Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 22

Naon nu Dilakukeun di Kantor Cabang?

Naon nu Dilakukeun di Kantor Cabang?

Kepulauan Solomon

Kanada

Afrika Selatan

Anggota kulawarga Bétel ngawula di rupa-rupa departemén pikeun ngurus kagiatan pangwawaran di hiji atawa sababaraha nagri. Maranéhna aya nu narjamahkeun publikasi, nyitak majalah, ngajilid buku, ngurus jeung ngirim bacaan, nyieun publikasi audio vidéo, sarta ngurus hal-hal séjén di wilayahna.

Panitia Cabang ngawaskeun kagiatan di hiji nagri. Badan Pingpinan mercayakeun kagiatan di kantor cabang ka Panitia Cabang nu anggotana téh tilu kokolot atawa leuwih nu geus loba pangalaman. Panitia Cabang méré laporan ka Badan Pingpinan ngeunaan kagiatan atawa masalah nu aya di wilayah cabang éta. Laporan-laporan éta ngabantu Badan Pingpinan pikeun nangtukeun hal-hal naon nu perlu dibahas dina publikasi, pasamoan, jeung kongrés. Badan Pingpinan ogé rutin ngutus wakilna pikeun nganjangan kantor cabang jeung méré pituduh ka Panitia Cabang dina ngalaksanakeun tugasna. (Siloka 11:14) Wakil kantor pusat ieu bakal nepikeun hutbah dina acara istiméwa pikeun ngagedékeun haté dulur-dulur saiman.

Kantor cabang ngarojong kagiatan di sidang-sidang. Sadérék-sadérék nu boga tanggung jawab di kantor cabang nyatujuan dibentukna sidang anyar. Maranéhna ngatur kagiatan para panaratas, misionaris, jeung pangawas wilayah nu aya di nagri éta. Maranéhna ogé ngaorganisasi kongrés-kongrés, ngatur kagiatan pangwangunan Balé Karajaan nu anyar, jeung ngirimkeun bacaan nu dibutuhkeun ku sidang-sidang. Jadi, sagala kagiatan di kantor cabang téh ngarojong kagiatan pangwawaran supaya tartib jeung rapih.—1 Korinta 14:33, 40.

  • Kumaha carana Panitia Cabang ngabantu Badan Pingpinan?

  • Naon waé nu dilakukeun di kantor cabang?