Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naon Tujuan Allah pikeun Urang?

Naon Tujuan Allah pikeun Urang?

WAKTU Sadérék maca koran, nongton telepisi, atawa ngadangukeun radio, Sadérék ningali jeung ngadangu loba warta ngeunaan kajahatan, perang, jeung térorisme. Bisa waé Sadérék ogé sangsara ku panyakit atawa jalma nu dipikaasih ku Sadérék maot.

Tanyakeun ka diri sorangan:

  • Naha ieu téh rencana Allah pikeun kuring jeung kulawarga kuring?

  • Ti mana kuring bisa meunang bantuan waktu nyanghareupan masalah?

  • Naha bakal aya katengtreman nu langgeng di bumi?

Kitab Suci nyadiakeun jawaban nu nyugemakeun pikeun pananya-pananya éta.

KITAB SUCI NGAJARKEUN YÉN ALLAH BAKAL NYIEUN PAROBAHAN DI BUMI.

  • Kanyeri, awak ngolotan, ogé maot, moal aya-aya deui.​—Wahyu 21:4

  • ”Nu lumpuh bakal bisa luncat jeung ngigel.”​—Yesaya 35:6

  • ”Nu lolong bakal bisa nenjo.”​—Yesaya 35:5

  • Nu maot bakal dihirupkeun deui.​—Yohanes 5:28, 29

  • Moal bakal aya deui nu gering.​—Yesaya 33:24

  • Sakabéh jalma di bumi bakal boga loba dahareun.​—Jabur 72:16

MANGPAAT DIAJAR KITAB SUCI

Bisa jadi Sadérék nyimpulkeun yén hal-hal hadé dina kaca saacanna ngan saukur impian. Tapi, Allah jangji yén moal lila deui Mantenna bakal nyieun parobahan-parobahan éta di bumi, sarta Kitab Suci ngajelaskeun kumaha carana.

Tapi lain éta wungkul, Kitab Suci ogé méré nyaho urang naon nu perlu dilakukeun sangkan bisa hirup bagja jeung sugema ayeuna. Coba pikirkeun hal-hal nu ngahariwangkeun Sadérék. Bisa jadi éta téh masalah kulawarga, ékonomi, panyakit, atawa jalma nu dipikanyaah ku Sadérék maot. Kitab Suci bisa ngabantu Sadérék nyanghareupan masalah-masalah ieu, ogé bisa nengtremkeun haté Sadérék lantaran Kitab Suci méré jawaban pikeun pananya-pananya ieu:

Lamun Sadérék keur maca buku ieu, éta hartina Sadérék hoyong terang naon nu diajarkeun Kitab Suci. Buku ieu bisa ngabantu Sadérék. Dina unggal paragrap, aya pananya-pananya nu ngabantu Sadérék leuwih paham kana Kitab Suci. Jutaan jalma resep ngabahas Kitab Suci jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Sim kuring miharep Sadérék gé kitu. Mugia Allah ngaberkahan upaya Sadérék pikeun paham naon nu diajarkeun Kitab Suci!