Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 20

Naon nu Dilakukeun ku Badan Pingpinan Kiwari?

Naon nu Dilakukeun ku Badan Pingpinan Kiwari?

Badan pingpinan dina abad kahiji

Macakeun surat ti badan pingpinan

Dina abad kahiji, aya sababaraha ”kokolot jeung rasul-rasul” di Yérusalém nu ngawula jadi badan pingpinan nu nyieun putusan penting pikeun sakabéh anggota sidang Kristen nu diistrénan. (Rasul 15:2, 6) Saacan kabéhanana satuju kana hiji putusan, maranéhna ngabahas naon nu dijelaskeun Kitab Suci jeung nuturkeun bingbingan roh Allah. (Rasul 15:25) Kiwari gé sarua siga kitu.

Digunakeun ku Allah pikeun ngalampahkeun kahoyong-Na. Sadérék-sadérék nu ngawula jadi Badan Pingpinan ngandelkeun pisan Firman Allah jeung boga loba pangalaman dina ngurus hal-hal rohani jeung kagiatan séjénna. Unggal minggu, maranéhna rapat pikeun ngabahas naon nu dibutuhkeun ku dulur-dulur saiman di sakuliah dunya. Sakumaha dina abad kahiji, pituduh nu dumasar kana Alkitab ditepikeun liwat surat, pangawas wilayah, jeung ku cara séjénna. Hal ieu ngajurung umat Allah jadi satunggal dina pikiran jeung lalampahanana. (Rasul 16:4, 5) Badan Pingpinan ngawaskeun disiapkeunana kadaharan rohani, ngajurung urang pikeun ngutamakeun pangwawaran, jeung ngawaskeun dilantikna sadérék-sadérék pikeun ngemban tanggung jawab.

Nuturkeun pituduh ti roh Allah. Badan Pingpinan ngandelkeun bingbingan ti Yéhuwa salaku Pangawasa Jagat Raya jeung Yésus salaku Kapala sidang. (1 Korinta 11:3; Epesus 5:23, Sunda Formal) Anggota Badan Pingpinan teu nganggap dirina pamingpin umat Allah. Bareng jeung kabéh urang Kristen nu diistrénan, ’maranehna ngingiring bae Anak Domba ka mana-mana’. (Wahyu 14:4) Badan Pingpinan nganuhunkeun pisan lamun urang ngadoakeun maranéhna.

  • Saha nu jadi badan pingpinan dina abad kahiji?

  • Kumaha Badan Pingpinan kiwari ngandelkeun pituduh Allah?