Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 13

Naon Panaratas téh?

Naon Panaratas téh?

Kanada

Ngawawar

Ngajar Alkitab

Palajaran pribadi

Istilah ”panaratas” biasana ngamaksudkeun jalma-jalma nu indit ka daérah anyar jeung muka jalan keur batur. Yésus bisa disebut panaratas lantaran diutus ka bumi pikeun ngawula jeung muka jalan supaya manusa bisa salamet. (Mateus 20:28) Kiwari, murid-muridna nyonto anjeunna ku cara ngagunakeun saloba-lobana waktu pikeun ’ngajadikeun murid’. (Mateus 28:19, 20) Malahan, aya nu bisa ngalakukeun dines panaratas.

Panaratas téh pawarta nu ngawula sapinuh waktu. Kabéh Saksi Yéhuwa téh pawarta. Tapi, aya nu bisa ngatur waktuna pikeun ngawula jadi panaratas biasa. Unggal bulan, maranéhna ngabaktikeun 70 jam keur dines. Sangkan bisa kitu, loba nu digawé paro waktu. Nu séjénna aya nu dipilih jadi panaratas istiméwa pikeun ngawula di daérah nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. Maranéhna ngabaktikeun 130 jam atawa leuwih unggal bulanna dina palayanan. Maranéhna ogé hirup basajan, yakin Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuh hirupna. (Mateus 6:31-33; 1 Timoteus 6:6-8) Nu teu bisa naratas sapinuh waktu bisa ngawula jadi panaratas ékstra mun waktuna cocog. Maranéhna ningkatkeun palayananana nepi ka 30 atawa 50 jam sabulan.

Panaratas dijurung ku kanyaah ka Allah jeung sasama. Saperti Yésus, urang merhatikeun yén loba nu hayang pisan wanoh ka Allah jeung hayang nyaho kahoyong Mantenna. (Markus 6:34) Urang boga pangaweruh nu bisa ngabantu maranéhna ayeuna jeung méré harepan nu pasti pikeun mangsa kahareup. Lantaran nyaah ka sasama, para panaratas ngagunakeun loba waktu jeung tanaga pikeun mantuan batur nyaho warta hadé. (Mateus 22:39; 1 Tesalonika 2:8) Hasilna, imanna beuki kuat, manéhna leuwih raket ka Allah, jeung ngarasa bagja.—Rasul 20:35.

  • Jelaskeun naon panaratas téh.

  • Naon nu ngajurung sababaraha pawarta jadi panaratas sapinuh waktu?