Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kawih 139

Ajar Aranjeunna Sangkan Pengkuh

Ajar Aranjeunna Sangkan Pengkuh

(Mateus 28:19, 20)

  1. Pohara gumbirana ngajar

    Domba kagungan Huwa.

    Ningali kamajenganana,

    Ngaraket ka Mantenna.

    (REFREIN)

    Yéhuwa, abdi neneda:

    Teras raksa aranjeunna.

    Ku asmana Yésus Kristus, abdi doa:

    Mugi pengkuh aranjeunna.

  2. Ngadoa pikeun aranjeunna

    Waktu keur kasusahan.

    Maliré, bingbing aranjeunna,

    Ku Huwa diberkahan.

    (REFREIN)

    Yéhuwa, abdi neneda:

    Teras raksa aranjeunna.

    Ku asmana Yésus Kristus, abdi doa:

    Mugi pengkuh aranjeunna.

  3. Mugia aranjeunna iman

    Ka Huwa tur Putra-Na.

    Satia, tumut pituduh-Na,

    Bakal langgeng hirupna.

    (REFREIN)

    Yéhuwa, abdi neneda:

    Teras raksa aranjeunna.

    Ku asmana Yésus Kristus, abdi doa:

    Mugi pengkuh aranjeunna.