Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 11

Ku Naon Urang Datang ka Kongrés?

Ku Naon Urang Datang ka Kongrés?

Meksiko

Jerman

Botswana

Nikaragua

Italia

Ku naon jalma-jalma dina kaca ieu katingali barungah? Maranéhna keur aya dina salah sahiji kongrés Saksi-Saksi Yéhuwa. Siga umat Allah dina jaman baheula, nu dititah pikeun ngumpul tilu kali sataun, urang ogé ngarep-ngarep pikeun ngumpul bareng jeung leuwih loba dulur saiman. (Pamindo 16:16) Unggal taun, urang ngayakeun tilu kongrés: dua kongrés wilayah nu lilana sapoé jeung kongrés régional nu lilana tilu poé. Naon mangpaatna datang ka kongrés-kongrés ieu?

Urang jadi leuwih raket jeung dulur saiman. Bangsa Israil suka bungah muji Yéhuwa ”di jero kumpulan umat-Na”. Kitu ogé, urang ngarasa bungah waktu ibadah babarengan dina acara istiméwa ieu. (Jabur 26:12; 111:1) Dina acara-acara ieu, urang bisa panggih sarta ngobrol jeung Saksi-Saksi ti sidang séjén atawa malahan nagri séjén. Beurangna, pas reureuh, urang dahar babarengan di tempat kongrés. Ku kituna, urang bisa boga sobat-sobat anyar. (Rasul 2:42) Di dinya, urang ngarasakeun sorangan kanyaah nu ngahijikeun ”papada batur sakapercayaan” di sakuliah dunya.—1 Petrus 2:17.

Urang bisa leuwih kuat sacara rohani. Bangsa Israil narima mangpaat lantaran ngarti kana ayat-ayat Kitab Suci nu dijelaskeun ka maranéhna. (Nehemia 8:8, 12) Urang ogé ngahargaan pangajaran Alkitab nu ditepikeun dina kongrés. Téma unggal acara dumasar kana ayat-ayat Alkitab. Liwat hutbah, simposium, jeung pintonan nu alus, urang diajar carana ngalampahkeun kahoyong Allah dina kahirupan. Urang ogé dikuatkeun ku pangalaman dulur-dulur urang nu bisa nyanghareupan tangtangan salaku urang Kristen dina mangsa nu susah ieu. Dina kongrés régional, aya film ngeunaan kisah-kisah Alkitab nu aya hikmahna keur urang. Dina unggal kongrés, aya acara baptisan pikeun saha waé nu hayang ngalambangkeun pangbaktianana ka Allah.

  • Ku naon kongrés téh acara nu ngabungahkeun?

  • Naon mangpaatna lamun urang datang ka kongrés?