Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 3

Rahab Percaya ka Yéhuwa

Rahab Percaya ka Yéhuwa

Bayangkeun urang aya di kota Yériho. Kota ieu aya di tanah Kanaan. Jalma-jalmana teu percayaeun ka Yéhuwa. Di kota ieu, aya hiji awéwé nu ngaranna Rahab.

Waktu Rahab leutik kénéh, manéhna ngadéngé carita kumaha Musa mingpin bangsa Israil kaluar ti Mesir, terus meuntasan Laut Beureum. Ogé, kumaha Yéhuwa ngabantu bangsa Israil ngéléhkeun musuh-musuhna. Ayeuna manéhna ngadéngé yén urang Israil keur nyieun kémah deukeut Yériho!

Rahab nyumputkeun mata-mata ku sabab percaya ka Yéhuwa

Hiji peuting dua urang Israil ngintip kaayaan kota Yériho. Maranéhna disebut mata-mata. Maranéhna datang ka imah Rahab, terus diajak asup jeung mondok di imahna. Peuting éta kénéh, raja Yériho nyahoeun di éta kota aya mata-mata nu datang ka imah Rahab. Jadi, raja ngirim utusan pikeun néwak maranéhna. Rahab nyumputkeun éta mata-mata di hateup imahna, terus ngomong kieu ka utusan raja, ’Tadi mah maranéhna ka dieu, tapi ayeuna geus kalabur ka luar kota. Geura udag, pasti kasusul!’ Hidep nyaho teu ku naon Rahab nyumputkeun éta mata-mata?​— Ku sabab Rahab percaya ka Yéhuwa jeung nyaho Yéhuwa bakal mi­keun tanah Kanaan ka urang Israil.

Saacanna mata-mata indit ti imah Rahab, maranéhna jangji yén Rahab sakulawarga bakal salamet waktu Yériho diancurkeun. Hidep nyaho naon nu kudu dilakukeun ku Rahab?​— Ceuk mara­néhna, ’Cokot ieu tali beureum, beungkeutkeun kana jandéla. Saeusi imah Nyai tangtu bakal salamet.’ Paménta mara­néhna dijalankeun ku Rahab. Sanggeus kitu, naon nu kajadian?​—

Yéhuwa nyalametkeun Rahab jeung kulawargana

Sababaraha poé sanggeusna, urang Israil ngurilingan éta kota bari jempé. Genep poé maranéhna ngurilingan éta kota, sapoé sakuriling. Tapi, dina poé nu katujuh maranéhna ngurilingan éta kota tujuh kali. Terus surak tarik pisan. Yéhuwa ngaruntuhkeun témbok-témbok di sakurilingeun éta kota. Tapi, imah nu aya tali beureum dina jandélana henteu runtuh. Pék tingali dina gambar, nu mana imahna?​— Rahab jeung kulawargana salamet!

Naon nu bisa hidep conto ti Rahab?⁠— Rahab percaya ka Yéhuwa ku sabab manéhna geus ngadéngé kahébatan Yéhuwa. Hidep ogé keur diajar ngeunaan kahébatan Yéhuwa. Hidep percaya teu ka Yéhuwa saperti Rahab?​— Pasti hidep percaya!