Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 21

Naon Bétel téh?

Naon Bétel téh?

Departemén Seni, Amerika Serikat

Jerman

Kenya

Kolombia

Ngaran Bétel téh tina kecap Ibrani nu hartina ”Bumina Allah”. (Kajadian 28:17, 19) Ngaran ieu cocog pikeun komplék wangunan Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya. Kagiatan pangwawaran diatur jeung dirojong di tempat ieu. Badan Pingpinan ngawula di kantor pusat sadunya nu aya di Nagara Bagian New York, AS. Ti dinya, maranéhna ngawaskeun kantor-kantor cabang nu aya di loba nagri. Jalma-jalma nu ngawula di fasilitas-fasilitas ieu disebut kulawarga Bétel. Siga kulawarga, maranéhna hirup bareng, digawé bareng, dahar bareng, jeung diajar Alkitab babarengan.—Jabur 133:1.

Tempat husus pikeun kulawarga Bétel nu digawé sukaréla. Di unggal fasilitas Bétel, aya urang Kristen boh awéwé boh lalaki nu geus ngabaktikeun diri ka Allah jeung ngawula sapinuh waktu pikeun ngadukung Karajaan Allah. (Mateus 6:33) Euweuh nu digajih tapi maranéhna dibéré pamondokan, dahareun, jeung saeutik tunjangan keur kaperluan pribadi. Kabéh nu ngawula di Bétel boga tugas masing-masing, aya nu di kantor, di dapur, atawa di ruang makan. Aya ogé nu digawéna nyitak atawa ngajilid buku, bebersih, nyeuseuh, ngarawat bangunan, jeung sajabana.

Tempat pikeun ngarojong kagiatan pangwawaran. Tujuan utama unggal Bétel téh nyaéta nyebarkeun bebeneran Alkitab ka saloba-lobana jalma. Contona brosur ieu. Ditulisna brosur ieu diawaskeun ku Badan Pingpinan, tuluy dokuménna dikirimkeun liwat komputer ka ratusan tim panarjamah di sakuliah dunya. Geus kitu brosur ieu dicitak di sababaraha percitakan Bétel nu ngagunakeun mesin citak nu canggih, terus dikirimkeun ka leuwih ti 120.000 sidang. Éta kabéh dilakukeun ku kulawarga Bétel pikeun ngarojong kagiatan nu pangpentingna, nyaéta ngawawarkeun warta hadé.—Markus 13:10.

  • Saha nu ngawula di Bétel, jeung naon waé nu disadiakeun keur maranéhna?

  • Unggal Bétel ngarojong pagawéan penting naon?