Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 26

Kumaha Urang Bisa Milu Ngarawat Balé Karajaan?

Kumaha Urang Bisa Milu Ngarawat Balé Karajaan?

Estonia

Zimbabwe

Mongolia

Puerto Riko

Balé Karajaan Saksi-Saksi Yéhuwa téh tempat ibadah ka Yéhuwa. Ku kituna, ngajaga wangunan tetep bersih, rapih, jeung karawat téh mangrupa hak istiméwa jeung bagian penting tina ibadah nu suci. Kabéh bisa milu mantuan.

Daék bebersih sanggeus masamoan. Sanggeus masamoan, sadérék-sadérék resep mersihan jeung mérésan Balé Karajaan. Sacara rutin, urang ogé mersihan Balé Karajaan leuwih taliti ti biasana. Saurang kokolot atawa palayan sidang ngatur pagawéan ieu, biasana maranéhna nuturkeun daptar ngeunaan naon waé nu kudu digawékeun. Gumantung kana kabutuhan, aya nu sasapu, ngepél, ngelapan, mérésan korsi, mersihan jamban, ngelapan kaca jeung eunteung, miceun runtah, atawa mersihan bagian luar jeung buruan. Sataun sakali, aya hiji poé nu dihususkeun pikeun mersihan sakabéh bagian wangunan. Budak leutik ogé bisa milu mantuan, jadi maranéhna diajar pikeun ngahargaan tempat ibadah.—Pandita 5:1.

Daék mantuan lamun aya nu kudu dioméan. Unggal taun, bagian jero jeung bagian luar Balé Karajaan dipariksa sacara rinci. Dumasar kana pamariksaan ieu, parawatan rutin dilakukeun sangkan wangunanana tetep alus jeung bisa ngahémat biaya. (2 Babad 24:13; 34:10) Balé Karajaan nu bersih jeung karawat jadi tempat nu layak pikeun ibadah ka Allah. Lamun urang milu mantuan, urang némbongkeun yén urang nyaah ka Yéhuwa jeung ngahargaan tempat ibadah urang. (Jabur 122:1) Ieu ogé jadi kasaksian nu alus ka masarakat.—2 Korinta 6:3.

  • Ku naon tempat ibadah urang kudu terus dirawat?

  • Naon waé nu kudu dilakukeun sangkan Balé Karajaan tetep bersih?