Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL SALAPAN

Naha Ahir Dunya téh Geus Deukeut?

Naha Ahir Dunya téh Geus Deukeut?

1. Ti mana urang bisa nyaho mangsa pikahareupeun?

LAMUN urang lalajo berita di telepisi, kadang urang sok mikir, ’Naha kaayaan téh engkéna bakal leuwih susah?’ Loba jalma percaya yén lobana musibah jeung kajahatan téh tanda yén urang geus deukeut kana ahir dunya. Naha éta téh bener? Naha aya cara pikeun nyaho mangsa pikahareupeun? Aya. Sanajan euweuh manusa nu bisa nyaho mangsa pikahareupeun, Yéhuwa mah bisa. Dina Kitab Suci, Yéhuwa masihan terang urang ngeunaan mangsa pikahareupeun urang sarta bumi.​—Yesaya 46:10; Yakobus 4:14.

2, 3. Naon nu ditanyakeun ku murid Yésus, sarta naon jawaban Yésus?

2 Kitab Suci nyebutkeun yén ahir dunya téh lain ahir planét bumi, tapi ahir pikeun jalma-jalma nu jarahat. Yésus ngajarkeun yén Karajaan Allah bakal maréntah bumi. (Lukas 4:43) Murid-murid Yésus hayangeun nyaho iraha datangna Karajaan Allah, terus maranéhna nanya, ”Mugi diwartoskeun, anu tadi disaurkeun teh iraha pijadieunana? Kitu deui perkawis pisumpingeun Bapa engke sareng ahir jaman, kumaha galagatna?” (Mateus 24:3) Yésus teu méré nyaho tanggalna, tapi méré nyaho naon nu bakal kajadian saacan ahir dunya. Naon nu disebutkeun ku Yésus téh kajadian ayeuna.

3 Di pasal ieu, urang bakal ngabahas bukti-bukti yén urang hirup di ahir jaman. Sangkan urang ngarti naon sababna aya kajadian-kajadian goréng di dunya, hayu urang bahas heula hiji perang di sawarga.

PERANG DI SAWARGA

4, 5. (a) Naon nu kajadian di sawarga sanggeus Yésus jadi Raja? (b) Dumasar kana Wahyu 12:12, kumaha kaayaan bumi sanggeus Sétan dibalangkeun?

4 Di Pasal 8, urang geus ngabahas yén Yésus téh jadi Raja di sawarga taun 1914. (Daniel 7:13, 14) Kitab Wahyu ngajelaskeun, ”Geus kitu aya perang di sawarga. Mikail [Yésus] jeung para malaikatna merangan naga [Sétan] jeung para malaikatna.” * Sétan jeung roh-roh jahatna éléh dina perang éta, tuluy dibalangkeun ka bumi. Malaikat-malaikat nu satia galumbira. Tapi, kumaha kaayaan bumi? Kitab Suci ngajelaskeun yén loba kasangsaraan di bumi. Ku naon? Lantaran Iblis ambek pisan, ”da nyahoeun geus deukeut kana panungtunganana”.​—Wahyu 12:7, 9, 12.

5 Iblis nyababkeun loba kasangsaraan di bumi. Manéhna ngamuk lantaran sakeudeung deui Allah bakal ngabinasakeun manéhna. Hayu urang perhatikeun kajadian-kajadian di ahir jaman nu disebutkeun ku Yésus.​—Tingali Catetan Ahir 24.

AHIR JAMAN

6, 7. Kumaha nubuat Yésus ngeunaan perang jeung kalaparan téh kabuktian ayeuna?

6 Perang. Ceuk Yésus, ”Bangsa-bangsa silih perangan, nagara-nagara silih tarajang.” (Mateus 24:7) Jumlah jalma nu maot lantaran perang téh panglobana di jaman urang. Ceuk hiji lembaga (Worldwatch Institute), saprak taun 1914, leuwih ti 100 juta jalma maot lantaran perang. Ti taun 1900 nepi ka taun 2000, jumlah jalma nu maot lantaran perang tilu kali leuwih loba ti batan nu maot dina waktu 1.900 taun saacanna. Bayangkeun kumaha sangsara jeung nalangsana jutaan jalma lantaran perang!

7 Kalaparan. Ceuk Yésus bakal aya ”bala kalaparan”. (Mateus 24:7) Sanajan loba bahan pangan, loba jalma maot lantaran kalaparan. Ku naon? Lantaran teu boga cukup duit keur meuli dahareun atawa lahan garapan. Leuwih ti samiliar jalma ngan boga duit saeutik pisan keur hirup unggal poéna. Organisasi Kaséhatan Dunya ngalaporkeun yén jutaan budak maraot unggal taunna lantaran kurang gizi.

