Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 24

Kumaha Kagiatan Urang di Sakuliah Dunya Dibiayaan?

Kumaha Kagiatan Urang di Sakuliah Dunya Dibiayaan?

Nepal

Togo

Inggris

Unggal taun, organisasi urang nyitak tur ngabagikeun ratusan juta Alkitab jeung publikasi haratis. Urang ngawangun jeung ngarawat Balé Karajaan tur kantor cabang. Urang ogé ngarojong rébuan anggota Bétel jeung misionaris, sarta nyadiakeun bantuan kamanusaan waktu aya musibat. Jadi, bisa waé Sadérék nanya, ’Kumaha ieu kabéh dibiayaan?’

Urang teu ménta perpuluhan, iuran, atawa kolékte. Sanajan biaya keur ngarojong kagiatan pangwawaran téh gedé pisan, urang teu ménta-ménta duit. Leuwih ti saratus taun katukang, édisi kadua majalah Warta Hadé nyebutkeun yén urang yakin Yéhuwa bakal ngarojong sarta urang ”moal bakal ménta-ménta ka manusa pikeun ngarojongna”. Urang mémang teu pernah kitu!—Mateus 10:8.

Kagiatan urang didukung ku sumbangan sukaréla. Loba jalma ngahargaan pendidikan Alkitab urang sarta méré sumbangan. Para Saksi ogé réla nyumbangkeun waktu, tanaga, duit, jeung pangaboga séjénna pikeun ngarojong kahoyong Allah di bumi. (1 Babad 29:9) Jalma-jalma bisa ngasupkeun sumbangan ka kotak-kotak di Balé Karajaan atawa di tempat kongrés. Sumbangan ogé bisa dikirimkeun liwat situs Internét urang, jw.org. Kalolobaan sumbangan téh asalna ti jalma-jalma nu saderhana, saperti randa miskin nu dipuji ku Yésus lantaran nyumbangkeun dua kencring ka kotak derma di bait. (Lukas 21:1-4) Jadi, saha waé bisa ”nyengcelengan sakadugana” pikeun ’mere cop jeung hatena’.—1 Korinta 16:2; 2 Korinta 9:7.

Urang yakin Yéhuwa bakal terus ngageuing haté saha waé nu hayang ngadukung suksésna kagiatan pangwawaran jeung ngahormat Mantenna ku barang-barang nu panghadéna.—Siloka 3:9.

  • Naon bédana organisasi urang jeung agama séjén?

  • Sumbangan sukaréla digunakeun keur naon waé?