Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL SAPULUH

Bebeneran Ngeunaan Para Malaikat

Bebeneran Ngeunaan Para Malaikat

1. Naon sababna urang perlu diajar ngeunaan malaikat?

YÉHUWA hoyong urang kenal ka kulawarga-Na. Malaikat kaasup kulawargana Allah. Naon nu dilakukeun ku malaikat? Kumaha malaikat nulungan jalma-jalma di jaman baheula? Naha bisa malaikat nulungan urang ayeuna?​—Tingali Catetan Ahir 8.

2. Ti mana asalna para malaikat, jeung sabaraha jumlahna?

2 Urang perlu nyaho ti mana asalna para malaikat. Di Kolosa 1:16 disebutkeun yén sanggeus Yéhuwa nyiptakeun Yésus, ”saniskara nu aya di langit jeung di bumi” diciptakeun, kaasup para malaikat. Aya sabaraha jumlahna? Kitab Suci nyebutkeun yén jumlahna aya ratusan juta.​—Jabur 103:20; Wahyu 5:11.

3. Naon nu dicaritakeun Ayub 38:4-7 ngeunaan para malaikat?

3 Kitab Suci ngajarkeun yén malaikat diciptakeun saacan Yéhuwa nyiptakeun bumi. Kumaha parasaan maranéhna waktu ningali bumi? Kitab Ayub nyaritakeun yén maranéhna barungah. Maranéhna jadi hiji kulawarga nu babarengan ngabakti ka Yéhuwa.​—Ayub 38:4-7.

MALAIKAT NULUNGAN UMAT ALLAH

4. Ti mana urang nyaho yén para malaikat merhatikeun manusa?

4 Malaikat merhatikeun ka manusa sarta ngadukung tujuan Allah pikeun bumi jeung manusa. (Siloka 8:30, 31; 1 Petrus 1:11, 12) Malaikat pasti saredih waktu Adam jeung Hawa barontak ka Allah. Leuwih-leuwih deui waktu ningali lolobana jalma ayeuna teu taat ka Allah. Tapi, maranéhna barungah waktu aya jalma nu tobat jeung balik deui ka Allah. (Lukas 15:10) Para malaikat merhatikeun jalma-jalma nu ngabakti ka Allah. Yéhuwa ngagunakeun malaikat pikeun nulungan jeung nangtayungan hamba-hamba-Na di bumi. (Ibrani 1:14) Hayu urang tingali sababaraha contona.

”Allah parantos ngutus malaikat-Na ngabekem sungut-sungut singa.”​—Daniel 6:22

5. Kumaha malaikat nulungan hamba-hamba Allah di jaman baheula?

5 Yéhuwa ngutus dua malaikat pikeun nyalametkeun Elut jeung kulawargana kaluar ti kota Sodom jeung Gomora nu rék dibinasakeun. (Kajadian 19:15, 16) Saratus taun ti harita, nabi Daniél digebruskeun ka guha singa, tapi tetep hirup lantaran ”Allah parantos ngutus malaikat-Na ngabekem sungut-sungut singa”. (Daniel 6:22) Waktu rasul Pétrus dipanjara, Yéhuwa ngutus malaikat-Na pikeun ngabébaskeun manéhna. (Rasul 12:6-11) Salian ti éta, malaikat ogé nulungan Yésus waktu anjeunna di bumi. Contona, sanggeus dibaptis, ”Anjeunna dilalayanan ku para malaikat”. (Markus 1:13) Kitu ogé saacan Yésus dihukum, malaikat ”maparin kakuatan ka Anjeunna”.​—Lukas 22:43.

6. (a) Ti mana urang nyaho yén malaikat nulungan hamba-hamba Allah ayeuna? (b) Pananya naon waé nu bakal dijawab di pasal ieu?

6 Jaman ayeuna, malaikat teu némbongkeun diri deui ka manusa. Tapi, Allah masih ngagunakeun malaikat pikeun nulungan hamba-hamba-Na. Kitab Suci ngajelaskeun, ’Anu hormat ka PANGERAN, dijaga ku malaikat-Na, dijait tina bahaya.’ (Jabur 34:8) Naon sababna urang butuh ditangtayungan? Lantaran aya musuh nu kuat nu bisa nyilakakeun urang. Saha maranéhna téh? Ti mana asalna? Kumaha cara maranéhna nyilakakeun urang? Pikeun nyaho jawabanana, hayu urang tingali aya kajadian naon sanggeus Adam jeung Hawa diciptakeun.

