Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL OPAT

Saha Yésus Kristus téh?

Saha Yésus Kristus téh?

1, 2. (a) Naha Sadérék bisa dianggap kenal ka jalma nu kasohor lamun ngan nyaho ngaranna wungkul? Jelaskeun. (b) Kumaha anggapan jalma-jalma ngeunaan Yésus?

DI DUNYA ieu loba jalma nu kasohor. Sadérék bisa waé nyaho ngaranna, tapi can tangtu kenal ka manéhna, can tangtu nyaho kumaha kahirupanana jeung naon nu dipikaresep ku manéhna.

2 Sadérék bisa waé nyaho ka Yésus Kristus (Isa Al-Masih), sanajan anjeunna hirup di bumi 2.000 taun ka tukang. Tapi, loba jalma teu nyaho saha saenyana Yésus téh. Aya nu nganggap Yésus téh nabi, jalma nu bageur, jeung aya nu percaya yén anjeunna téh Allah. Ceuk Sadérék, saha Yésus téh?​—Tingali Catetan Ahir 12.

3. Naon sababna kenal ka Allah Yéhuwa jeung Yésus Kristus téh penting?

3 Nyaho saha saenyana Yésus téh penting. Naon sababna? Kitab Suci méré nyaho urang, ”Dupi hirup langgeng teh nya eta: Terang ka Ama, Allah sajati anu mung hiji, sareng ka utusan Ama, Yesus Kristus.” (Yohanes 17:3) Lamun Sadérék nyaho saha saenyana Yéhuwa jeung Yésus, Sadérék bisa hirup langgeng di bumi pirdaus. (Yohanes 14:6) Sadérék bakal meunang mangpaat lamun kenal ka Yésus. Anjeunna méré conto carana hirup bener jeung carana némbongkeun kahadéan ka batur. (Yohanes 13:34, 35) Di Pasal 1, urang geus nyaho saha saenyana Allah téh. Di pasal ieu, urang bakal nyaho naon nu diajarkeun Kitab Suci ngeunaan Yésus.

KURING GEUS PAPANGGIH JEUNG MÉSIAS!

4. Naon hartina kecap ”Mésias” jeung ”Kristus” téh?

4 Mangtaun-taun saacan Yésus lahir, Yéhuwa jangji dina Kitab Suci yén Mantenna bakal ngutus Mésias (Al-Masih) atawa Kristus. Kecap ”Mésias” asalna tina basa Ibrani, lamun kecap ”Kristus” tina basa Yunani. Pribadi nu disebut Mésias atawa Kristus téh nyaéta pribadi nu dipilih ku Allah pikeun kadudukan istiméwa. Mésias bakal ngawujudkeun sakabéh jangji Allah. Malahan ayeuna gé, Yésus bisa mantuan Sadérék. Tapi, saacan Yésus lahir, loba jalma hayang nyaho, ’Saha nu bakal jadi Mésias?’

5. Naha murid-murid Yésus yakin yén Yésus téh Mésias?

5 Murid-murid Yésus yakin yén Yésus téh Mésias. (Yohanes 1:41) Contona, Simon Pétrus ngomong ka Yésus, ”Bapa teh Kristus.” (Mateus 16:16) Kumaha urang bisa yakin yén Yésus téh Mésias?

6. Kumaha carana Yéhuwa ngabantu jalma-jalma sangkan nyaho nu mana Mésias téh?

6 Mangtaun-taun saacanna Yésus lahir, nabi-nabi Allah geus nuliskeun rincian ngeunaan Mésias. Ku kituna, jalma-jalma bakal nyaho saha nu jadi Mésias téh. Contona, lamun Sadérék rék mapagkeun jalma di términal beus tapi can pernah panggih jeung manéhna, Sadérék kudu nyaho ciri-cirina supaya teu salah. Kitu ogé, Yéhuwa ngagunakeun nabi-nabi-Na pikeun masihan terang urang ngeunaan naon nu bakal dilakukeun jeung nu bakal kaalaman ku Mésias. Nubuat-nubuat nu geus kabuktian ngayakinkeun jalma-jalma yén Yésus téh Mésias.

