Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 28

Aya Naon Waé dina Situs Internét Urang?

Aya Naon Waé dina Situs Internét Urang?

Prancis

Polandia

Russia

Yésus Kristus ngomong ka para muridna, ”Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, sangkan dipiconto kalakuan maraneh nu hade, supaya batur teh ngamulyakeun ka Rama maraneh nu jumeneng di sawarga.” (Mateus 5:16) Sangkan éta kahontal, urang ngamangpaatkeun téknologi modéren, kaasup Internét. Situs Internét resmi urang, jw.org, ngamuat katerangan ngeunaan kapercayaan jeung kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa. Naon waé eusina?

Jawaban Alkitab tina pananya-pananya nu sering ditanyakeun. Sadérék bisa meunang jawaban tina pananya-pananya penting ngeunaan kahirupan. Misalna, risalah Naha Kasangsaraan téh Bakal Aya Ahirna? jeung Naha Urang Bakal Panggih Deui jeung Nu Geus Maot? aya dina Internét dina leuwih ti 900 basa. Sadérék ogé bisa maca Alkitab Terjemahan Dunia Baru dina leuwih ti 160 basa, buku-buku keur diajar Alkitab, kaasup buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?, sarta édisi nu panganyarna tina Warta Hadé jeung Éling! Loba tina publikasi ieu bisa dibaca atawa didéngékeun langsung dina Internét atawa diunduh dina format MP3, PDF, atawa EPUB. Sadérék ogé bisa nyitak sorangan sababaraha artikel pikeun dibikeun ka batur dina basana sorangan. Publikasi urang ogé aya dina bentuk vidéo pikeun puluhan basa isarat. Sadérék bisa ngunduh Alkitab nu dibaca siga drama, film ngeunaan kisah Alkitab, jeung musik nu alus pikeun didéngékeun waktu Sadérék keur nyalsé.

Katerangan nu bisa dipercaya ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa. Aya warta jeung vidéo nu panganyarna ngeunaan kagiatan urang di sakuliah dunya, kajadian nu kaalaman ku Saksi-Saksi Yéhuwa, jeung bantuan kamanusaan ti organisasi urang. Sadérék bisa nyaho katerangan ngeunaan kongrés nu bakal diayakeun sarta alamat ti kantor-kantor cabang urang.

Ku cara ieu, caang bebeneran bisa nepi ka bagian nu pangjauhna di bumi. Jalma-jalma ti unggal benua, kaasup Antartika, bisa meunang mangpaat. Urang ngadoa sangkan firman Yéhuwa ”gancang hasil reujeung gumilang” di sakuliah bumi. Ku kituna, Allah bisa dimulyakeun.—2 Tesalonika 3:1.

  • Kumaha situs jw.org bisa ngabantu leuwih loba jalma diajar Alkitab?

  • Naon nu rék ditingali ku Sadérék dina situs Internét urang?