Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 4

Manéhna Nyenangkeun Bapana sarta Yéhuwa

Manéhna Nyenangkeun Bapana sarta Yéhuwa

Naon jangji Yépta ka Yéhuwa?

Sanajan teu gampang, tapi budakna Yépta daék ngalaksanakeun jangji bapana

Saha budak awéwé nu aya dina gambar?​— Manéhna téh budakna Yépta. Kitab Suci teu méré nyaho ngaranna, tapi urang dibéré nyaho yén manéhna nyenangkeun bapana sarta Yéhuwa. Hayu urang baca carita ngeunaan manéhna ­jeung Yépta, bapana.

Yépta téh jalma nu bageur. Manéhna sering ngajar budakna ngeunaan Yéhuwa. Manéhna ogé lalaki nu kuat jeung pamingpin nu hébat. Jadi, urang Israil ménta ka manéhna supaya mingpin perang ngalawan musuh-musuhna.

Yépta ngadoa ka Allah ménta bantuan supaya manéhna meunang. Yépta jangji lamun meunang perang, jalma nu pangheulana kaluar ti imah waktu manéhna balik bakal dibaktikeun ka Yéhuwa. Jalma éta bakal cicing jeung digawé di kémah suci Allah saumur hirupna. Kémah suci téh tempat ibadah ka Allah. Ahirna, Yépta ngéléhkeun musuh-musuhna dina perang! Hidep nyaho saha nu pangheulana kaluar waktu Yépta balik ka imahna?​—

Éta téh budak awéwé Yépta, budak nu ngan hiji-hijina. Ayeuna Yépta kudu iklas papisah jeung budakna. Yépta pasti sedih pisan. Tapi, manéhna geus jangji ka Yéhuwa. Budakna ogé ngomong, ’Bapa geus jangji ka Yéhuwa, kudu dilaksana­keun.’

Unggal taun, budakna Yépta dilongok ku babaturanana

Budakna Yépta gé pasti sedih. Di ké­mah suci manéhna teu bisa nikah jeung boga anak. Tapi, manéhna hayang pisan ngabantu bapana ngalaksanakeun jangjina. Manéhna ogé hayang nyenangkeun Yéhuwa. Keur manéhna, éta téh leuwih penting ti batan nikah jeung boga anak. Jadi, manéhna indit ti imah terus cicing di kémah suci saumur hirupna.

Ceuk hidep, budakna Yépta nyenangkeun bapana sarta Yéhuwa teu?​— Tangtu! Lamun hidep ogé nurut jeung nyaah ka Yéhuwa, hidep nyonto budakna Yépta. Hidep ogé bakal nyenangkeun indung bapa hidep jeung Yéhuwa.

^ par. 11 Dina tulisan Ibrani aslina, budakna Yépta cicing di kémah suci saumur hirupna, teu nikah.