Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL LIMA

Tebusan​—Hadiah Panghadéna ti Allah

Tebusan​—Hadiah Panghadéna ti Allah

1, 2. (a) Saperti kumaha hadiah nu hadé téh? (b) Naon sababna tebusan téh hadiah panghadéna ti Yéhuwa?

NAON hadiah panghadéna nu pernah Sadérék tarima? Hadiahna teu kudu mahal. Tapi, lamun éta hadiah ngabagjakeun jeung dibutuhkeun, Sadérék tangtu nganuhunkeun pisan.

2 Yéhuwa masihan urang loba hadiah. Tapi, aya hiji hadiah nu bener-bener dibutuhkeun ku urang. Éta téh hadiah panghadéna ti Allah keur umat manusa. Di pasal ieu, urang bakal diajar yén Yéhuwa ngutus Putra-Na, Yésus Kristus, jadi tebusan sangkan urang bisa hirup langgeng. (Baca Mateus 20:28.) Éta bukti yén Yéhuwa téh bener-bener mikaasih urang.

NAON TEBUSAN TÉH?

3. Naon sababna manusa maot?

3 Tebusan téh cara Yéhuwa pikeun ngabébaskeun manusa tina dosa jeung maot. (Epesus 1:7) Naon sababna urang butuh tebusan? Urang perlu nyaho heula kajadian di taman Éden mangrébu-rébu taun katukang. Harita, kolot urang nu mimiti, Adam jeung Hawa, ngalakukeun dosa nu ngalantarankeun maranéhna maot. Urang gé maot lantaran urang ngawarisan dosa ti Adam jeung Hawa.​—Tingali Catetan Ahir 9.

4. Saha Adam téh, jeung kumaha kaayaanana?

4 Waktu Yéhuwa nyiptakeun manusa nu mimiti, Adam, Mantenna masihan kahirupan nu sampurna. Adam boga pikiran jeung awak nu sampurna. Éta hartina manéhna moal gering, moal ngolotan, jeung moal maot. Lantaran Adam diciptakeun ku Yéhuwa, Mantenna saperti bapa keur manéhna. (Lukas 3:38) Yéhuwa osok ngobrol jeung Adam. Yéhuwa ogé masihan pituduh jeung pagawéan nu nyenangkeun ka Adam.​—Kajadian 1:28-30; 2:16, 17.

5. Kitab Suci nyebutkeun yén Adam téh diciptakeun ”nyeples Mantenna”, naon hartina?

5 Adam diciptakeun ”nyeples Mantenna”. (Kajadian 1:27) Yéhuwa masihan Adam sipat-sipat nu sarua jeung Mantenna, nyaéta kaasih, hikmat, adil, jeung kawasa. Adam ogé dibéré kabébasan milih. Adam téh lain robot, jadi manéhna bisa milih ngalakukeun nu bener atawa nu salah. Lamun milih taat ka Allah, manéhna bakal hirup langgeng di Pirdaus.

6. Waktu Adam ngalakukeun dosa, manéhna kaleungitan naon? Naon pangaruhna ka urang?

6 Lantaran teu taat ka Allah, Adam dihukum pati jeung kaleungitan sagalana. Manéhna kaleungitan hubungan nu istiméwa jeung Yéhuwa, kahirupan nu sampurna, jeung teu bisa hirup deui di Pirdaus. (Kajadian 3:17-19) Adam jeung Hawa ogé jadi teu boga harepan. Ku lantaran Adam, ”dosa asup ka dunya . . . Eta dosa mawa maot. Balukarna, maot teh sumebar sarta tumerap ka sakumna manusa, sabab sakabeh manusa geus keuna ku dosa”. (Rum 5:12) Waktu Adam dosa, manéhna ’ngajual’ dirina sarta turunanana jadi budak dosa jeung maot. (Rum 7:14) Naha aya harepan pikeun urang? Aya.

7, 8. Naon tebusan téh?

7 Naon tebusan téh? Tebusan biasana dibasakeun kana dua hal. Kahiji, tebusan téh nyaéta harga nu dibayarkeun pikeun ngabébaskeun jalma atawa pikeun nebus barang. Kadua, tebusan téh nyaéta harga nu dibayarkeun pikeun nutupan biaya.

8 Euweuh hiji jalma ogé nu bisa mayar karuksakan nu dijieun ku Adam waktu manéhna dosa jeung ngalantarankeun urang maot. Tapi, Yéhuwa nyadiakeun jalan sangkan urang bisa bébas tina dosa jeung maot. Hayu urang bahas kumaha tebusan bisa méré mangpaat pikeun urang.

