Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 19

Saha Gandék nu Satia jeung Bijaksana téh?

Saha Gandék nu Satia jeung Bijaksana téh?

Urang kabéh narima loba mangpaat tina kadaharan rohani

Teu lila saacan maot, Yésus ngobrol jeung opat muridna, nyaéta Pétrus, Yakobus, Yohanes, jeung Andréas. Waktu Yésus nganubuatkeun galagat pisumpingeunana dina ahir jaman, anjeunna nyebutkeun hal nu penting, ”Cik nu disebut gandek satia jeung bijaksana teh nu kumaha? Tangtu ku dununganana baris dipercaya ngurus dahar gandek-gandek lianna saban-saban geus waktuna.” (Mateus 24:3, 45; Markus 13:3, 4) Yésus ngayakinkeun para muridna yén salaku ”dununganana”, anjeunna bakal ngalantik jalma-jalma nu bakal terus nyadiakeun kadaharan rohani keur murid-muridna salila ahir jaman. Saha gandék ieu téh?

Sakelompok leutik murid-murid Yésus nu diistrénan. Kiwari, ”gandek” ieu katelah sabagé Badan Pingpinan Saksi-Saksi Yéhuwa. Maranéhna nyadiakeun kadaharan rohani nu pas dina waktuna keur umat Yéhuwa. Urang gumantung ka gandék nu satia ieu nu ”mere dahar . . . dina waktuna”.—Lukas 12:42, Sunda Formal.

Nu ngurus sagala hal nu dipercayakeun ka maranéhna. (Lukas 12:44) Yésus méré tanggung jawab gedé ka gandék ieu pikeun ngurus kagiatan organisasi Yéhuwa di bumi, saperti ngatur harta banda, ngatur kagiatan pangwawaran, jeung ngajar urang liwat sidang-sidang. Pikeun nyadiakeun pangabutuh urang dina waktuna, ”gandek satia jeung bijaksana” ngabagikeun kadaharan rohani liwat publikasi nu dipaké dina dines jeung acara-acara dina pasamoan sarta kongrés.

Gandék ieu satia kana bebeneran Alkitab jeung kana tugasna pikeun ngawawarkeun warta hadé. Maranéhna ogé bijaksana dina ngurus sagala hal nu dipercayakeun ku Kristus. (Rasul 10:42) Berkah Yéhuwa ka maranéhna katingali tina ningkatna jumlah umat Allah jeung limpahna kadaharan rohani.—Yesaya 60:22; 65:13.

  • Saha nu dilantik ku Yésus pikeun nyadiakeun kadaharan rohani keur murid-muridna?

  • Ku naon gandék ieu disebut satia jeung bijaksana?