Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 25

Naon Sababna Balé Karajaan Diwangun jeung Kumaha Carana?

Naon Sababna Balé Karajaan Diwangun jeung Kumaha Carana?

Bolivia

Nigeria, saacan jeung sanggeusna

Tahiti

Tempat ibadah urang disebutna Balé Karajaan. Luyu jeung ngaranna, nu dibahas di tempat ieu aya patalina jeung Karajaan Allah. Éta téh hal utama nu diwawarkeun ku Yésus.—Lukas 8:1.

Éta pusatna ibadah sajati di hiji daérah. Balé Karajaan téh tempat ngaorganisasi pangwawaran warta hadé ngeunaan Karajaan Allah. (Mateus 24:14) Ukuran jeung bentuk Balé Karajaan téh rupa-rupa, tapi kabéhanana saderhana. Loba ogé Balé Karajaan nu dipaké ku leuwih ti hiji sidang. Ti sababaraha taun katukang, urang geus ngawangun puluhan rébu Balé Karajaan (rata-rata lima unggal poéna) lantaran jumlah pawarta jeung sidang ngalobaan. Kumaha ieu bisa dilaksanakeun?—Mateus 19:26.

Éta diwangun maké duit sumbangan. Sumbangan ti kabéh sidang dikirimkeun ka kantor cabang sangkan duitna bisa dipaké keur ngawangun atawa ngoméan Balé Karajaan.

Éta diwangun ku sukarélawan nu asalna jeung kaayaanana béda-béda. Di loba nagri, aya Kelompok Pembangunan Balai Kerajaan. Di antara sukarélawan ieu aya anggota tetep, aya ogé nu sementara. Maranéhna indit ti hiji sidang ka sidang séjén di sakuliah nagri malahan nepi ka daérah nu mencil pikeun ngabantu sidang di daérah éta ngawangun Balé Karajaan. Di nagri séjén, sababaraha Saksi nu geus pangalaman dilantik pikeun ngawaskeun kagiatan ngawangun jeung ngoméan Balé Karajaan di hiji wilayah. Sanajan dibantuan ku sukarélawan nu geus tarampil, lolobana nu digawé mah asalna ti sidang nu keur ngawangun Balé Karajaan. Pangwangunan ieu bisa laksana ku bantuan roh Yéhuwa jeung ku upaya nu sapinuh haté ti umat-Na.—Jabur 127:1; Kolosa 3:23.

  • Naon sababna tempat ibadah urang disebut Balé Karajaan?

  • Kumaha pangwangunan Balé Karajaan di sakuliah dunya bisa laksana?