Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL TUJUH BELAS

Kurnia Mangrupa Doa

Kurnia Mangrupa Doa

”Anu ngadamel langit jeung bumi” hoyong ngadangu doa-doa urang.​—Jabur 115:15

1, 2. Naon sababna doa téh kurnia pikeun Sadérék? Naon sababna urang perlu nyaho nu diajarkeun Kitab Suci ngeunaan doa?

DIBANDINGKEUN jeung jagat raya, bumi téh leutik pisan. Waktu Yéhuwa ningali ka bumi, jalma-jalma ti sagala bangsa téh jiga satétés cai dina timba. (Jabur 115:15; Yesaya 40:15) Sanajan urang mah euweuh nanaonna dibandingkeun jeung jagat raya, Jabur 145:18, 19 ngajelaskeun, ”Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat ka anu sasambatna ka Mantenna enya-enya. Mantenna nyumponan kabutuh jalma anu ngahormat, kersa ngadangu sarta nyalametkeun sakur nu jumerit ka Mantenna.” Ieu téh kahormatan nu luar biasa pikeun urang! Allah Yéhuwa, Nu Nyipta jagat raya tur mahakawasa, hoyong ngaraket jeung ngadangukeun doa-doa urang. Jadi, doa téh mangrupakeun kahormatan, kurnia ti Yéhuwa pikeun unggal jalma.

2 Tapi, Yéhuwa bakal ngadangukeun lamun urang ngadoa ku cara nu dipikaresep ku Mantenna. Kumaha carana? Tingali nu diajarkeun Kitab Suci ngeunaan doa.

NAON SABABNA URANG NGADOA KA YÉHUWA?

3. Naon sababna Sadérék perlu ngadoa ka Yéhuwa?

3 Yéhuwa hoyong pisan urang ngadoa, atawa nyarita, ka Mantenna. Ti mana urang nyaho? Mangga baca Pilipi 4:6, 7. Bayangkeun, Yéhuwa umajak ka urang! Pangawasa jagat raya nyaah pisan ka urang, sarta hoyong urang nyaritakeun masalah jeung parasaan urang ka Mantenna.

4. Kumaha rutin ngadoa ka Yéhuwa bisa nguatkeun sosobatan Sadérék jeung Mantenna?

4 Doa bisa ngaraketkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. Lamun dua babaturan rutin silih caritakeun pipikiran, parasaan, jeung kahariwanganana, sosobatanana bakal beuki kuat. Kitu ogé doa ka Yéhuwa. Dina Kitab Suci, Yéhuwa masihan terang pikiran jeung parasaan-Na, sarta naon nu bakal dilakukeun ku Mantenna dina mangsa pikahareupeun. Jadi, Sadérék perlu rutin ngadoa ka Yéhuwa, malahan mah ngutarakeun eusi haté Sadérék. Ku cara kitu, sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa bakal beuki kuat.​—Yakobus 4:8.

KUMAHA SANGKAN DOA URANG DIDANGUKEUN KU ALLAH?

5. Ti mana urang nyaho yén Yéhuwa teu ngadangukeun kabéh doa?

5 Naha Yéhuwa ngadangukeun kabéh doa? Henteu. Di jaman nabi Yésaya, Yéhuwa nyarios ka urang Israil, ”Rek ngadaroa sakumaha rosana ge ku Kami moal ditolih. Sabab maraneh nadahkeun leungeun anu lamokot ku getih.” (Yesaya 1:15) Jadi lamun urang teu ati-ati, urang bisa waé ngalakukeun hal nu dipikangéwa ku Yéhuwa, doa-doa urang moal didangukeun ku Mantenna.

6. Naon sababna iman téh penting? Kumaha carana ngabuktikeun yén Sadérék téh boga iman?

6 Lamun hayang doa-doa urang didangukeun, urang kudu iman ka Yéhuwa. (Markus 11:24) Rasul Paulus ngajelaskeun, ”Taya saurang-urang acan jelema anu dipikaseneng ku Allah teu karana kapercayaanana. Sabab saha-saha anu datang ka Allah kudu percaya yen Allah teh aya, kudu percaya yen Allah tangtu ngaganjar ka jelema anu neangan Mantenna.” (Ibrani 11:6) Tapi, teu cukup ngan saukur ngaku boga iman. Urang perlu ngabuktikeunana ku cara taat ka Yéhuwa unggal poé.​—Baca Yakobus 2:26.

