Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 6

Naon Mangpaatna Pergaulan jeung Dulur Saiman?

Naon Mangpaatna Pergaulan jeung Dulur Saiman?

Madagascar

Norwegia

Lebanon

Italia

Sanajan kudu narabas leuweung atawa hujan ngagebrét, urang rutin datang ka pasamoan ibadah. Sanajan boga masalah jeung capé sanggeus digawé sapoé jeput, ku naon Saksi-Saksi Yéhuwa sakitu mentingkeunana pergaulan jeung dulur-dulur saimanna?

Urang dibantu pikeun nyanghareupan masalah dina kahirupan. Paulus ngajurung urang pikeun ”silih titenan” jeung dulur saiman di sidang. (Ibrani 10:24) Ieu téh maksudna urang kudu ”bener-bener mikirkeun” batur sangkan bisa silih pikawanoh. Lamun urang leuwih wanoh ka dulur-dulur saiman, urang bakal nyaho yén aya nu nyanghareupan masalah nu sarua siga urang. Jadi, maranéhna bisa ngabantu urang.

Urang bakal boga sobat. Di pasamoan, urang ngumpul jeung sobat-sobat, lainna kawawuhan biasa. Salian ti masamoan, urang gé osok rékréasi babarengan. Naon mangpaatna pergaulan siga kitu? Urang diajar pikeun silih hargaan jeung silih pikanyaah. Jadi waktu dulur saiman boga masalah, urang siap nulungan lantaran geus nyobat jeung maranéhna. (Siloka 17:17) Pék gaul jeung kabéh anggota sidang ngarah urang bisa silih pikanyaah.—1 Korinta 12: 25, 26.

Urang ngajurung Sadérék pikeun milih sobat nu ngalampahkeun kahoyong Allah. Sobat siga kitu téh aya di antara Saksi-Saksi Yéhuwa. Ulah nepi ka eureun gaul jeung urang lamun aya nu ngaléléwé atawa nentang Sadérék.

  • Ku naon pergaulan di pasamoan téh penting?

  • Iraha Sadérék rék datang ka pasamoan sangkan leuwih wanoh ka para anggota sidang?