Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL OPAT BELAS

Kulawarga Sadérék Bisa Bagja

Kulawarga Sadérék Bisa Bagja

1, 2. Yéhuwa miharep jalma-jalma boga kulawarga nu kumaha?

ALLAH YÉHUWA ngawangun perkawinan nu mimiti. Kitab Suci nyaritakeun yén Yéhuwa nyiptakeun awéwé nu mimiti ”tuluy dibawa ka eta manusa”. Adam bungah pisan terus ngomong kieu, ’Tulangna asal ti kuring, dagingna nya kitu keneh.’ (Kajadian 2:22, 23) Yéhuwa miharep salaki pamajikan boga perkawinan nu bagja.

2 Hanjakalna téh, loba kulawarga nu teu bagja. Tapi, dina Kitab Suci aya prinsip-prinsip nu ngabantu masing-masing anggota kulawarga ngajalankeun tugasna supaya kulawargana bagja.​—Lukas 11:28.

NU DIPIHAREP ALLAH TI SALAKI

3, 4. (a) Salaki kudu kumaha ka pamajikanana? (b) Naon sababna salaki pamajikan perlu silih hampura?

3 Ceuk Kitab Suci, salaki nu bageur mah nyaah jeung ngahargaan pamajikanana. Mangga baca Epesus 5:25-29. Salaki bakal némbongkeun kanyaahna ka pamajikan unggal waktu, lain ngan sakali-kali wungkul. Manéhna ogé bakal ngajaga jeung merhatikeun, moal nganiaya pamajikanana.

4 Tapi, lamun pamajikanana nyieun kasalahan, salaki kudu kumaha? Kitab Suci méré nyaho, ”Sing nyaraah ka pamajikan, ulah kasar.” (Kolosa 3:19) Inget, saha waé bisa nyieun kasalahan, kaasup salaki. Jadi, lamun Sadérék hayang dihampura ku Allah, Sadérék ogé kudu ngahampura pamajikan Sadérék. (Mateus 6:12, 14, 15) Lamun salaki pamajikan silih hampura, perkawinanana bakal bagja.

5. Naon sababna salaki kudu ngahargaan pamajikanana?

5 Yéhuwa miharep salaki ngahargaan pamajikanana. Salaki kudu mikirkeun pangabutuh pamajikanana. Éta téh penting pisan, sabab lamun salaki teu bageur ka pamajikan, doana moal didangu ku Yéhuwa. (1 Petrus 3:7) Yéhuwa teu nganggap lalaki leuwih penting ti batan awéwé, nu penting mah nu nyaah ka Mantenna.

6. Naon maksudna salaki jeung pamajikan téh jadi ”hiji”?

6 Yésus ngajelaskeun yén salaki jeung pamajikan téh ”geus lain dua deui, tapi hiji”. (Mateus 19:6) Jadi, maranéhna kudu silih satia jeung teu meunang ngahianat. (Siloka 5:15, 18-21; Ibrani 13:4) Maranéhna ogé teu meunang mentingkeun diri dina hubungan séksual. (1 Korinta 7:3-5) Salaki ogé kudu inget yén ”moal aya jelema anu teu nyaah kana awakna sorangan, awakna teh . . . diurus dipulasara”. Jadi, manéhna kudu cinta jeung nyaah ka pamajikanana. Leuwih ti hal-hal séjénna, pamajikan leuwih miharep salakina bageur jeung nyaah ka manéhna.​—Epesus 5:29.

NU DIPIHAREP ALLAH TI PAMAJIKAN

7. Naon sababna unggal kulawarga butuh kapala kulawarga?

7 Unggal kulawarga butuh kapala kulawarga nu ngabingbing anggota kulawargana hirup sauyunan. Di 1 Korinta 11:3 disebutkeun, ”Kristus teh sirah sakabeh lalaki; salaki sirah pamajikan; Allah mastaka Kristus.”