7. Dua nubuat naon nu ngabuktikeun yén Yésus téh Mésias?

7 Ieu dua nubuat di antarana. Nu kahiji, 700 taun saacan Yésus lahir, nabi Mika nganubuatkeun yén Mésias bakal lahir di kota leutik nu ngaranna Bétléhém. (Mika 5:1) Kitu pisan kajadianana! (Mateus 2:1, 3-10) Nu kadua, Daniél nganubuatkeun yén Mésias bakal muncul taun 29 M. (Daniel 9:25, NW) Ieu téh dua di antara loba nubuat nu ngabuktikeun yén Yésus téh Mésias nu dijangjikeun.​—Tingali Catetan Ahir 13.

Waktu dibaptis, Yésus jadi Mésias atawa Kristus

8, 9. Waktu Yésus dibaptis, kajadian naon nu ngabuktikeun yén anjeunna téh Mésias?

8 Yéhuwa jelas pisan nunjukkeun yén Yésus téh Mésias. Allah jangji bakal masihan tanda ka Yohanes Jurubaptis sangkan manéhna nyaho nu mana Mésias téh. Waktu Yésus dibaptis ku Yohanes taun 29 M di Walungan Yordan, Yohanes ningali éta tanda. Kitab Suci méré nyaho kajadianana, ”Sanggeus beres dibaptisna, Yesus timbul ti jero cai. Bray sapada harita keneh langit muka palebah Anjeunna, sarta Anjeunna ningali Roh Allah lungsur siga manuk japati, terus eunteup ka Anjeunna. Tuluy aya soara ti langit, ungelna, ’Ieu teh Putra kaasih Kami, anu kamanah ku Kami!’” (Mateus 3:16, 17) Waktu Yohanes ningali sarta ngadéngé éta tanda, manéhna yakin yén Yésus téh Mésias. (Yohanes 1:32-34) Dina poé éta, Yéhuwa masihan roh-Na ka Yésus, Yésus jadi Mésias. Anjeunna nu dipilih ku Yéhuwa jadi Pamingpin jeung Raja.​—Yesaya 55:4.

9 Nubuat Kitab Suci, sabda Yéhuwa, sarta tanda ti Yéhuwa waktu Yésus dibaptis, éta bukti yén Yésus téh Mésias. Tapi, ti mana asalna Yésus? Jalma nu saperti kumaha Yésus téh? Hayu urang tingali naon anu dijelaskeun ku Kitab Suci.

TI MANA ASALNA YÉSUS?

10. Naon anu diajarkeun Kitab Suci ngeunaan kahirupan Yésus saacan datang ka dunya?

10 Kitab Suci méré nyaho urang yén Yésus téh geus lila hirup di sawarga saacanna hirup di bumi. Mika ogé nuliskeun yén Mésias téh geus aya ”ti jaman baheula”. (Mika 5:1) Yésus sababaraha kali nyarita yén anjeunna téh geus hirup di sawarga saacan datang ka dunya. (Baca Yohanes 3:13; 6:38, 62; 17:4, 5) Anjeunna geus boga hubungan nu istiméwa jeung Yéhuwa ti saprak hirup di sawarga.

11. Naon sababna Yéhuwa nyaah pisan ka Yésus?

11 Yéhuwa nyaah pisan ka Yésus. Naon sababna? Sabab Yésus diciptakeun saacan Allah nyiptakeun sakabéh mahluk jeung jagat raya. Ku kituna Yésus disebut ”Putra cikal”. * (Kolosa 1:15) Yésus ogé dipikanyaah lantaran ngan Yésus hiji-hijina nu diciptakeun langsung ku Yéhuwa. Ku sabab éta, Yésus disebut ”Putra tunggal-Na”. (Yohanes 3:16) Ngan Yésus anu digunakeun ku Yéhuwa pikeun nyiptakeun nu séjénna. (Kolosa 1:16) Sarta, ngan Yésus nu disebut ”Pangandika” atawa Firman, lantaran ku jalan anjeunna, Yéhuwa masihan amanat jeung pituduh ka malaikat sarta manusa.​—Yohanes 1:14.

