Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 6

Daud mah Teu Sieunan

Daud mah Teu Sieunan

Lamun keur sieun, hidep sok kumaha?⁠— Bisa waé hidep ménta tulung ka indung jeung bapa hidep. Tapi, aya deui nu bisa nulungan hidep, nu leuwih kuat ti batan saha waé. Hidep nyaho éta téh saha?⁠— Allah Yéhuwa. Ayeuna, hayu urang baca carita ngeunaan hiji budak lalaki nu ngaranna Daud. Manéhna teu sieunan lantaran nyaho Yéhuwa bakal nulungan manéhna.

Ti orok kénéh, Daud geus diajar ku kolotna pikeun nyaah ka Yéhuwa. Éta ngabantu Daud jadi teu sieunan, sanajan nyangharepan naon waé nu pikasieun­eun. Manéhna nyaho Yéhuwa téh sobatna, jadi pasti bakal nulungan. Hiji poé, waktu Daud keur ngangon domba, aya singa nu ngagugusur dombana. Naon nu dilakukeun ku Daud? Éta singa diudag ku Daud terus dipaéhan ku leungeunna sorangan. Terus waktu aya biruang nu rék ngamangsa dombana, éta biruang ogé dipaéhan ku Daud. Ceuk hidep, saha nu nulungan Daud?⁠— Bener, éta téh Allah Yéhuwa.

Aya kajadian séjénna nu némbong­keun yén Daud bener-bener wanian. Harita, urang Israil keur perang ngalawan urang Pélisti. Aya urang Pélisti nu jangkung badag, siga raksasa, ngaranna Goliat. Manéhna ngahina ka prajurit Israil ogé ka Yéhuwa. Goliat nangtang prajurit Israil gelut jeung manéhna. Tapi, urang Israil sarieuneun. Éta kadéngé­eun ku Daud, pok manéhna ngomong ka Goliat, ’Hayu urang gelut! Yéhuwa bakal ngabantu kuring. Manéh bakal éléh.’ Ceuk hidep, Daud wanieun teu?⁠— Enya, manéhna wanian. Kumaha carita saterusna?

Daud nyokot bandringna jeung batu lima siki. Bandring téh tali keur ngalungkeun batu. Terus Daud nyampeurkeun éta raksasa. Waktu Goliat ningali musuhna ngora kénéh, manéhna ngahina Daud. Tapi, Daud ngomong, ’Manéh datang mawa pedang, tapi kuring mah mawa ngaran Yéhuwa!’ Daud lumpat ka Goliat, terus ngabandringkeun batuna ka Goliat. Beletak, batu téh nanceb kana tarang Goliat! Éta raksasa ngajungkel nyuksruk kana taneuh, manéhna paéh! Urang Pélisti sarieuneun, terus kalalabur. Kumaha budak ngora siga Daud bisa meunang ngalawan raksasa?⁠— Yéhuwa nulungan manéhna. Yéhuwa leuwih kuat ti batan éta raksasa!

Daud teu sieun lantaran manéhna nyaho Yéhuwa bakal nulungan manéhna

Naon nu bisa hidep conto ti Daud?⁠— Yéhuwa leuwih kuat ti batan saha waé. Yéhuwa ogé sobat hidep. Jadi lamun hidep keur sieun, tong poho, Yéhuwa bisa ngabantu hidep jadi wanian!

BACA DINA KITAB SUCI