Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 9

Yérmia Teu Eureun Nyaritakeun Yéhuwa

Yérmia Teu Eureun Nyaritakeun Yéhuwa

Ku naon jalma-jalma nyarékan Yérmia?

Yéhuwa nyalametkeun Yérmia

Waktu urang nyaritakeun Yéhuwa, aya waé nu teu resepeun. Aya nu sok moyokan, aya ogé nu sok nyarékan. Gara-gara éta, urang bisa jadi eureun nyaritakeun Allah. Hidep pernah ngarasa kitu teu?​— Kitab Suci nyaritakeun ngeunaan hiji budak ngora nu ngaranna Yérmia. Manéhna nyaah ka Yéhuwa, tapi manéhna pernah ampir nyerah, embung nyaritakeun Yéhuwa deui. Hayu urang tingali caritana.

Waktu Yérmia ngora kénéh, Yéhuwa méré tugas ka Yérmia. Manéhna dititah ngingetan jalma-jalma supaya teu jarahat deui. Tugas éta téh hésé keur Yérmia. Manéhna ogé sieuneun, jadi manéhna ngomong kieu ka Yéhuwa, ’Abdi teu nyaho kudu ngomong naon, da abdi mah ngora kénéh.’ Tapi, Yéhuwa ngajawab, ’Ulah sieun. Ku Kami bakal ditulungan.’

Jadi, Yérmia ngingetan jalma-jalma, lamun maranéhna teu barobah maranéhna bakal dihukum. Ceuk hidep, jalma-jalma éta ngadéngékeun Yérmia teu?⁠— Henteu. Maranéhna kalah ka moyokan jeung nyarékan Yérmia. Malahan mah aya nu hayang maéhan. Kumaha parasaan Yérmia?⁠— Manéhna sieuneun, terus ngomong kieu, ’Kuring moal bakal nyaritakeun Yéhuwa deui.’ Tapi, naha enya Yérmia nyerah?​— Henteu, manéhna teu nyerah. Manéhna nyaah pisan ka Yéhuwa. Jadi, manéhna teu bisa eureun nyaritakeun Yéhuwa. Ku sabab teu nyerah, Yéhuwa nyalametkeun manéhna.

Contona, aya jalma-jalma jahat nu ngasupkeun Yérmia ka jero sumur nu pinuh ku leutak. Yérmia teu dibéré dahar jeung nginum. Jalma-jalma éta ngantepkeun Yérmia di dinya supaya paéh. Tapi ku Yéhuwa ditulungan, Yérmia bisa salamet!

Naon nu bisa hidep conto ti Yérmia?​— Sanajan sakapeung sok sieun, Yérmia teu eureun nyaritakeun Yéhuwa. Waktu hidep nyaritakeun Yéhuwa, jalma-jalma bisa waé moyokan atawa nyarékan hidep. Hidep bisa waé éra, malahan mah sieun. Tapi, ulah eureun nyaritakeun Yéhuwa. Yéhuwa bakal terus nulungan hidep, sakumaha Yéhuwa nulungan Yérmia.

BACA DINA KITAB SUCI

  • Yermia 1:4-8; 20:7-9; 26:8-19, 24; 38:6-13