MUSUH NU TEU KATINGALI

7. Naon nu dilakukeun ku jalma-jalma nu katipu ku Sétan?

7 Di pasal 3, urang geus ngabahas aya hiji malaikat nu barontak ka Allah sarta hayang jadi pangawasa. Dina Kitab Suci, manéhna disebut Sétan si Iblis. (Wahyu 12:9) Sétan hayang nu séjénna ogé barontak ka Allah. Sétan geus hasil nipu Hawa. Ti harita, manéhna ogé nipu sakabéh manusa. Tapi, aya sababaraha jalma nu tetep satia ka Yéhuwa, contona Habil, Hanok, jeung Nuh.​—Ibrani 11:4, 5, 7.

8. (a) Kumaha malaikat-malaikat bisa jadi roh-roh jahat? (b) Kumaha maranéhna nyalametkeun diri tina Caah Gedé?

8 Waktu jaman Nuh, loba malaikat barontak ka Allah. Maranéhna ninggalkeun sawarga, tarurun ka dunya, ngajelma jadi manusa. Naon sababna? Kitab Suci nyebutkeun yén maranéhna hayang baroga pamajikan. (Baca Kajadian 6:2.) Kalakuan malaikat sarupa kitu téh salah. (Yudas 6) Jalma-jalma di jaman éta ogé jadi telenges jeung kalakuanana raruksak kawas malaikat-malaikat nu jahat. Ku sabab kitu, Yéhuwa mutuskeun yén Mantenna bakal ngabinasakeun jalma-jalma nu jahat ku caah sadunya. Tapi, hamba-hamba-Na nu satia bakal disalametkeun. (Kajadian 7:17, 23) Malaikat-malaikat nu jarahat nyalametkeun diri, baralik deui ka sawarga. Dina Kitab Suci, maranéhna téh disebut roh-roh jahat. Lantaran maranéhna milih ngahiji jeung Sétan barontak ka Allah, Iblis jadi pangawasa maranéhna.​—Mateus 9:34.

9. (a) Naon nu kaalaman ku roh-roh jahat waktu baralik deui ka sawarga? (b) Naon nu bakal dibahas ku urang ayeuna?

9 Ku lantaran geus ngabarontak, roh-roh jahat teu ditarima deui jadi kulawarga Yéhuwa. (2 Petrus 2:4) Ti saprak éta, maranéhna teu bisa deui ngajelma jadi manusa. Tapi, maranéhna terus ”nyasarkeun saalam dunya”. (Wahyu 12:9; 1 Yohanes 5:19) Ayeuna, hayu urang bahas kumaha cara maranéhna nyasabkeun atawa nipu jalma-jalma.​—Baca 2 Korinta 2:11.

CARA ROH-ROH JAHAT NYASABKEUN JALMA-JALMA

10. Kumaha carana roh-roh jahat nyasabkeun jalma-jalma?

10 Pikeun nyasabkeun jalma-jalma, roh-roh jahat ngagunakeun loba cara. Salah sahijina disebut spiritisme atawa prakték-prakték nu aya patalina jeung roh-roh jahat. Contona, aya jalma nu resep tatanya ka roh-roh jahat, boh langsung boh ngagunakeun paranormal atawa dukun. Kitab Suci ngingetan urang sangkan ngajauhan prakték-prakték sarupa kitu. (Galata 5:19-21) Naon sababna? Jiga tukang moro sato nu ngagunakeun loba cara keur néwak mangsana, roh-roh jahat ogé ngagunakeun loba cara pikeun nipu jeung ngawasaan urang.​—Tingali Catetan Ahir 26.