8. Kumaha carana pamajikan ngahormat salakina?

8 Mémang unggal salaki pasti pernah nyieun kasalahan. Tapi, lamun pamajikanana ngadukung jeung ngalaksanakeun putusan salakina, sakabéh anggota kulawarga bakal meunang mangpaat. (1 Petrus 3:1-6) Ceuk Kitab Suci, ”Pamajikan kudu hormat ka salaki.” (Epesus 5:33) Tapi, kumaha lamun salakina teu saiman? Pamajikan kudu tetep hormat ka salakina. Ceuk Kitab Suci, ”Istri-istri, kudu ngesto ka salaki. Malakmandar lamun salaki tacan percaya ka Gusti bisa kabawa percaya, ari aranjeun ngesto mah. Teu kudu diajak-ajak deui, da geus katarik ku kasujudan aranjeun.” (1 Petrus 3:1, 2) Kalakuan hadé pamajikan bisa ngabantu salakina paham jeung ngahargaan kapercayaan pamajikanana.

9. (a) Naon nu kudu dilakukeun ku pamajikan lamun teu satuju jeung putusan salakina? (b) Naon naséhat Titus 2:4, 5 keur pamajikan?

9 Lamun teu satuju jeung putusan salakina, pamajikan kudu kumaha? Manéhna kudu méré nyaho pamikiranana ku cara nu sopan. Contona, waktu Sarah ngomong hal nu teu dipikaresep ku Ibrahim, Yéhuwa nganjurkeun Ibrahim supaya ngadéngékeun pamajikanana. (Kajadian 21:9-12) Lamun putusan salaki teu ngalanggar prinsip Kitab Suci, pamajikan kudu ngadukung salakina. (Rasul 5:29; Epesus 5:24) Pamajikan nu bageur bakal ngurus kulawargana. (Baca Titus 2:4, 5.) Lamun getol ngurus kulawarga, salaki jeung barudakna bakal leuwih nyaah jeung hormat ka manéhna.​—Siloka 31:10, 28.

Sarah méré conto alus naon pikeun pamajikan?

10. Naon prinsip Kitab Suci ngeunaan papisah jeung pepegatan?

10 Sok aya salaki pamajikan nu buru-buru mutuskeun rék papisah atawa pepegatan. Tapi, ceuk Kitab Suci, ”Pamajikan teu meunang ninggalkeun salaki . . . kitu deui salaki.” (1 Korinta 7:10, 11) Salaki pamajikan meunang papisah lantaran sababaraha alesan, tapi éta téh putusan nu serius. Kumaha lamun salaki pamajikan hayang pepegatan? Kitab Suci nyebutkeun hiji-hijina alesan nu sah pikeun pepegatan, nyaéta lamun batur hirupna jinah.​—Mateus 19:9.

NU DIPIHAREP ALLAH TI KOLOT

Yésus téh conto nu hadé pikeun unggal anggota kulawarga

11. Naon nu paling dibutuhkeun ku budak Sadérék?

11 Lamun Sadérék téh kolot, gunakeun saloba-lobana waktu jeung budak Sadérék. Maranéhna butuh Sadérék. Utamana mah, maranéhna butuh Sadérék pikeun ngajar maranéhna ngeunaan Yéhuwa.​—Pamindo 6:4-9.

12. Naon nu kudu dilakukeun ku kolot pikeun ngajaga barudakna?

12 Beuki lila, dunya Sétan beuki jahat. Aya jalma-jalma nu bisa jadi hayang nyilakakeun budak Sadérék, malahan mah hayang merkosa maranéhna. Aya kolot nu ngarasa hésé ngabahas hal ieu jeung budakna. Tapi, barudak kudu dibéré nyaho ngeunaan jalma-jalma siga kitu jeung cara ngajauhanana. Kolot kudu ngajaga barudakna. *1 Petrus 5:8.