CARANA YÉHUWA NYADIAKEUN TEBUSAN

9. Kumaha tebusan bisa dibayar?

9 Moal aya saurang-urang acan nu bisa nebus kahirupan sampurna nu dileungitkeun ku Adam. Naon sababna? Sabab urang kabéh teu sampurna. (Jabur 49:8, 9) Tebusan kudu dibayar ku kahirupan manusa nu sampurna deui. Kitab Suci nyebutkeun yén Yésus ”ngurbankeun anjeun supaya kabeh manusa bisa disalametkeun”. (1 Timoteus 2:6) Kahirupan sampurna nu dikorbankeun ku Yésus sabanding jeung kahirupan nu dileungitkeun ku Adam.

10. Kumaha carana Yéhuwa nyadiakeun tebusan?

10 Kumaha carana Yéhuwa nyadiakeun tebusan? Yéhuwa ngutus Putra-Na nu dipikanyaah ka bumi. Éta téh Yésus, nu cikal di antara ciptaan. (1 Yohanes 4:9, 10) Yésus réla ninggalkeun Bapana sarta kahirupanana di sawarga. (Pilipi 2:7) Yéhuwa mindahkeun kahirupan Yésus ti sawarga sangkan dilahirkeun jadi manusa sampurna nu teu boga dosa.​—Lukas 1:35.

Yéhuwa ngorbankeun Putra-Na nu dipikanyaah jadi tebusan pikeun urang

11. Kumaha carana hiji manusa bisa jadi tebusan pikeun sakabéh manusa?

11 Ku sabab Adam teu taat ka Allah, sakabéh manusa kaleungitan kahirupan nu sampurna. Naha aya manusa nu bisa ngabébaskeun sakabéh turunan Adam tina maot? Aya. (Baca Rum 5:19.) Yésus, nu teu boga dosa, ngorbankeun kahirupanana nu sampurna pikeun jadi tebusan. (1 Korinta 15:45) Kahirupanana nu sampurna bisa ngabébaskeun sakabéh turunan Adam tina maot.​—1 Korinta 15:21, 22.

12. Naon sababna Yésus kudu sakitu sangsarana?

12 Kitab Suci ngajelaskeun kumaha sangsarana Yésus saacan anjeunna pupus. Anjeunna dipecutan, dipakukeun dina tihang, jeung kasiksa nepi ka pupusna. (Yohanes 19:1, 16-18, 30) Naon sababna Yésus kudu sakitu sangsarana? Lantaran Sétan nuduh yén moal aya manusa nu bakal tetep satia ka Allah lamun kudu ngalaman sangsara. Yésus ngabuktikeun yén manusa sampurna bisa tetep satia ka Allah sanajan sangsara. Yésus nyukakeun haté Yéhuwa.​—Siloka 27:11; tingali Catetan Ahir 15.

13. Kumaha tebusan dibayar?

13 Kumaha tebusan dibayar? Yésus kudu masrahkeun kahirupan nu sampurna ka Bapana. Tanggal 14 Nisan taun 33 dina kalénder Yahudi, Yéhuwa ngidinan Yésus dipaéhan ku musuh-musuhna. (Ibrani 10:10) Tapi, tilu poé sanggeusna, Yéhuwa ngahirupkeun deui Yésus, lain sabagé manusa, tapi sabagé mahluk roh. Di sawarga, Yésus masrahkeun kahirupan manusa sampurnana nu geus dikorbankeun sabagé tebusan ka Bapana. (Ibrani 9:24) Ku dibayarna tebusan, urang boga harepan pikeun dibébaskeun tina dosa jeung maot.​—Baca Rum 3:23, 24.

MANGPAAT TEBUSAN PIKEUN SADÉRÉK

14, 15. Kumaha carana sangkan dosa urang dihampura?

14 Urang geus ngarasakeun mangpaatna tebusan. Hayu urang tingali naon mangpaatna pikeun kahirupan urang ayeuna sarta keur mangsa pikahareupeun.

15 Dosa-dosa urang dihampura. Tangtu teu gampang terus-terusan ngalakukeun nu bener. Urang sering salah, boh dina omongan boh dina kalakuan. (Kolosa 1:13, 14) Kumaha carana sangkan urang bisa dihampura? Urang kudu bener-bener tobat jeung ménta pangampura ti Yéhuwa. Lamun geus kitu, urang bisa yakin yén dosa-dosa urang dihampura.​—1 Yohanes 1:8, 9.

