Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 4

Ku Naon Urang Boga Tarjamahan Alkitab Sorangan?

Ku Naon Urang Boga Tarjamahan Alkitab Sorangan?

Kongo (Kinshasa)

Rwanda

Fragmén Simakhus tina abad katilu atawa kaopat M nu ngamuat nami Allah dina Jabur 69:32

Salila mangpuluh-puluh taun, Saksi-Saksi Yéhuwa ngagunakeun, nyitak, jeung ngabagikeun rupa-rupa tarjamahan Alkitab. Tapi ka dieunakeun, urang ngarasa perlu nyieun tarjamahan anyar ngarah unggal jalma bisa diajar bebeneran, saperti nu dipikahoyong ku Allah. (1 Timoteus 2:3, 4) Jadi ti saprak 1950, urang medalkeun sabagian-sabagian Alkitab Terjemahan Dunia Baru nu basana modéren. Ayeuna, Alkitab ieu geus ditarjamahkeun sacara akurat dina leuwih ti 170 basa. *

Dibutuhkeun tarjamahan nu gampang kaharti. Basa téh terus barobah. Ku kituna, aya loba tarjamahan Alkitab nu kekecapanana geus kuno jeung teu pati kaharti. Salian ti éta, geus kapanggih naskah-naskah kuno nu leuwih akurat. Ku kituna, urang bisa leuwih paham kana basa Ibrani, Aram, jeung Yunani nu digunakeun dina Alkitab.

Dibutuhkeun tarjamahan nu henteu ngarobah firman Allah. Panarjamah Alkitab teu meunang ngarobah tulisan nu diilhamkeun Allah. Maranéhna teu meunang nyimpang tina naskah aslina. Tapi, kalolobaan tarjamahan Alkitab ngaleungitkeun nami Allah, nyaéta Yéhuwa.

Dibutuhkeun Alkitab nu ngagungkeun Pangarangna. (2 Samuel 23:2) Nami Yéhuwa dimunculkeun deui kira-kira 7.000 kali dina Terjemahan Dunia Baru, luyu jeung naskah-naskah Alkitab nu pangheubeulna. Gambar di handap ieu salah sahiji contona. (Mazmur [Jabur] 83:19, tingali TUHAN, Kamus Alkitab, Terjemahan Baru) Terjemahan Dunia Baru téh hasil tina panalungtikan mangtaun-taun, jadi ngeunaheun dibacana sarta bisa nepikeun pikiran Allah sacara jelas. Teu sual tarjamahan Alkitab naon nu dipiboga ku Sadérék, urang ngajurung Sadérék pikeun rutin maca Firman Yéhuwa unggal poé.—Yosua 1:8; Jabur 1:2, 3.

  • Ku naon urang ngarasa perlu nyieun tarjamahan Alkitab nu anyar?

  • Jalma-jalma nu hayang diajar ngeunaan kahoyong Allah kudu boga kabiasaan naon unggal poé?

^ par. 3 Alkitab Terjemahan Dunia Baru can ditarjamahkeun ka basa Sunda. Tapi, Sadérék bisa maca dina basa Indonesia jeung basa séjénna.