Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PASAL SALAPAN BELAS

Tetep Rumaket ka Yéhuwa

Tetep Rumaket ka Yéhuwa

1, 2. Ka mana urang bisa nyalindung?

BAYANGKEUN Sadérék aya di luar imah waktu cuacana keur goréng. Langit ceudeum, kilat patingburinyay, tur dor dar gelap. Teu lila, breg hujan turun. Sadérék néangan tempat keur ngiuhan. Sadérék tangtu ngarasa tenang waktu manggihan tempat ngiuhan nu aman!

2 Kaayaan urang ayeuna gé sarua. Beuki lila kaayaan dunya beuki goréng. Sadérék bisa waé mikir, ’Ka mana kuring bisa nyalindung?’ Ceuk nu nulis kitab Jabur, ”Gusti teh benteng panyalindungan abdi, Allah pangharepan abdi.” (Jabur 91:2) Yéhuwa bisa masihan jalan kaluar pikeun masalah urang ayeuna sarta masihan harepan pikeun mangsa pikahareupeun.

3. Kumaha Yéhuwa bisa jadi panyalindungan urang?

3 Naon sababna Yéhuwa bisa jadi panyalindungan urang? Mantenna bisa ngabantu urang nyanghareupan masalah. Mantenna ogé jauh leuwih kuat ti batan saha waé. Sanajan urang katiban masalah, urang bisa yakin yén Yéhuwa bakal ngaleungitkeun balukarna dina mangsa pikahareupeun. Kitab Suci ngajurung, ”Sing hirup nyalindung kana asihing Allah.” (Yudas 21) Urang kudu tetep rumaket ka Yéhuwa sangkan bisa narima bantuana-Na waktu keur kasusahan. Tapi, kumaha carana?

NGAHARGAAN KAASIH ALLAH

4, 5. Kumaha Yéhuwa némbongkeun kanyaahna ka urang?

4 Sangkan bisa rumaket ka Yéhuwa, pikirkeun sakumaha nyaah Mantenna ka urang. Coba bayangkeun naon waé nu geus dilakukeun ku Yéhuwa. Mantenna masihan bumi nu éndah nu pinuh ku sasatoan jeung tatangkalan nu alus. Mantenna gé masihan dahareun nu ngeunah jeung cai inum nu bersih. Dina Kitab Suci, Yéhuwa ngajarkeun nami-Na jeung sipat-sipat-Na nu hadé. Nu pangutamana, kanyaah-Na katémbong waktu ngutus Putra-Na nu dipikanyaah ka bumi pikeun ngorbankeun kahirupanana keur urang. (Yohanes 3:16) Ku kituna, urang boga harépan pikeun mangsa pikahareupeun.

5 Yéhuwa ngadegkeun Karajaan di sawarga nu dirajaan ku Yésus pikeun mungkas sagala kasangsaraan. Éta Karajaan bakal ngarobah bumi jadi pirdaus, di dinya jalma-jalma bakal hirup tengtrem tur bagja salanggengna. (Jabur 37:29) Yéhuwa gé némbongkeun kanyaahna ku cara ngajarkeun cara hirup nu panghadéna. Yéhuwa ogé umajak ka urang pikeun ngadoa ka Mantenna sarta siap ngadangukeun doa-doa urang. Jelas pisan yén Yéhuwa téh kacida nyaahna ka urang.

6. Kumaha carana ngahargaan kanyaah Yéhuwa?

6 Kumaha carana ngahargaan kanyaah Yéhuwa? Sadérék perlu nganuhunkeun kana sagala nu geus dilakukeun ku Yéhuwa pikeun Sadérék. Hanjakalna, loba jalma ayeuna tara ngahargaan batur. Kaayaanana sarua jeung jaman Yésus. Waktu Yésus nyageurkeun sapuluh jalma nu gering lépra, ngan saurang nu nganuhunkeun ka anjeunna. (Lukas 17:12-17) Urang tangtu hayang saperti jalma éta, teu poho ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa.

7. Kudu kumaha kanyaah urang ka Yéhuwa?

7 Urang ogé kudu némbongkeun kanyaah urang ka Yéhuwa. Yésus ngajar murid-muridna yén maranéhna kudu nyaah ka Yéhuwa ku sagemblengna haté, sakuat jiwa atawa nyawa, jeung budi akal. (Baca Mateus 22:37.) Naon hartina?

8, 9. Kumaha carana némbongkeun kanyaah urang ka Yéhuwa?

8 Nyaah ka Yéhuwa teu ngan saukur di biwir. Lamun urang nyaah ka Yéhuwa ku sagemblengna haté, sakuat jiwa, jeung budi akal, éta bakal katingali tina laku lampah urang. (Mateus 7:16-20) Ceuk Kitab Suci, lamun urang nyaah ka Allah, urang bakal taat kana paréntah-paréntah-Na. Naha éta téh hésé? Henteu, lantaran ”parentah-parentah-Na taya anu matak teu pikadugaeun urang”.​—Baca 1 Yohanes 5:3.

