Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 27

Naon Mangpaatna Perpustakaan di Balé Karajaan?

Naon Mangpaatna Perpustakaan di Balé Karajaan?

Israel

Republik Cheska

Benin

Kepulauan Cayman

Naha Sadérék hayang nambahan pangaweruh ngeunaan Alkitab? Naha Sadérék hayang nyaho leuwih loba ngeunaan ayat, jalma, tempat, atawa hal-hal nu disebutkeun dina Alkitab? Atawa, naha Sadérék hayang nyaho kumaha Alkitab bisa ngabantu Sadérék nyanghareupan masalah? Pék datang ka perpustakaan di Balé Karajaan.

Aya sarana risét. Bisa jadi, Sadérék teu boga kabéh publikasi Saksi-Saksi Yéhuwa dina basa Sadérék. Tapi di perpustakaan Balé Karajaan, ampir kabéh publikasi anyar aya di dinya. Di dinya ogé aya rupa-rupa tarjamahan Alkitab, kamus, jeung buku réferénsi séjénna. Sadérék bisa datang ka perpustakaan saacan atawa sanggeus masamoan. Lamun aya komputer, bisa jadi geus aya Watchtower Library. Ieu téh program komputer nu ngamuat loba publikasi jeung gampang digunakeun pikeun néangan katerangan nu ngajelaskeun hiji topik, kecap, atawa ayat.

Bisa digunakeun ku siswa nu boga tugas dina Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan. Lamun meunang tugas, Sadérék bisa datang ka perpustakaan Balé Karajaan pikeun nyiapkeun tugas Sadérék. Perpustakaan ieu diawaskeun ku Pangawas Pasamoan Kagiatan jeung Kahirupan. Manéhna kudu mastikeun publikasi nu panganyarna geus sadia jeung disusun rapih. Manéhna atawa guru Alkitab Sadérék bisa némbongkeun carana néangan katerangan nu dibutuhkeun. Tapi, bukuna teu meunang dibawa balik. Tangtu urang ogé bakal ngajaga bukuna supaya teu ruksak jeung teu dicurat-corét.

Alkitab ngajelaskeun, lamun hayang ’meunang kanyaho ngeunaan Allah’, urang kudu néanganana lir néangan ”pependeman”. (Siloka 2:1-5) Urang bisa ngamimitianana di perpustakaan Balé Karajaan.

  • Sarana risét naon waé nu disadiakeun di perpustakaan Balé Karajaan?

  • Lamun Sadérék hayang ngagunakeun perpustakaan, saha waé nu bisa ngabantu Sadérék?