Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 17

Kumaha Para Pangawas Wilayah Ngabantu Urang?

Kumaha Para Pangawas Wilayah Ngabantu Urang?

Malawi

Riungan dines

Ngawawar

Rapat kokolot

Kitab-Kitab Yunani Kristen sering nyebutkeun Barnabas jeung Rasul Paulus. Maranéhna téh pangawas nu ngadatangan sidang-sidang dina abad kahiji. Ku naon? Lantaran maranéhna bener-bener mikirkeun karohanian dulur-dulur saimanna. Paulus ngomong yén manéhna hayang ”ngalongok dulur-dulur” pikeun nyaho kaayaan maranéhna. Manéhna réla iinditan ratusan kilométer pikeun nguatkeun dulur-dulurna. (Rasul 15:36) Kitu ogé jeung para pangawas wilayah kiwari.

Maranéhna nguatkeun urang. Unggal pangawas wilayah ngadatangan kira-kira 20 sidang, sarta matuh salila saminggu di tiap sidang dua kali sataun. Urang meunang loba mangpaat tina pangalaman sadérék ieu, kitu ogé ti pamajikanana lamun manéhna geus kawin. Maranéhna ngupayakeun wanoh ka unggal anggota sidang, boh kolot boh ngora, sarta sumanget ngabaturan urang dina ngawawar jeung ngajar Alkitab. Bareng jeung para kokolot, pangawas wilayah nganjangan imah dulur-dulur saiman pikeun nguatkeun iman. Maranéhna ogé nepikeun hutbah-hutbah nu ngagedékeun haté dina pasamoan jeung kongrés.—Rasul 15:35.

Maranéhna merhatikeun urang kabéh. Para pangawas wilayah boga minat nu gedé kana karohanian sidang. Maranéhna ngayakeun rapat jeung para kokolot sarta palayan sidang pikeun mariksa kamajuan sidang jeung méré saran ngeunaan carana ngajalankeun tanggung jawab di sidang. Maranéhna ngabantu para panaratas sangkan suksés dina palayananana. Maranéhna ogé hayang wawuh ka anggota sidang nu anyar sarta merhatikeun kamajuanana. Sadérék-sadérék ieu ngarélakeun diri jadi ”batur” gawé nu ngabantu urang. (2 Korinta 8:23) Iman jeung pangabdian maranéhna pantes diconto.—Ibrani 13:7.

  • Naon tujuan para pangawas wilayah datang ka sidang-sidang?

  • Sadérék meunang mangpaat naon lamun dianjangan ku pangawas wilayah?