9 Lamun urang taat ka Yéhuwa, hirup urang bakal bagja jeung sugema. (Yesaya 48:17, 18) Tapi, naon nu bisa ngabantu urang tetep raket jeung Yéhuwa? Hayu urang tingali.

TERUS RUMAKET KA YÉHUWA

10. Naon sababna Sadérék kudu terus diajar ngeunaan Yéhuwa?

10 Kumaha Sadérék bisa jadi sobat Yéhuwa? Diajar Kitab Suci ngabantu Sadérék leuwih kenal ka Yéhuwa sarta ngawangun sosobatan jeung Mantenna. Éta jiga seuneu nu perlu dijaga sangkan tetep hurung. Sadérék kudu nambahan suluhna sangkan seuneuna tetep hurung. Kitu ogé sangkan sosobatan tetep kuat, Sadérék perlu terus diajar ngeunaan Mantenna.​—Siloka 2:1-5.

Gedurkeun asih Sadérék ka Yéhuwa, saperti seuneu nu terus hurung lantaran disuluhan

11. Naon pangaruh pangajaran Kitab Suci ka Sadérék?

11 Pangajaran nu ditarima waktu diajar Kitab Suci bakal keuna kana haté Sadérék. Perhatikeun parasaan dua murid Yésus waktu Yésus ngajelaskeun nubuat Kitab Suci ka maranéhna. Ceuk maranéhna, ”Paingan tadi waktu Anjeunna ngalahir jeung nerangkeun Kitab Suci, hate urang mani asa ajol-ajolan.”​—Lukas 24:32.

12, 13. (a) Lamun teu dijaga, kanyaah urang ka Yéhuwa bisa jadi kumaha? (b) Kumaha sangkan kanyaah urang ka Yéhuwa tetep kuat?

12 Waktu murid-murid Yésus paham kana Kitab Suci, pangajaran-pangajaran éta keuna kana haté maranéhna. Bisa jadi éta ogé nu dirasakeun ku Sadérék. Pangajaran Kitab Suci bakal ngabantu Sadérék leuwih kenal jeung leuwih nyaah ka Yéhuwa. Tangtu Sadérék teu hayang kanyaah éta leungit.​—Mateus 24:12.

13 Sanggeus jadi sobat Allah, Sadérék perlu terus ngupayakeun sangkan sosobatan Sadérék tetep kuat. Sadérék perlu terus maca jeung diajar ngeunaan Yéhuwa jeung Yésus, ngalenyepanana, terus ngalarapkeunana dina kahirupan Sadérék. (Yohanes 17:3) Waktu maca jeung diajar Kitab Suci, tanyakeun ka diri sorangan, ’Naon nu diajarkeun ayat ieu ngeunaan Yéhuwa? Ku naon kuring kudu nyaah ka Allah ku sagemblengna haté jeung jiwa?’​—1 Timoteus 4:15.

14. Kumaha doa bisa ngabantu kanyaah urang ka Yéhuwa tetep kuat?

14 Lamun Sadérék boga sobat, pasti Sadérék sering ngobrol jeung manéhna sangkan sosobatan tetep kuat. Kitu ogé, lamun sering ngadoa ka Yéhuwa, kanyaah urang ka Mantenna bakal tetep kuat. (Baca 1 Tesalonika 5:17.) Doa téh kurnia ti Yéhuwa. Jadi, doa urang kudu tina haté. (Jabur 62:9) Doa urang ulah sakaluarna bari teu dipikir heula. Lamun terus diajar Kitab Suci jeung ngadoa tina haté, kanyaah urang ka Yéhuwa bakal tetep kuat.

NYARITAKEUN YÉHUWA KA BATUR

15, 16. Kumaha pandangan Sadérék ngeunaan pangwawaran?

15 Lamun hayang tetep raket jeung Yéhuwa, urang ogé kudu nyaritakeun iman urang. Nyaritakeun Yéhuwa téh hak nu istiméwa. (Lukas 1:74) Yésus méré tanggung jawab éta ka urang Kristen sajati. Jadi, urang masing-masing kudu ngawawarkeun warta hadé Karajaan Allah. Naha Sadérék geus ngalakukeunana?​—Mateus 24:14; 28:19, 20.

16 Kagiatan pangwawaran téh penting pisan pikeun Rasul Paulus, nepi ka disebut ”harta” ku manéhna. (2 Korinta 4:7) Nyaritakeun ngeunaan Yéhuwa jeung tujuana-Na mangrupakeun kagiatan pangpentingna nu bisa dilakukeun ku Sadérék. Éta cara pikeun ngabakti ka Yéhuwa. Mantenna tangtu ngahargaan upaya Sadérék. (Ibrani 6:10) Ngawawar bisa mawa mangpaat ka Sadérék jeung ka jalma nu diwawaran. Éta bisa ngabantu Sadérék jeung maranéhna rumaket ka Yéhuwa sarta meunang hirup langgeng. (Baca 1 Korinta 15:58.) Naha aya kagiatan nu leuwih nyugemakeun ti batan ieu?