13. Kumaha sakuduna kolot ngajar budakna?

13 Kolot boga tanggung jawab ngajar budakna sangkan boga kalakuan nu hadé. Kumaha carana? Budak Sadérék kudu dididik. Tapi, lamun maranéhna salah, mapatahanana ulah kasar atawa kejem. (Yermia 30:11) Jadi, ulah ngadisiplin budak Sadérék bari ambek. Tangtu Sadérék teu hayang omongan Sadérék ”lir pedang nojos” nganyerikeun haténa. (Siloka 12:18) Ajar budak Sadérék sangkan paham alesanana kudu taat.​—Epesus 6:4; Ibrani 12:9-11; tingali Catetan Ahir 30.

NU DIPIHAREP ALLAH TI BARUDAK

14, 15. Naon sababna barudak kudu taat ka kolotna?

14 Yésus tetep taat ka Yéhuwa, Bapana, sanajan teu gampang. (Lukas 22:42; Yohanes 8:28, 29) Yéhuwa gé miharep barudak taat ka kolotna.​—Epesus 6:1-3.

15 Barudak, lamun hidep ngarasa hésé taat ka kolot, inget yén lamun hidep taat, hidep nyenangkeun Yéhuwa jeung kolot hidep. *Siloka 1:8; 6:20; 23:22-25.

Naon nu bisa ngabantu budak ngora tetep satia ka Allah waktu aya gogoda?

16. (a) Kumaha carana Sétan ngagoda budak ngora pikeun ngalakukeun hal nu salah? (b) Naon sababna penting milih babaturan nu nyaah ka Yéhuwa?

16 Sétan bisa ngagunakeun babaturan hidep atawa budak ngora séjénna pikeun mangaruhan hidep ngalakukeun hal nu salah. Sétan nyaho éta téh sok hésé ditolak. Contona Dinah, budak awéwéna Yakub. Manéhna boga babaturan nu teu nyaah ka Yéhuwa. Éta mawa masalah ka Dinah jeung kulawargana. (Kajadian 34:1, 2) Lamun babaturan hidep teu nyaah ka Yéhuwa, maranéhna bisa ngagoda hidep ngalakukeun hal nu dipikangéwa ku Yéhuwa. Éta bakal nganyenyeri haté hidep, kulawarga hidep, tur Yéhuwa. (Siloka 17:21, 25) Jadi, penting néangan babaturan nu nyaah ka Yéhuwa.​—1 Korinta 15:33.

KULAWARGA SADÉRÉK BISA BAGJA

17. Naon tanggung jawab unggal anggota kulawarga?

17 Lamun unggal anggota kulawarga nurut kana paréntah Allah, maranéhna bakal jauh tina kasusah jeung masalah. Jadi, lamun Sadérék téh salaki, Sadérék kudu ngahargaan jeung némbongkeun kanyaah ka pamajikan. Lamun Sadérék téh pamajikan, Sadérék kudu hormat jeung tunduk ka salaki, sarta nyonto kana tuladan pamajikan nu hadé nu dicatet di Siloka 31:10-31. Lamun Sadérék téh kolot, ajar budak Sadérék sangkan nyaah ka Allah. (Siloka 22:6) Lamun Sadérék téh bapa, Sadérék ”kudu bisa ngatur kulawarga sorangan”. (1 Timoteus 3:4, 5; 5:8) Barudak ogé, hidep kudu taat ka indung bapa. (Kolosa 3:20) Perlu diinget yén unggal anggota kulawarga bisa waé nyieun kasalahan, jadi kudu rendah haté jeung silih ménta hampura. Kitab Suci nyadiakeun bingbingan ti Yéhuwa pikeun unggal anggota kulawarga.

^ par. 12 Sadérék bisa manggihan leuwih loba katerangan ngeunaan carana ngajaga budak Sadérék di pasal 32 buku Belajarlah dari Sang Guru Agung, diterbitkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa.

^ par. 15 Budak teu perlu taat ka kolotna lamun dititah ngalakukeun hal nu ngalanggar hukum Allah.​—Rasul 5:29.