Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 7

Saperti Kumaha Pasamoan Ibadah Urang?

Saperti Kumaha Pasamoan Ibadah Urang?

Selandia Baru

Jepang

Uganda

Lithuania

Urang Kristen abad kahiji ngawih, ngadoa, sarta maca jeung ngabahas Kitab Suci dina pasamoan ibadah maranéhna. (1 Korinta 14:26) Kira-kira saperti kitu ogé pasamoan urang.

Pangajaranana dumasar kana Alkitab jeung loba mangpaatna. Dina ahir minggu, unggal sidang jamaah ngumpul pikeun ngadéngékeun caramah Alkitab salila 30 menit ngeunaan kahirupan urang jeung kaayaan dunya ieu. Urang kabéh dijurung pikeun muka ayat-ayat nu disebutkeun. Sanggeusna, aya Palajaran ”Warta Hadé” salila sajam nu ngabahas hiji artikel dina édisi palajaran majalah Warta Hadé. Kabéh nu datang bisa milu méré komentar. Palajaran ieu ngabantu urang pikeun ngalarapkeun bingbingan Alkitab dina kahirupan. Artikel nu sarua gé dibahas di leuwih ti 120.000 sidang di sakuliah dunya.

Urang dilatih sangkan leuwih tarampil dina ngajar. Dina poé séjén, urang ngumpul deui dina pasamoan tilu bagian nu disebut Kagiatan jeung Kahirupan Kristen. Bahanna tina Jurnal Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan nu diterbitkeun unggal bulan. Bagian nu kahiji, Harta Rohani tina Firman Allah, ngabantu urang leuwih paham kana pasal-pasal Alkitab nu keur dibahas. Saterusna, dina bagian Ngupayakeun Diri dina Ngawawar, aya pintonan ngeunaan carana ngabahas Alkitab jeung batur. Saurang panaséhat bakal méré saran sangkan urang leuwih tarampil dina maca jeung ngajar. (1 Timoteus 4:13) Dina bagian ahir nyaéta Kahirupan Kristen, urang ngabahas carana ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab dina kahirupan sapopoé. Ieu kaasup tanya jawab sangkan urang leuwih paham kana Alkitab.

Lamun datang ka pasamoan, Sadérék tangtu bakal resep kana pendidikan Alkitab nu hadé nu aya dina pasamoan urang.—Yesaya 54:13.

  • Acara naon waé nu aya dina pasamoan ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa?

  • Sadérék hayang datang ka pasamoan mingguan nu mana?