Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 14

Sakola Naon Waé nu Disadiakeun pikeun Panaratas?

Sakola Naon Waé nu Disadiakeun pikeun Panaratas?

Amerika Serikat

Sekolah Gilead, Patterson, New York

Panama

Pendidikan rohani téh geus lila jadi ciri Saksi-Saksi Yéhuwa. Aya sababaraha sakola husus pikeun pawarta nu ngawula sapinuh waktu sangkan bisa ’nedunan kawajiban’ maranéhna.—2 Timoteus 4:5.

Sekolah Dinas Perintis. Sanggeus sataun jadi panaratas biasa, maranéhna bisa miluan sakola nu lilana genep poé di Balé Karajaan nu pangdeukeutna. Tujuanana pikeun ngabantu maranéhna leuwih raket ka Yéhuwa, leuwih tarampil dina rupa-rupa kagiatan pangwawaran, jeung terus satia dina dinesna.

Sekolah bagi Penginjil Kerajaan. Sakola salila dua bulan ieu dirancang pikeun ngalatih panaratas nu geus pangalaman nu réla diutus ka mana waé. Maranéhna saolah-olah ngomong, ”Sumuhun abdi! Mangga abdi utus!” Maranéhna nyonto Yésus Kristus, Pawarta Injil nu pangagungna di bumi. (Yesaya 6:8; Yohanes 7:29) Maranéhna ninggalkeun imah sarta bisa jadi kudu nyaluyukeun diri jeung kaayaan nu leuwih saderhana. Kabudayaan, iklim, sarta dahareun bisa waé béda pisan jeung tempat asalna. Malahan maranéhna bisa jadi kudu diajar basa nu anyar. Sakola ieu téh pikeun sadérék istri jeung pameget nu léngoh kénéh sarta pasangan salaki pamajikan nu umurna 23 nepi ka 65 taun. Maranéhna dibantu pikeun ngamekarkeun sipat-sipat hadé sarta katarampilan nu dibutuhkeun pikeun ngalaksanakeun rupa-rupa tugas ti Yéhuwa jeung organisasi-Na.

Sekolah Alkitab Gilead Menara Pengawal. Dina basa Ibrani, kecap ”Gilead” téh aya patalina jeung ”Kasaksian”. Ti saprak sakola ieu diadegkeun taun 1943, leuwih ti 8.000 lulusan geus dikirim sabagé misionaris nu méré kasaksian nepi ka ”tungtung bumi”. (Rasul 13:47, Sunda Formal) Hasilna alus pisan. Waktu misionaris mimiti nepi ka Peru, teu aya sidang di nagri éta, tapi ayeuna aya leuwih ti 1.000. Waktu misionaris mimiti ngawula di Jepang, Saksi di nagri éta kurang ti sapuluh jalma. Ayeuna mah geus leuwih ti 200.000. Dina Sekolah Gilead nu lilana lima bulan, para siswa nalungtik Firman Allah leuwih jero. Nu diondang ka sakola ieu téh nyaéta panaratas istiméwa atawa misionaris, nu digawé di kantor cabang, atawa pangawas wilayah. Maranéhna dilatih pikeun ngarojong kagiatan di sakuliah dunya sangkan leuwih mantep.

  • Naon tujuan Sekolah Dinas Perintis?

  • Sekolah bagi Penginjil Kerajaan dirancang keur saha?