Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PANANYA 3

Kumaha Carana Nyarita jeung Kolot?

Kumaha Carana Nyarita jeung Kolot?

KU NAON PENTING?

Lamun anjeun akur jeung kolot, hirup anjeun bakal leuwih mulus.

ANJEUN RÉK KUMAHA?

Pék bayangkeun: Ayeuna téh Rebo peuting. Jépri, nu umurna 17 taun, kakara bérés ngagawékeun pagawéan imahna. Ayeuna manéhna rék ngaso! Jépri nyetél TV jeung brek diuk dina korsi.

Pas pisan, bapana aya dina lawang panto jeung keur keuheul.

”Jépri! Keur naon manéh ngajentul waé di hareupeun TV! Méakkeun waktu. Kuduna mah manéh mantuan adi manéh ngerjakeun PR-na. Manéh mah tara pernah ngagugu omongan Bapa!”

”Tah kitu da si Bapa mah,” Jépri kukulutus bari kadéngéeun ku bapana.

Bapana némbalan, ”Ngomong naon manéh?”

”Henteu. Teu ngomong nanaon,” Jépri ngarénghap bari ngadelék.

Ayeuna bapana bener-bener ambek. ”Kurang ajar nya manéh ka Bapa!” bapana nyentak.

Lamun anjeun jadi Jépri, anjeun bakal kumaha sangkan teu nepi ka paséa jeung kolot?

PIKIRKEUN HEULA!

Ngobrol jeung kolot téh lir nyetir mobil. Lamun di hiji jalan aya hahalang, anjeun bisa néangan jalan séjénna.

CONTONA:

Hiji budak ngora nu ngaranna Leah, nyarita, ”Hésé pisan mun rék ngobrol jeung Bapa téh. Sakapeung waktu abdi keur nyarita, Bapa ngomong kieu, ’Éh, ngomong naon tadi téh?’”

LEAH BOGA TILU PILIHEUN.

  1. Ngagorowok ka bapana.

    Leah ngagorowok, ”Ieu téh penting! Dangukeun atuh!”

  2. Embung nyarita deui ka bapana.

    Leah nyerah, embung nyaritakeun deui masalahna ka bapana.

  3. Néangan waktu nu cocog pikeun nyarita ka bapana.

    Leah ngobrol duaan jeung bapana, atawa nulis surat ka bapana pikeun nyaritakeun masalahna.

Ceuk anjeun, nu mana nu sakuduna dipilih ku Leah?

PÉK PIKIRKEUN: Bapana Leah téh keur kasimpangkeun, jadi manéhna teu merhatikeun kakeuheul Leah. Lamun Leah milih Piliheun A, bapana moal bakal ngarti ku naon Leah ngagorowok. Bapana ogé moal merhatikeun omongan Leah jeung katémbong yén manéhna téh teu hormat ka bapana. (Epesus 6:2) Jadi, piliheun ieu téh moal mawa mangpaat ka sasaha.

Lamun aya hahalang, lain hartina euweuh deui jalan. Téangan cara séjén pikeun ngobrol jeung kolot

Katingalina Piliheun B téh nu panggampangna, tapi éta lain nu pangalusna. Ku naon? Lamun Leah hayang masalahna geura réngsé, manéhna kudu nyarita ka bapana. Sarta sangkan bapana bisa mantuan, bapana kudu nyaho naon nu keur kaalaman ku Leah. Jadi, ngabetem waé mah moal ngaréngsékeun masalah.

Lamun milih Piliheun C, hartina Leah henteu pasrah sanajan aya hahalang. Malahan mah manéhna ngupayakeun pikeun ngobrol deui jeung bapana dina waktu nu leuwih cocog. Sarta lamun manéhna milih nulis surat ka bapana, haténa bakal ngemplong.

Ku nulis surat mah Leah bisa mikirkeun heula naon nu rék dicaritakeun. Jadi waktu maca suratna, bapana bakal paham kana masalah jeung kasusah haté Leah. Piliheun C téh mawa mangpaat ka Leah ogé ka bapana. Ngobrol langsung atawa nulis surat téh luyu jeung naséhat Kitab Suci pikeun ngudag ”hal-hal anu matak pirukuneun”.​—Rum 14:19.

Piliheun naon deui nu bisa dipilih ku Leah?

Pék pikirkeun piliheun nu séjén sarta naon balukarna.

ULAH NEPI KA SALAH PAHAM

Perlu diinget yén naon nu diomongkeun ku anjeun can tangtu sarua katarimana ku kolot anjeun.

CONTONA:

Kolot anjeun nanyakeun ku naon anjeun jamedud. Anjeun némbalan, ”Teuing ah, haroréam nyaritana gé.”

Nu katarimana, ”Abdi mah teu percaya ka Bapa jeung Ibu, mending nyarita ka babaturan.”

Bayangkeun anjeun keur nyanghareupan masalah nu beurat terus kolot anjeun nawarkeun bantuan. Tapi, anjeun ngomong kieu, ”Kalem wéh. Abdi bisa ngaréngsékeun sorangan.”

  • Kumaha katarimana ku kolot anjeun?

  • Cara naon nu bisa jadi leuwih alus?