12. Ti mana urang nyaho yén Yésus jeung Allah téh teu sarua?

12 Loba jalma percaya yén Yésus téh sarua jeung Allah. Tapi, Kitab Suci teu ngajarkeun kitu. Yésus diciptakeun ku Yéhuwa, jadi Yésus aya mimitina. Yéhuwa mah nu nyiptakeun, jadi Mantenna teu aya mimitina. (Jabur 90:2) Sabagé Putra Allah, Yésus teu hayang nyaingan Bapana. Kitab Suci écés ngajelaskeun yén Bapa leuwih agung ti batan Putra. (Baca Yohanes 14:28; 1 Korinta 11:3.) Ngan Yéhuwa nu pantes disebut ”Allah Nu Maha Kawasa”. (Kajadian 17:1) Mantenna téh pribadi nu pangagungna sarta pangkuatna di jagat raya.​—Tingali Catetan Ahir 14.

13. Naon sababna Kitab Suci nyebut Yésus ”wujudna [gambaran] Allah”?

13 Salila jutaan taun saacanna nyiptakeun langit jeung bumi, Yéhuwa jeung Yésus, Putra-Na, didamel sauyunan. Geus pasti, Yéhuwa jeung Yésus téh silih pikanyaah! (Yohanes 3:35; 14:31) Yésus bener-bener nyonto sipat-sipat bapana, ku kituna anjeunna cocog disebut ”wujudna [gambaran] Allah”.​—Kolosa 1:15.

14. Kumaha carana Yésus lahir ka dunya jadi manusa?

14 Putra Yéhuwa nu dipikanyaah ieu réla ninggalkeun sawarga sarta lahir ka dunya jadi manusa. Kumaha carana? Ku cara mujijat, Yéhuwa mindahkeun kahirupan Yésus ti sawarga ka rahim parawan Mariam. Jadi, Yésus mah teu boga bapa manusa. Mariam ngalahirkeun putra nu sampurna, nu dingaranan Yésus.​—Lukas 1:30-35.

JALMA NU KUMAHA YÉSUS TÉH?

15. Kumaha carana Sadérék bisa leuwih kenal ka Yéhuwa?

15 Lamun Sadérék hayang nyaho ngeunaan Yésus, kahirupanana, jeung sipat-sipatna, Sadérék bisa maca kitab Mateus, Markus, Lukas, jeung Yohanes. Kitab-kitab éta disebut Injil. Yésus boga sipat-sipat nu sarua jeung Bapana. Jadi, lamun Sadérék maca ngeunaan kahirupan Yésus, Sadérék bakal leuwih kenal ka Yéhuwa. Ku sabab éta, Yésus ngomong, ”Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama.”​—Yohanes 14:9.

16. Naon nu diajarkeun ku Yésus? Ti mana asalna pangajaran Yésus téh?

16 Loba jalma nyebut Yésus téh ”Guru”. (Yohanes 1:38; 13:13) Hal pangpentingna nu diajarkeun ku Yésus nyaéta ”Injil Kasalametan ngeunaan Karajaan Sawarga”. Naon Karajaan Sawarga téh? Éta téh pamaréntahan Allah di sawarga nu bakal maréntah sakuliah bumi sarta ngaberkahan jalma-jalma nu taat ka Allah. (Mateus 4:23) Kabéh nu diajarkeun ku Yésus asalna ti Yéhuwa. Ceuk Yésus, ”Ieu pangajaran lain pangajaran ti Kaula pribadi, tapi ti Allah anu ngutus Kaula.” (Yohanes 7:16) Yésus nyaho yén Allah miharep jalma-jalma ngadéngé warta hadé ngeunaan Karajaan Allah nu bakal maréntah bumi.

17. Di mana Yésus ngajar? Naon sababna Yésus enya-enya ngajalankeunana?

17 Di mana Yésus ngajar? Di mana waé ayana jalma. Yésus ngajar di kota, di désa, di pasisian, di pasar, di tempat ibadah, jeung di imah-imah. Yésus teu ngadagoan jalma-jalma datang ka anjeunna, tapi Yésus nu nyampeurkeun maranéhna. (Markus 6:56; Lukas 19:5, 6) Yésus enya-enya ngajalankeunana sarta maké waktu jeung tanagana pikeun ngajar jalma-jalma. Naon sababna? Yésus nyaho yén Allah miharep hal éta ti anjeunna jeung Yésus ogé hayang taat ka Bapana. (Yohanes 8:28, 29) Yésus ngawarta lantaran karunya ka jalma-jalma. (Baca Mateus 9:35, 36.) Yésus nyaho para pamingpin agama teu ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah jeung Karajaana-Na. Jadi, anjeunna hayang ngabantu saloba-lobana jalma sangkan ngadéngé warta hadé.