8, 9. Kumaha nubuat Yésus ngeunaan lini jeung panyakit téh kabuktian ayeuna?

8 Lini. Yésus nganubuatkeun, ”Bakal sering aya lini kacida galedena.” (Lukas 21:11) Aya loba lini gedé nu kajadian unggal taun. Saprak taun 1900, leuwih ti dua juta jalma maot lantaran lini. Sanajan aya téknologi keur ngadétéksi lini, loba jalma tetep maraot lantaran lini.

9 Panyakit. Yésus nganubuatkeun bakal aya ’panyakit di mana-mana’. Bakal loba wabah panyakit nu maéhan loba jalma. (Lukas 21:11) Sanajan dokter bisa ngubaran loba panyakit, tapi tetep waé aya panyakit nu teu bisa diubaran. Laporan nunjukkeun yén unggal taun jutaan jalma maot lantaran tuberkolosis (TBC), malaria, jeung koléra. Salian ti éta, aya 30 panyakit anyar, nu sababaraha di antarana teu bisa diubaran.

KALAKUAN JALMA-JALMA DI AHIR JAMAN

10. Kumaha 2 Timoteus 3:1-5 kabuktian ayeuna?

10 Di 2 Timoteus 3:1-5, Kitab Suci ngajelaskeun, ”Dina ahir jaman bakal loba kasukeran.” Rasul Paulus nyebutkeun kalakuan jalma-jalma di ahir jaman. Jalma-jalma bakal

  • ngan inget ka diri sorangan baé

  • sarakah

  • teu taat ka kolot

  • resep ngahianat

  • taya karunya

  • taya hampura

  • barangasan jeung bengis

  • leuwih resep senang- senang ti batan nyaah ka Allah

  • ngakuna mah nyaah ka Allah tapi teu taat ka Mantenna

11. Dumasar kana Jabur 92:8, naon nu bakal kaalaman ku jalma-jalma nu jarahat?

11 Naha kalakuan jalma-jalma di sakurilingeun Sadérék siga kitu? Kitu ogé di sakuliah dunya. Tapi, Allah moal ngantep kaayaan ieu. Allah jangji, ”Nu daroraka najan mekar cara jujukutan, nu jarahat najan hirupna sarenang, tangtos bakal ajur tumpur [dibinasakeun].”​—Jabur 92:8.

WARTA HADÉ DI AHIR JAMAN

12, 13. Naon nu diajarkeun ku Allah di ahir jaman?

12 Kitab Suci nganubuatkeun yén di ahir jaman, dunya bakal pinuh ku kasangsaraan. Tapi, Kitab Suci ogé ngajelaskeun aya hal-hal hadé nu bakal kajadian.

”Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya.”​—Mateus 24:14

13 Paham kana Kitab Suci. Nabi Daniél nganubuatkeun yén di ahir jaman, ”ngan anu barijaksana anu baris ngaharti” bebeneran. (Daniel 12:9, 10) Allah bakal ngabantu umat-Na leuwih paham kana Kitab Suci ti batan saacanna. Saprak taun 1914, Yéhuwa geus ngajarkeun bebeneran ngeunaan nami-Na, tujuana-Na pikeun bumi, tebusan, kaayaan jalma nu geus maot, sarta pihudangeunana nu geus maot. Urang geus diajar kumaha carana Karajaan Allah bakal ngaréngsékeun sagala masalah. Urang ogé geus diajar carana bisa hirup bagja jeung nyenangkeun Allah. Tapi, naon nu saterusna kudu dilakukeun ku umat Allah? Jawabanana aya dina nubuat séjénna.​—Tingali Catetan Ahir 21 jeung 25.

14. Di mana warta hadé Karajaan diwawarkeun, sarta saha nu ngawawarkeunana?

14 Kagiatan pangwawaran sadunya. Yésus ngajelaskeun yén di ahir jaman, ”Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga bakal diuarkeun ka sakuliah dunya.” (Mateus 24:3, 14) Warta hadé Karajaan keur diwawarkeun di leuwih ti 230 nagri jeung dina leuwih ti 700 basa. Saksi-Saksi Yéhuwa ti ’sagala bangsa jeung seler bangsa’ ngabantu jalma-jalma sangkan ngarti naon Karajaan Allah téh sarta naon nu bakal diwujudkeunana. (Wahyu 7:9) Pangajaran ieu téh haratis. Sanajan geus dinubuatkeun ku Yésus yén maranéhna téh bakal dipikangéwa jeung dikaniaya, maranéhna moal eureun ngawawar.​—Lukas 21:17.

