Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Sadérék Daék Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa?

Naha Sadérék Daék Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa?

Hatur nuhun Sadérék geus nyadiakeun waktu pikeun diajar brosur ieu. Sadérék jadi leuwih wanoh ka Saksi-Saksi Yéhuwa, nyaho naon kagiatan urang, jeung nyaho naon nu dilakukeun ku organisasi urang. Mugia ieu bisa ngabantu Sadérék apal saha nu ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa kiwari. Abdi sadaya ngajurung Sadérék pikeun terus diajar ngeunaan Allah, nyaritakeun hal ieu ka kulawarga jeung babaturan, sarta rutin datang ka pasamoan urang.—Ibrani 10:23-25.

Lamun Sadérék leuwih loba diajar ngeunaan Yéhuwa, Sadérék bakal leuwih ngarasa Mantenna téh nyaah pisan ka Sadérék. Ku kituna, Sadérék ogé bakal sabisa-bisa némbongkeun kanyaah ka Mantenna. (1 Yohanes 4:8-10, 19) Tapi, kumaha ieu bisa dilampahkeun dina kahirupan sapopoé? Naon sababna nuturkeun aturan moral ti Allah téh mawa mangpaat keur Sadérék? Sarta, kumaha carana supaya Sadérék hayang ngalampahkeun kahoyong Allah babarengan jeung urang? Guru Alkitab Sadérék bakal resep ngabahas jawabanana. Ku kituna, Sadérék jeung kulawarga bisa tetep ”hirup nyalindung kana asihing Allah . . . anu baris nyandak [Sadérék] kana hirup anu sayakti jeung langgeng”.—Yudas 21.

Sangkan Sadérék leuwih raket ka Allah, mangga teruskeun palajaran maké buku . . .