11. Naon élmu ramal téh? Naon sababna kudu dijauhan?

11 Cara séjénna nu digunakeun ku roh-roh jahat nyaéta élmu ramal. Élmu ramal nyaéta cara pikeun ngabaca mangsa pikahareupeun jeung hal-hal nu can kajadian ngagunakeun kakuatan gaib. Sababaraha jalma aya nu sok maké ramalan béntang, napsirkeun impian jeung tanda, maca kartu, maké bola kristal, jeung maca gurat leungeun. Ceuk pamikir maranéhna hal-hal ieu téh teu bahaya, tapi sabenerna mah bahaya pisan. Contona, Kitab Suci nyebutkeun yén tukang ramal téh dibantuan ku roh-roh jahat. Rasul 16:16-18 nyaritakeun aya ”roh jahat” nu mantuan hiji awéwé sangkan bisa ngaramal. Tapi, sanggeus Rasul Paulus ngusir éta roh jahat, éta awéwé teu bisa deui ngaramal.

12. (a) Naon sababna komunikasi jeung nu maot téh bahaya? (b) Naon sababna hamba-hamba Allah teu ngajalankeun kabiasaan nu aya patalina jeung roh-roh jahat?

12 Cara séjénna roh-roh jahat nyasabkeun urang nyaéta mangaruhan urang sangkan percaya yén nu maot téh masih kénéh hirup di alam séjén sarta bisa komunikasi jeung urang atawa nyilakakeun urang. Contona, lamun babaturan atawa kulawargana maot, aya nu sok indit ka dukun sangkan bisa ngobrol jeung nu maot. Dukun biasana méré nyaho ngeunaan kaayaan nu maot. Malahan manéhna bisa nyaru sora nu geus maot. (1 Samuel 28:3-19) Loba kabiasaan nguburkeun ogé dumasar kana kapercayaan yén nu maot masih kénéh hirup di alam séjén. Contona, ngayakeun upacara keur nu maot, méré sasajén, jeung ritual séjénna. Kabiasaan-kabiasaan éta téh aya patalina jeung roh-roh jahat. Lamun urang Kristen teu pipilueun, bisa waé aya kulawarga atawa masarakat nu ngomongkeun, ngahina, jeung ngajauhan. Tapi, urang Kristen nyaho yén jalma nu maot teu hirup di alam séjén, teu bisa komunikasi, ogé teu bisa nyilakakeun. (Jabur 115:17) Urang kudu ati-ati. Ulah nyoba-nyoba komunikasi jeung nu maot atawa jeung roh-roh jahat sarta ngajalankeun sagala kabiasaan nu aya patalina jeung roh-roh jahat.​—Baca Pamindo 18:10, 11; Yesaya 8:19, 20.

13. Naon nu ayeuna dirasakeun ku jalma-jalma nu pernah sieun ka roh-roh jahat?

13 Roh-roh jahat téh lain ngan saukur nyasabkeun, tapi ogé nyingsieunan jalma-jalma. Ayeuna, Sétan jeung roh-roh jahat leuwih jahat jeung bengis ti batan saacanna, lantaran maranéhna nyahoeun ”geus deukeut kana panungtunganana”. (Wahyu 12:12, 17) Sanajan kitu, rébuan jalma nu baheulana sieun ka roh-roh jahat, ayeuna teu ngarasa sieun deui. Naon sababna?

LAWAN JEUNG BÉBASKEUN DIRI TI ROH-ROH JAHAT

14. Saperti urang Kristen abad kahiji, kumaha urang bisa ngabébaskeun diri ti roh-roh jahat?

14 Kitab Suci ngajelaskeun kumaha carana ngalawan jeung ngabébaskeun diri ti roh-roh jahat. Contona, aya sababaraha jalma di kota Épésus nu saacan diajar bebeneran boga hubungan jeung roh-roh jahat. Kumaha maranéhna bisa bébas? Kitab Suci nyebutkeun, ”Loba deui anu tadina jaradi tukang sihir ngumpulkeun kitab-kitab paririmbonna, tuluy didaruruk kasaksian ku sarerea.” (Rasul 19:19) Lantaran maranéhna hayang jadi urang Kristen, maranéhna ngaduruk buku-buku sihir. Kitu ogé ayeuna, saha waé nu hayang ngabakti ka Yéhuwa perlu miceun sagala rupa nu aya patalina jeung roh-roh jahat, misalna buku, majalah, horoskop, film, musik, game, jeung poster. Hal-hal éta ngalantarankeun sihir, roh-roh jahat, jeung élmu gaib dipikaresep jeung dianggap teu bahaya. Sagala rupa jimat ogé perlu dipiceun.​—1 Korinta 10:21.