7. (a) Naon sababna urang perlu rendah haté jeung hormat waktu ngadoa? (b) Kumaha urang némbongkeun yén doa urang tina haté?

7 Urang perlu rendah haté jeung hormat waktu ngadoa ka Yéhuwa. Naon sababna? Lamun urang ngomong jeung présidén atawa raja, tangtu urang bakal sopan. Komo deui ka Yéhuwa, Allah Nu Mahakawasa, urang pasti leuwih hormat jeung rendah haté waktu ngadoa ka Mantenna. (Kajadian 17:1; Jabur 138:6) Doa urang kudu tina haté, ulah maké kecap-kecap nu diapalkeun jeung diulang-ulang. Doakeun sing jelas naon nu dibutuhkeun ku urang.​—Mateus 6:7, 8.

8. Waktu ngadoakeun hiji hal, naon nu perlu dilakukeun ku urang?

8 Salian ti éta, urang kudu ngupayakeun enya-enya naon nu didoakeun ku urang. Contona, lamun urang ngadoakeun pangabutuh sapopoé, ulah ngan saukur ngarepkeun Yéhuwa nu bakal nyumponan pangabutuh urang padahal urang masih bisa kénéh digawé. Ulah kedul, sabalikna urang kudu getol digawé sarta daék narima pagawéan naon waé. (Mateus 6:11; 2 Tesalonika 3:10) Atawa, lamun urang ngadoa sangkan bisa eureun ngalakukeun nu salah, urang perlu ngajauhan kaayaan-kaayaan nu bisa ngagoda urang. (Kolosa 3:5) Hayu urang bahas sababaraha pananya nu umum ngeunaan doa.

PANANYA NU UMUM NGEUNAAN DOA

9. Kudu ka saha urang ngadoa? Naon nu diajarkeun Yohanes 14:6 ngeunaan doa?

9 Kudu ka saha urang ngadoa? Yésus ngajar murid-muridna pikeun ngadoa ka ”Ama di sawarga”. (Mateus 6:9) Yésus ogé ngajelaskeun, ”Kami jalanna . . . Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama.” (Yohanes 14:6) Jadi, urang sakuduna ngadoa ngan ka Yéhuwa ku jalan Yésus. Naon hartina ngadoa ku jalan Yésus? Éta hartina urang kudu ngahargaan tugas husus ti Yéhuwa pikeun Yésus, sangkan doa urang ditarima. Urang geus diajar yén Yésus datang ka bumi pikeun nyalametkeun urang tina dosa jeung maot. (Yohanes 3:16; Rum 5:12) Yéhuwa ogé geus ngalantik Yésus jadi Imam Agung jeung Hakim.​—Yohanes 5:22; Ibrani 6:20.

Sadérék bisa ngadoa iraha waé

10. Naha urang perlu ngadoa dina posisi nu geus ditangtukeun? Jelaskeun.

10 Naha urang perlu ngadoa dina posisi nu geus ditangtukeun? Henteu. Yéhuwa teu maréntahkeun urang ngadoa bari diuk, sujud, atawa nangtung. Kitab Suci ngajarkeun yén urang bisa ngadoa ka Yéhuwa dina posisi naon waé asal sopan. (1 Babad 17:16; Nehemia 8:6; Daniel 6:10) Nu penting pikeun Yéhuwa mah haté urang, lain posisi ngadoa. Urang ogé bisa ngadoa ku sora nu tarik atawa dina jero haté, dimana waé, iraha waé, boh beurang boh peuting. Waktu ngadoa, urang yakin Yéhuwa bakal ngadangukeun doa urang sanajan teu kadéngéeun ku batur.​—Nehemia 2:1-6.