18. Sipat Yésus mana nu narik ati Sadérék?

18 Yésus téh jalma anu nyaah jeung perhatian ka batur. Anjeunna ogé bageur jeung gampang dideukeutan, nepi ka budak leutik gé teu asa-asa ka anjeunna. (Markus 10:13-16) Yésus teu pernah pilih kasih. Anjeunna ngéwaeun ka nu sok korupsi jeung teu adil. (Mateus 21:12, 13) Di jaman éta, awéwé sok disapirakeun sarta teu dihargaan. Tapi, Yésus mah ngahargaan jeung hormat ka awéwé. (Yohanes 4:9, 27) Yésus rendah haté nepi ka daék ngumbah suku murid-muridna, nu biasana dipigawé ku palayan.​—Yohanes 13:2-5, 12-17.

Yésus ngawarta di mana waé ayana jalma

19. Naon buktina Yésus nyaho pangabutuh jalma-jalma sarta hayang nulungan maranéhna?

19 Yésus nyaho naon nu dibutuhkeun ku jalma-jalma, sarta anjeunna hayang nulungan maranéhna. Yésus ngagunakeun kawasa ti Allah pikeun nyageurkeun jalma-jalma. (Mateus 14:14) Contona, aya jalma lépra datang ka Yésus terus ngomong, ”Manawi Juragan kersa, Juragan iasa nyageurkeun abdi.” Yésus ngarasakeun kasusah jeung kapeurih éta jalma. Anjeunna karunyaeun jeung hayang nyageurkeun manéhna. Jadi, Yésus nyabak éta jalma sarta ngomong, ”Heug, geura cageur.” Manéhna langsung cageur! (Markus 1:40-42) Naha kabayang ku Sadérék kumaha parasaan manéhna?

TETEP SATIA KA BAPANA

20, 21. Kumaha Yésus jadi conto panghadéna pikeun taat ka Allah?

20 Yésus téh conto panghadéna pikeun taat ka Allah. Teu sual naon nu kaalaman jeung naon nu dilakukeun ku musuhna, anjeunna tetep satia ka Bapana. Contona, Yésus teu taluk ku godaan Sétan. (Mateus 4:1-11) Sababaraha ti kulawarga Yésus teu percaya yén anjeunna téh Mésias jeung nganggap anjeunna téh ”geus kirang emutan”, tapi Yésus tetep ngajalankeun tugas ti Allah. (Markus 3:21, Sunda Formal) Waktu musuh-musuhna nganiaya, Yésus tetep satia ka Allah jeung teu ngabales maranéhna.​—1 Petrus 2:21-23.

21 Sanajan ngalaman sangsara jeung keur sakarat, Yésus tetep satia ka Yéhuwa. (Pilipi 2:8) Bayangkeun naon anu dialaman ku Yésus dina poé panungtung kahirupanana. Anjeunna ditéwak, dipitnah ku saksi-saksi palsu, dihukum ku hakim-hakim nu jahat, diléléwé ku gorombolan, sarta disiksa jeung dipakukeun kana tihang ku serdadu. Waktu keur sakarat, Yésus ngomong, ”Geus tutas!” (Yohanes 19:30) Tilu poé sanggeus Yésus pupus, Yéhuwa ngahirupkeun deui anjeunna dina wujud roh. (1 Petrus 3:18) Sababaraha minggu ti harita, Yésus mulang ka sawarga, ”linggih di tengeneun Allah”, terus nungguan nepi ka Allah ngajadikeun anjeunna Raja.​—Ibrani 10:12, 13.

22. Urang boga kasempetan naon lantaran Yésus satia ka Bapana?

22 Lantaran Yésus tetep satia ka Bapana, urang boga kasempetan pikeun hirup langgeng di bumi pirdaus, luyu jeung tujuan Yéhuwa. Di pasal saterusna, urang bakal diajar kumaha pupusna Yésus muka jalan sangkan urang bisa hirup langgeng.

^ par. 11 Yéhuwa disebut Bapa lantaran Mantenna Nu Nyipta. (Yesaya 64:8) Yésus disebut Putra Allah lantaran diciptakeun ku Yéhuwa. Kitu ogé, mahluk roh jeung manusa mimiti, Adam, bisa disebut putra Allah.​—Lukas 3:38.