15. Urang kudu kumaha sangkan bisa ngalawan Sétan jeung roh-roh jahat?

15 Sababaraha taun sanggeus urang Épésus ngaduruk buku-buku sihirna, Rasul Paulus nyebutkeun yén maranéhna masih kudu bajoang sarta ’ngalawan kakuatan roh-roh jahat’. (Epesus 6:12) Sanajan buku-buku éta geus diduruk, roh-roh jahat masih kénéh hayang nyilakakeun maranéhna. Jadi, naon nu perlu dilakukeun ku maranéhna? Paulus méré nyaho, ”Gunakeun kapercayaan ka Pangeran minangka jadi tamengna . . . aranjeun bakal bisa mareumkeun panah-panah seuneu anu dilepas ku si Jahat.” (Epesus 6:16) Saperti taméng nu méré panyalindungan waktu perang, iman ogé bisa méré panyalindungan ka urang. Lamun urang bener-bener percaya yén Yéhuwa bisa masihan panyalindungan, urang bisa ngalawan Sétan jeung roh-roh jahat.​—Mateus 17:20.

16. Kumaha sangkan iman urang ka Yéhuwa leuwih kuat?

16 Kumaha sangkan iman urang ka Yéhuwa leuwih kuat? Urang perlu maca Kitab Suci unggal poé sarta ngandelkeun Yéhuwa pikeun nangtayungan urang. Lamun urang percaya ka Yéhuwa, tangtu Sétan jeung roh-roh jahat moal bisa nyilakakeun urang.​—1 Yohanes 5:5.

17. Urang kudu kumaha sangkan dibéré panyalindungan?

17 Naon deui nu perlu dilakukeun ku urang Kristen di Épésus? Maranéhna hirup di kota nu jalma-jalmana resep muja ka roh jahat. Jadi, Paulus méré nyaho maranéhna, ”Dina sagala perkara kudu neneda.” (Epesus 6:18) Maranéhna perlu ngadoa ménta panyalindungan ti Yéhuwa unggal poéna. Ayeuna, urang ogé hirup di dunya nu resep kana prakték-prakték nu aya patalina jeung roh jahat. Jadi, urang perlu ménta panyalindungan ti Yéhuwa sarta nyebut nami Yéhuwa waktu ngadoa. (Baca Siloka 18:10.) Lamun urang terus ménta ka Yéhuwa sangkan dijauhkeun ti Sétan, doa urang bakal dijawab.​—Jabur 145:19; Mateus 6:13.

18, 19. (a) Kumaha carana urang bisa meunang ngalawan Sétan jeung roh-roh jahat? (b) Pananya naon nu bakal dijawab di pasal saterusna?

18 Lamun urang miceun sagala nu aya patalina jeung roh-roh jahat sarta ngandelkeun Yéhuwa, urang pasti bisa ngalawan Sétan jeung roh-roh jahat. Urang ulah sieun ka roh-roh jahat. (Baca Yakobus 4:7, 8.) Yéhuwa jauh leuwih kuat ti batan maranéhna. Waktu jaman Nuh, Yéhuwa ngahukum roh-roh jahat éta. Dina mangsa pikahareupeun, Yéhuwa ogé bakal ngabinasakeun maranéhna. (Yudas 6) Sing inget yén urang téh teu sorangan dina ngalawan roh-roh jahat. Yéhuwa ngagunakeun para malaikat-Na pikeun nulungan urang. (2 Raja 6:15-17) Lamun ngandelkeun Yéhuwa, urang bisa meunang ngalawan Sétan jeung roh-roh jahat.​—1 Petrus 5:6, 7; 2 Petrus 2:9.

19 Tapi, lamun Sétan jeung roh-roh jahat nyangsarakeun urang, ku naon Allah teu acan ngabinasakeun maranéhna? Pananya ieu bakal dijawab di pasal saterusna.