16. Naon nu perlu dilakukeun sangkan haté sanubari urang bersih?

16 Urang bisa boga haté sanubari nu bersih. Lamun haté sanubari urang méré nyaho yén urang téh salah, urang ngarasa kaduhung, teu boga harepan, jeung leutik haté. Tapi, ulah putus asa. Lamun urang ménta pangampura ti Yéhuwa, urang bisa yakin yén Mantenna bakal ngadangukeun jeung ngahampura urang. (Ibrani 9:13, 14) Yéhuwa miharep urang nyaritakeun masalah jeung kalemahan urang. (Ibrani 4:14-16) Ku kituna, urang bisa rukun jeung Allah.

17. Ku pupusna Yésus, urang bisa narima kurnia naon?

17 Urang boga harepan hirup langgeng. ”Upahna dosa teh maot, sabalikna ari kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng” ku jalan Yésus Kristus. (Rum 6:23) Lantaran Yésus pupus pikeun urang, urang bisa hirup langgeng jeung boga kaséhatan nu sampurna. (Wahyu 21:3, 4) Tapi, urang kudu kumaha sangkan bisa narima éta kurnia?

NAHA SADÉRÉK NGAHARGAAN TEBUSAN?

18. Ti mana urang nyaho yén Yéhuwa téh mikaasih urang?

18 Kumaha parasaan Sadérék lamun dibéré hadiah nu alus? Sadérék pasti nganuhunkeun pisan. Kitu ogé urang nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa lantaran geus dibéré hadiah nu panghadéna nyaéta tebusan. Yohanes 3:16 ngajelaskeun yén ”kacida mikaasihna Allah ka alam dunya, nepi ka masihkeun Putra tunggal-Na”. Yéhuwa memang kacida mikaasihna ka urang nepi ka ngorbankeun Putra-Na nu dipikanyaah, Yésus. Yésus ogé réla pupus demi urang lantaran mikaasih urang. (Yohanes 15:13) Jadi, tebusan téh bukti yén Yéhuwa jeung Yésus mikaasih Sadérék.​—Galata 2:20.

Lamun urang terus diajar ngeunaan Yéhuwa, urang bakal jadi sobat-Na jeung leuwih mikaasih Mantenna

19, 20. (a) Kumaha carana Sadérék bisa jadi sobat Yéhuwa? (b) Naon buktina Sadérék narima korban tebusan Yésus?

19 Sanggeusna diajar ngeunaan kaasih Allah, kumaha carana Sadérék bisa jadi sobat-Na? Teu gampang mikanyaah jalma nu teu dikenal ku urang. Kitu ogé ka Allah. Yohanes 17:3 méré nyaho yén urang bisa kenal ka Yéhuwa. Lamun Sadérék terus diajar ngeunaan Mantenna, Sadérék bakal leuwih mikaasih Mantenna, nyukakeun Mantenna, terus jadi sobat-Na. Jadi, Sadérék perlu terus diajar ngeunaan Yéhuwa ku cara diajar Kitab Suci.​—1 Yohanes 5:3.

20 Tarima korban tebusan Yésus. Kitab Suci nyebutkeun yén ”saha bae anu percaya ka Putra-Na bakal meunang hirup langgeng”. (Yohanes 3:36) Naon hartina percaya? Éta hartina urang kudu ngalarapkeun pangajaran Yésus. (Yohanes 13:15) Lain ngan saukur ngaku percaya tapi kudu aya prakprakanana. Yakobus 2:26 nyebutkeun yén ”iman henteu jeung lampah teh paeh”.

21, 22. (a) Naon sababna urang perlu hadir di acara Pangéling-ngéling pupusna Kristus unggal taun? (b) Naon nu bakal dibahas di Pasal 6 jeung 7?

21 Hadir di acara Pangéling-ngéling pupusna Kristus. Peuting saacanna pupus, Yésus maréntahkeun urang pikeun miéling pupusna anjeunna. Éta acara disebutna Pangéling-ngéling pupusna Kristus, nu diayakeun unggal taun. (Mateus 26:26-28) Yésus miharep urang inget yén anjeunna geus ngorbankeun kahirupan sampurnana jadi tebusan pikeun urang. Anjeunna maréntahkeun, ”Lalampahkeun cara kieu, pikeun pangeling-eling ka Kami.” (Baca Lukas 22:19.) Hadir di ieu acara némbongkeun yén Sadérék ngahargaan korban tebusan sarta kaasih Yéhuwa jeung Yésus ka urang.​—Tingali Catetan Ahir 16.

22 Tebusan téh hadiah panghadéna pikeun urang. (2 Korinta 9:14, 15) Malahan mah tebusan ogé mawa mangpaat pikeun jalma-jalma nu geus maraot. Hal éta bakal dibahas di Pasal 6 jeung 7.