Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 11

Maranéhna Nulis Buku Ngeunaan Yésus

Maranéhna Nulis Buku Ngeunaan Yésus

Naha hidep nyaho saha waé nu aya dina gambar?​— Maranéhna téh Mateus, Markus, Lukas, Yohanes, Pétrus, Yakobus, Yudas, jeung Paulus. Maranéhna hirup sajaman jeung Yésus. Maranéhna ogé nulis buku ngeunaan Yésus. Hayu urang diajar ngeunaan maranéhna.

Cik caritakeun, saha jalma-jalma ieu téh?

Tilu di antara maranéhna téh rasul nu pernah ngawartakeun Injil jeung Yésus. Hidep nyaho, saha waé maranéhna téh?​— Mateus, Yohanes jeung Pétrus. Rasul Mateus jeung Rasul Yohanes kenal pisan ka Yésus. Maranéhna gé nulis buku ngeunaan kahirupan Yésus. Rasul Yohanes ogé nulis buku Wahyu jeung tilu surat nu disebut Hiji Yohanes, Dua Yohanes, jeung Tilu Yohanes. Rasul Pétrus nulis dua surat nu aya dina Kitab Suci, nyaéta Hiji Petrus je⁠ung Dua Petrus. Dina suratna nu kadua, Pétrus nuliskeun kajadian waktu Yéhuwa ti sawarga ngomong ka Yésus, ’Ieu téh putra kaasih Kami, anu dipisuka ku Kami.’

Dina gambar éta, aya ogé jalma séjénna nu nulis buku ngeunaan Yésus. Salah sahijina téh Markus. Waktu Yésus ditéwak, Markus aya di dinya, manéhna ningali kabéh kajadianana. Nu séjénna deui Lukas. Manéhna téh dokter. Manéhna kakara jadi urang Kristen sanggeus Yésus maot.

Saperti dina gambar, dua adi lalaki Yésus ogé nulis Kitab Suci. Hidep nyaho saha waé ngaranna?​— Ngaranna téh Yakobus jeung Yudas. Mimitina, maranéhna teu percaya ka Yésus. Malahan maranéhna nyangka Yésus téh rada teu waras. Tapi lila-lila, maranéhna percaya ka Yésus terus jadi urang Kristen.

Dina gambar, aya hiji deui nu nulis Kitab Suci, ngaranna téh Paulus. Saacan manéhna jadi urang Kristen, ngaranna téh Saulus. Manéhna geuleuheun jeung jahat ka urang Kristen. Tapi, ku naon Paulus hayang jadi urang Kristen?​— Hiji poé waktu Paulus keur di jalan ka Damsik, ujug-ujug manéhna ngadéngé aya nu ngomong ka manéhna ti sawarga. Éta téh Yésus. Yésus nanya ka Paulus, ’Ku naon manéh nganiaya murid-murid Kami?’ Sanggeus kajadian éta, Paulus barobah terus jadi urang Kristen. Paulus nulis 14 buku nu aya dina Kitab Suci, ti buku Rum nepi ka buku Ibrani.

Unggal poé, urang sok maca Kitab Suci babarengan. Ku cara maca Kitab Suci, urang diajar loba hal ngeunaan Yésus. Hidep hayang diajar leuwih loba ngeunaan Yésus?​—