NAON NU BAKAL DILAKUKEUN KU SADÉRÉK?

15. (a) Naon sababna Sadérék percaya yén urang hirup di ahir jaman? (b) Naon nu bakal kaalaman ku jalma nu taat jeung jalma nu teu taat ka Yéhuwa?

15 Naha Sadérék percaya yén urang téh hirup di ahir jaman? Loba nubuat Kitab Suci ngeunaan ahir jaman jadi kanyataan. Moal lila deui, Yéhuwa bakal ngeureunkeun kagiatan pangwawaran warta hadé, terus ”poe kiamat” datang. (Mateus 24:14) Naon poé kiamat téh? Poé kiamat téh Armagédon, nyaéta perang Allah pikeun numpes sagala kajahatan. Yéhuwa ngagunakeun Yésus jeung para malaikat-Na pikeun numpes saha waé nu teu taat ka Mantenna jeung Putra-Na. (2 Tesalonika 1:6-9) Jadi, Sétan jeung roh-roh jahat moal bisa deui mangaruhan jalma-jalma. Sakabéh nu taat ka Allah jeung percaya ka Karajaana-Na bakal ngarasakeun jangji-jangji Allah jadi kanyataan.​—Wahyu 20:1-3; 21:3-5.

16. Lantaran poé kiamat téréh datang, naon nu kudu dilakukeun ku Sadérék?

16 Dunya nu dikawasaan ku Sétan bakal aya ahirna. Ku kituna, urang kudu nanya ka diri sorangan, ’Naon nu kudu dilakukeun ku kuring?’ Yéhuwa miharep Sadérék terus diajar leuwih loba ngeunaan Kitab Suci, sarta enya-enya diajarna. (Yohanes 17:3) Unggal minggu di pasamoan Saksi-Saksi Yéhuwa, urang diajar sangkan ngarti kana Kitab Suci. Upayakeun sangkan rutin hadir ka pasamoan. (Baca Ibrani 10:24, 25.) Lamun Sadérék ngarasa perlu nyieun parobahan, ulah asa-asa. Ku cara ngalakukeun hal-hal éta, sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa bakal leuwih kuat.​—Yakobus 4:8.

17. Naon sababna jalma-jalma bakal reuwaseun waktu poé kiamat datang?

17 Rasul Paulus ngajelaskeun yén kabinasaan jalma jahat téh teu disangka-sangka, ’cara maling ti peuting’. (1 Tesalonika 5:2) Yésus nganubuatkeun yén loba jalma bakal teu merhatikeun tanda ahir jaman. Ceuk Yésus, ’Pisumpingeunana Putra Manusa [atawa, ahir jaman] teh bakal cara keur jaman Nuh. Memeh aya caah gede, jelema-jelema gawena dahar, nginum, kawin, kitu bae nepi ka waktuna Nuh lebet kana kapal. Tapi jelema-jelema teh teu arengeuheun aya kajadian naon, nyaho-nyaho geus ger caah. Kaayaan dina waktu pisumpingeunana Putra Manusa oge bakal kitu.’​—Mateus 24:37-39.

18. Yésus méré pépéling naon?

18 Yésus ngingetan sangkan urang ulah ”beuki teuing pepestaan jeung nginum-nginum atawa mikiran teuing kipayah”. Anjeunna ogé ngomong yén poé kiamat téh datangna teu disangka-sangka, lir jiret, nu ”bakal narajang ka sakumna manusa di sakuliah bumi”. Ceuk Yésus, ”Kudu sayaga jeung ulah tinggal ti neneda, malar kuat nandangan kajadian-kajadianana, malar lulus nepi ka bisa ngadeuheus ka payuneun Putra Manusa.” (Lukas 21:34-36) Ku naon urang kudu merhatikeun pépéling ti Yésus? Lantaran dunya Sétan nu jahat geus téréh dibinasakeun. Nu bakal salamet jeung bisa hirup langgeng di dunya anyar téh ngan jalma-jalma nu taat ka Yéhuwa jeung Yésus.​—Yohanes 3:16; 2 Petrus 3:13.

^ par. 4 Mikail téh ngaran séjénna Yésus Kristus. Pikeun katerangan nu leuwih loba, tingali Catetan Ahir 23.