11. Naon waé nu bisa urang doakeun ka Yéhuwa?

11 Naon nu bisa didoakeun ku urang? Urang bisa ngadoakeun naon waé nu luyu jeung kahoyong Allah. Ceuk Kitab Suci, ”Mantenna kersa ngadangukeun naon bae panuhun urang anu sapuk jeung pangersa-Na.” (1 Yohanes 5:14) Naha urang bisa ngadoakeun hal-hal pribadi? Bisa. Ngadoa ka Yéhuwa téh saperti nyarita jeung sobat. Urang bisa nyaritakeun naon waé nu aya dina haté jeung pikiran. (Jabur 62:9) Urang bisa ménta roh suci supaya ngabantu urang ngalakukeun nu bener. (Lukas 11:13) Urang ogé bisa ménta kabijaksanaan supaya bisa nyieun putusan nu alus sarta ménta kakuatan pikeun nyanghareupan masalah. (Yakobus 1:5) Urang ogé kudu ménta pangampura ti Yéhuwa. (Epesus 1:3, 7) Salian ti éta, urang ogé bisa ngadoakeun batur, saperti kulawarga atawa dulur-dulur di sidang.​—Rasul 12:5; Kolosa 4:12.

12. Naon nu kudu diutamakeun dina doa urang?

12 Naon nu kudu diutamakeun dina doa urang? Urang kudu ngutamakeun Yéhuwa jeung kahoyong-Na. Urang kudu nganuhunkeun kana sakabéh hal nu geus dilakukeun ku Yéhuwa pikeun urang. (1 Babad 29:10-13) Waktu di bumi, Yésus ngajarkeun carana ngadoa ka murid-muridna. (Baca Mateus 6:9-13.) Yésus ngajarkeun yén nu pangheulana kudu didoakeun téh nyaéta sangkan nami Allah disucikeun, Karajaan Allah geura datang, sarta kahoyong Yéhuwa laksana di bumi. Yésus nganggap hal-hal ieu téh penting pisan pikeun didoakeun. Sanggeusna, urang bisa ngadoakeun pangabutuh pribadi. Lamun urang ngutamakeun Yéhuwa jeung kahoyong-Na dina doa, éta némbongkeun naon nu pangpentingna pikeun urang.

13. Sabaraha lila urang kudu ngadoa?

13 Sabaraha lila urang kudu ngadoa? Kitab Suci teu ngajelaskeun. Doa urang bisa panjang atawa pondok, gumantung kana kaayaanana. Contona, saacanna urang dahar, doa urang bisa waé pondok. Tapi, lamun urang keur ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa atawa nyaritakeun kahariwangan, doa urang bisa panjang. (1 Samuel 1:12, 15) Doa urang moal dipanjang-panjangkeun sangkan kapuji ku batur, saperti doa jalma-jalma di jaman Yésus. (Lukas 20:46, 47) Yéhuwa teu resep doa nu jiga kitu. Nu penting pikeun Yéhuwa mah doa urang kaluar tina haté.

14. Sabaraha sering urang perlu ngadoa? Tina hal ieu, naon nu diajarkeun ngeunaan Yéhuwa?

14 Sabaraha sering urang perlu ngadoa? Yéhuwa umajak ka urang pikeun rutin ngadoa. Kitab Suci ngajarkeun yén urang sakuduna ”rajin neneda”, ”neneda saban waktu”, sarta ”neneda ka Mantenna beurang peuting”. (Rum 12:12; 1 Tesalonika 5:17; 1 Timoteus 5:5) Iraha waé Yéhuwa siap ngadangukeun doa urang. Unggal poé urang bisa nganuhunkeun kana kanyaah ogé sipat murah haté-Na. Urang ogé bisa ménta bingbingan, kakuatan, jeung panglilipur ti Mantenna. Lamun urang bener-bener ngahargaan kurnia doa, urang bakal ngagunakeun unggal kasempetan pikeun ngadoa ka Yéhuwa.

