Pindah kana eusi

Kumaha Carana Gusti Ngaréngsékeun Masalah di Dunya?

Kumaha Carana Gusti Ngaréngsékeun Masalah di Dunya?

Naha ku . . .

  • pamaréntahan manusa?

  • pamaréntahan Gusti?

  • cara séjénna?

JAWABAN KITAB SUCI

”Allah anu jumeneng di sawarga ngadegkeun hiji karajaan anu moal aya tungtungna.”​—Daniel 2:44, Kitab Suci Nganggo Basa Sunda Sadidinten.

”Keur pimangpa’ateun urang geus medal hiji murangkalih! Hiji putra pameget, anu bakal mingpin urang . . . Kakawasaanana moal aya tungtungna.”​—Yesaya 9:6, 7.

MANGPAATNA KEUR SADÉRÉK

  • Sadérék bisa hirup tengtrem lantaran pamaréntahan Gusti jujur jeung adil.​—Yesaya 48:17, 18.

  • Sadérék bakal séhat, sampurna, jeung bagja di dunya anyar engké.—Wahyu 21:3, 4.

KU NAON JAWABAN KITAB SUCI BISA DIPERCAYA?

Sahenteuna aya dua alesan:

  • Gusti ngadegkeun hiji karajaan jeung ngutus Nabi Isa pikeun némbongkeun naon nu bakal dilaksanakeun ku karajaan éta. Nabi Isa ngajar murid-muridna pikeun ngadoakeun sangkan karajaan éta datang jeung kahoyong Gusti laksana di bumi. (Mateus 6:9, 10) Basa di bumi, Nabi Isa némbongkeun yén Karajaan Gusti bisa ngaréngsékeun kabéh masalah manusa. Anjeunna méré dahar ka nu lapar, nyageurkeun nu gering, malah ngahirupkeun deui nu geus maot! (Mateus 15:29-38; Yohanes 11:38-44) Salaku Raja ti Karajaan Gusti, Nabi Isa némbongkeun hal-hal hadé nu bakal dilakukeun Karajaan éta pikeun rahayatna.​—Wahyu 11:15.

  • Kaayaan dunya ngabuktikeun yén Karajaan Gusti téréh datang. Nabi Isa ngaramalkeun yén saacan Karajaan ieu mawa katengtreman di dunya, bakal aya perang, kalaparan, jeung lini di mana-mana.​—Mateus 24:3, 7.

    Éta kabéh geus kajadian ayeuna. Jadi, urang yakin yén karajaan Gusti sakeudeung deui bakal mungkas kabéh masalah.

PANANYA PIKEUN DIPIKIRKEUN

Bakal kumaha kahirupan urang lamun diparéntah ku Gusti?

Jawabanana aya dina JABUR 37:29 jeung YESAYA 65:21-23.