jeung manusa, kaayaan nu maot, jeung harepan pihudangeunana nu maot. Jadi, maranéhna dibébaskeun tina loba kapercayaan jeung kabiasaan palsu. (Yohanes 8:31, 32) Cara diajar ieu masih kénéh digunakeun ku urang nepi ka ayeuna.

Dina taun 1879, Siswa-Siswa Alkitab paham yén bebeneran kudu diuarkeun. Jadi ti saprak harita, maranéhna medalkeun majalah Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa nu masih kénéh dicitak nepi ka kiwari. Ayeuna, urang ngawawarkeun bebeneran Alkitab di 240 nagri dina leuwih ti 900 basa. Pangaweruh nu bener kacida limpahna!

  • Sanggeus Kristus maot, kumaha jadina bebeneran Alkitab?

  • Kumaha bebeneran Firman Allah bisa kaungkab deui?