15. Naon sababna dina panutup doa urang ngucapkeun ”amin”?

15 Naon sababna dina panutup doa urang ngucapkeun ”amin”? Kecap ”amin” hartina ”pasti” atawa ”mugia laksana”. Éta némbongkeun yén urang enya-enya kana naon nu didoakeun ku urang. (Jabur 41:14) Kitab Suci ogé ngajarkeun yén urang bisa ngucapkeun ”amin”, boh dina jero haté boh ku sora nu tarik, waktu doa babarengan. Éta némbongkeun yén urang téh satuju kana doana.​—1 Babad 16:36; 1 Korinta 14:16.

CARA ALLAH NGAJAWAB DOA URANG

16. Naha Yéhuwa bener-bener ngajawab doa urang? Jelaskeun.

16 Naha Yéhuwa bener-bener ngajawab doa urang? Enya. Kitab Suci nyebutkeun yén Yéhuwa téh ”ngadangu” doa urang. (Jabur 66:19) Yéhuwa ngadangu sarta ngajawab doa jutaan jalma nu ngadoa enya-enya. Mantenna ngajawab doa ku loba cara.

17. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun para malaikat jeung hamba-hamba-Na di bumi pikeun ngajawab doa urang?

17 Yéhuwa ngagunakeun para malaikat jeung hamba-hamba-Na di bumi pikeun ngajawab doa urang. (Ibrani 1:13, 14) Contona, loba jalma nu ngadoa hayang ngarti kana Kitab Suci, teu kungsi lila didatangan ku salah sahiji Saksi-Saksi Yéhuwa. Sakumaha ceuk Kitab Suci, para malaikat milu ngawawarkeun ”Injil Kasalametan” ka sakuliah dunya. (Baca Wahyu 14:6.) Bisa jadi urang ogé ngadoakeun hiji masalah atawa pangabutuh, terus urang narima bantuan nu dibutuhkeun ti dulur-dulur Kristen.​—Siloka 12:25; Yakobus 2:16.

Yéhuwa bisa ngagunakeun dulur-dulur Kristen pikeun ngajawab doa urang

18. Kumaha Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na sarta Kitab Suci pikeun ngajawab doa urang?

18 Yéhuwa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngajawab doa urang. Misalna, waktu urang ngadoa sangkan bisa nyanghareupan masalah, Yéhuwa bisa masihan roh suci-Na pikeun ngabingbing jeung nguatkeun urang. (2 Korinta 4:7) Yéhuwa ogé ngagunakeun Kitab Suci pikeun ngajawab doa urang sarta ngabantu urang nyieun putusan nu bijaksana. Waktu maca Kitab Suci, bisa jadi urang manggihan ayat-ayat nu nguatkeun urang. Yéhuwa bisa nguatkeun urang liwat koméntar ti sadérék di sidang atawa hutbah nu dumasar kana Kitab Suci ti kokolot sidang.​—Galata 6:1.

19. Naon sababna Yéhuwa bisa waé teu langsung ngajawab doa urang?

19 Sakapeung urang sok mikir, ’Ku naon doa kuring can waé dijawab ku Yéhuwa?’ Urang kudu inget, Yéhuwa terang iraha sarta kumaha carana ngajawab doa urang. Yéhuwa ogé terang naon nu dibutuhkeun ku urang. Jadi, urang perlu terus-terusan ngadoa pikeun némbongkeun yén naon nu didoakeun téh bener-bener dibutuhkeun, sarta pikeun némbongkeun yén urang téh bener-bener percaya ka Mantenna. (Lukas 11:5-10) Bisa jadi jawaban ti Yéhuwa téh teu kapikir ku urang. Misalna, waktu urang ngadoakeun masalah nu keur disanghareupan, Yéhuwa teu ngaleungitkeun masalahna, tapi Yéhuwa masihan kakuatan pikeun nyanghareupanana.​—Baca Pilipi 4:13.

20. Naon sababna urang kudu sering ngadoa ka Yéhuwa?

20 Ngadoa ka Yéhuwa téh kahormatan pikeun urang! Urang yakin yén Yéhuwa bakal ngadangukeun doa-doa urang. (Jabur 145:18) Beuki sering urang ngadoa ka Yéhuwa, beuki kuat sosobatan urang jeung Mantenna.