17. Naon sababna pangwawaran téh kudu geuwat dilakukeun?

17 Kagiatan pangwawaran téh penting pisan. Urang kudu geuwat ”ngawurukkeun eta wawaran ti Allah”. (2 Timoteus 4:2) Jalma-jalma kudu nyaho ngeunaan Karajaan Allah. Ceuk Kitab Suci, ”Poe agung PANGERAN geus deukeut, deukeut naker, bakal gancang datang.” Ahir éta ”moal ditunda-tunda”. (Sepanya 1:14; Habakuk 2:3) Moal lila deui, Yéhuwa bakal ngancurkeun dunya Sétan nu jahat. Tapi, jalma-jalma kudu dibéré nyaho heula sangkan bisa milih ngabakti ka Yéhuwa.

18. Naon sababna urang kudu ibadah babarengan jeung urang Kristen sajati séjénna?

18 Yéhuwa miharep urang ibadah babarengan jeung urang Kristen sajati séjénna. Ceuk Kitab Suci, ”Sing silih titenan, silih ajak nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah. Ulah bosen-bosen kumpulan, ulah cara anu lian. Sabalikna anggur sing silih gedekeun hate, sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut.” (Ibrani 10:24, 25) Jadi, urang kudu ngupayakeun datang ka sakabéh acara pasamoan. Di pasamoan, urang bisa silih gedékeun haté jeung silih kuatkeun.

19. Naon nu bisa ngabantu urang nyaah ka dulur-dulur Kristen?

19 Di pasamoan, aya sobat-sobat nu bakal ngabantu Sadérék pikeun terus ibadah ka Yéhuwa. Maranéhna boga sipat jeung kaayaan nu béda-béda, tapi saperti Sadérék, maranéhna enya-enya ibadah ka Yéhuwa. Maranéhna ogé teu sampurna, bisa waé nyieun kasalahan. Jadi, Sadérék kudu siap ngahampura. (Baca Kolosa 3:13.) Sadérék perlu ningali sipat-sipat hadé ti dulur-dulur Kristen sangkan bisa leuwih nyaah ka maranéhna jeung tetep rumaket ka Yéhuwa.

HIRUP SAJATI

20, 21. Naon ”hirup sajati” téh?

20 Yéhuwa miharep sobat-sobat-Na boga kahirupan nu panghadéna. Kitab Suci ngajarkeun yén kahirupan urang dina mangsa pikahareupeun bakal béda pisan jeung kahirupan ayeuna.

Yéhuwa miharep Sadérék ngapimilik ”hirup sajati”. Mun Sadérék kumaha?

21 Dina mangsa pikahareupeun, hirup urang bakal langgeng, teu ngan saukur nepi ka 70 atawa 80 taun. Di pirdaus, urang bakal ’hirup langgeng’ dina kaayaan nu séhat sampurna, tengtrem, tur bagja. Dina Kitab Suci éta disebut ”hirup sajati”. Yéhuwa jangji bakal masihan urang kahirupan nu sajati. Tapi, sangkan bisa ’ngapimilik’ kahirupan éta, urang kudu ngupayakeunana.​—1 Timoteus 6:12, 19.

22. (a) Kumaha carana urang bisa ’ngapimilik hirup sajati’? (b) Naon sababna hirup langgeng téh teu gumantung kana upaya urang?

22 Kumaha carana urang bisa ’ngapimilik hirup sajati’? Urang kudu ”nyieun kahadean” jeung ”sugih ku sipat asih”. (1 Timoteus 6:18) Éta hartina urang kudu ngalarapkeun pangajaran tina Kitab Suci. Tapi, urang moal bisa meunangkeun hirup sajati ku upaya sorangan. Hirup langgeng téh teu gumantung kana upaya urang, tapi éta mah ”kurnia” ti Yéhuwa. (Rum 5:15) Bapa urang nu di sawarga hoyong pisan masihan kurnia ieu ka hamba-hamba-Na nu satia.

23. Naon sababna Sadérék kudu nyieun pilihan nu bener ayeuna?

23 Tanyakeun ka diri sorangan, ’Naha cara ibadah kuring dipirido ku Allah?’ Lamun dina kahirupan Sadérék aya nu perlu dirobah, pék geura robah. Lamun urang ngandelkeun jeung terus taat ka Yéhuwa, Yéhuwa bakal jadi tempat panyalindungan urang. Dina poé-poé panungtungan dunya Sétan nu jahat, Yéhuwa bakal ngajaga umat-Na nu satia tetep aman. Terus urang bakal hirup langgeng di Pirdaus, sakumaha jangji Yéhuwa. Sadérék bisa ngapimilik hirup sajati lamun Sadérék nyieun pilihan nu bener ayeuna!